Ieu carita geus bulak-balik dibaca, tapi tetep we pi seurieun :
Bapa : "Jang........ujang, pangmeulikeun inuman anu tiis di warung".
Udin: "koka kola atawa seprit, pa?"
BaPa : "koka kola wae.."
Udin : "anu kaleng atawa botol?"
BaPa : "Botol..".
Udin : "Botol gede atawa botol leutik, pa?"
BaPa : "Euh budak tolol !! Geus atuuuh meuli cai biasa we, ngarah teu lieur !!".
Udin : "Akua atawa Ades ?".
BaPa : "AKUA!!!!".
Udin : "Panas atawa anu tiis, pa?"
(Beungeut bapa-na lempeng, bari kekerod).
BaPa : "Astagpirulooh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!"
Udin : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??".
BaPa : "Lailahailaloh...dasar sia mah siga sato wae!!".
Udin : "siga Embe atawa Munding, Pa?".
BaPa : "Embe, Gobloggg!!!".
Udin : "Embe Ceme atawa Bandot??"
BaPa : "Setan siah!!!!"
Udin : "Tuyul atawa Gendruwo?".
Udin : "Tuyul atawa Gendruwo?".
BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit !!".
Udin: "Poe ieu atawa isukan ?"
BaPa: "Ayeuna , siah !!".
Udin: "Bapa milu atawa moal?!!"
BaPa : "Masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura!!!!".
Udin : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??".
BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!".
Udin : "kana sirah atawa beuteung??
#Si bapa langsung sakarat bakat ku keuheul#
Udin : Bapa... bapaaa..!! papaehan atawa paeh ?
Bapa : "Paeh ..... aing teh Udin, sumpaaaah ..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar