Kintunan ; Mang Benno
Hiji poé Ceu Dewi Dee nyuguhan kopi ka mang Soma nu jadi salakina.
Mang Soma: “Nyai, ieu kopi naon, naha rada haseum ?”
Mang Soma: “Nyai, ieu kopi naon, naha rada haseum ?”
Ceu Dewi : “Ieu kopi istimewa, Kang… Ampir sami sareng kopi Luwak anu kasohor tea.”
Mang Soma : “Oh, kitu …. Kopi naon ngarana ?”
Ceu Dewi : “Kopi Ucing, Kang. Abdi ngadamel nyalira, apan praktek Ekonomi Kreatip tea.”
Mang Soma: “Kunaon dibere ngaran kopi Ucing ?”
Ceu Dewi : “Margi diolahna lewat Ucing. Upami kopi Luwak, Kopina didahar ku Luwak heula sateuacan diolah, upami kopi Ucing mah didahar Ucing heula. Teras diolah janten kopi bubuk. Abdi terinspirasi ku Kopi Luwak, namung supados gampil abdi nganggo Ucing wae…da di imah teh pan gaduh 15 ucing.
Mang Soma: “Ucing beukieun Kopi kitu ?”
Ceu Dewi : “Nya eta, henteu….tapi da kudu kreatip Kang, Kopina ku abdi diréndos rada kasar, teras dicampur lauk asin, teras diparabkeun ka Ucing”. (Mang Soma mimiti ngarasa seu’eul).
Taah engké upami tos kaluar sareng Tai Ucing, teras gerusan kopi teh disaring, teras dipoé dugi ka garing, teras digiling deui. Taah…ieu maah asli, akang anu pertama nyobian kopi Ucing teh, da teu acan pernah disuguhkeun ka nu sanes mah. Nembé ka akang diujicobakeunna. Da abdi oge teu wantun nyobian nyalira, rada geuleuh. Kumaha Kang,… Raos kopina?”.
Soma : “Beu..nurustunjung gableg pamajikan téh teu kabeneran aing mah …. sasangkleng pisan teu boga pipikiran geuning maneh teh… Aing nginum tai Ucing Asli !!..endrin wé sakalian aing atuh gempiiii..!.”
*Awas tong ulah diconto kunu lain
Tidak ada komentar:
Posting Komentar