Dikomplek sukagenah anu ayana di pasir mangrupakeun komplek parumahan elit. Hiji waktu ibu-bu biasa ngarumpi, nya eta Ibu Ruti, Ibu Tati, Ibu Juriah, Ibu Rita, Bu Catim. Jeung Neng Teti warga anyar.
Ibu Tati : Neng Tet teh bumina palih manaeun bumina Bu Jali?
Neng Teti : Oh... Bu Jali mah tonggoheun Abdi.
Ibu Tati : Dupi Bu Juriah pali mana?
Neng Teti : eta mah kaleresan pengkereun .
Ibu Tati : Ka Bu Cat (maksadna Catim) mah tebihnya?
Neng Teti : henteu kantun ka lebak.
Ibu Tati : Upami ka bu Rita kumaha?
Neng Teti : Tah upami ka burit mah rada tebih, mung saurna engke Bu Rit, Bu Jal sareng Bu Jur bade ngarujak di rorompok
Ibu Tati : Owh.... kitu nya? Ari Bu Cat bade ngiringan saurna moal?
Neng Teti : Nya tangtos atuh margi upami teu sareng Bucat mah moal raos. Dupi Bu Rut kumaha?
Ibu Tati : Ari Bu Rut biasana tara kersa sareng upami aya Bu Cat, margi sieuneun.
Wilujeng imut kanjut
Tidak ada komentar:
Posting Komentar