Kamis, 10 Juni 2010

Antara Cawokah Jeung Jorang

Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukapkeuna aya anu vulgar (diungkap keun sacerewelna) aya oge anu di silibkeun atawa dipindingan. Keur urang sunda bijil istilah cawokah atawa jorang.

Naon atuh ari harti cawokah atawa jorang teh "Cawokah" cek kamus LBSS mah hartina teh jorang, porno, resep nyebut kecap-kecap nu kudu dibalibirkeun jeung nyaritakeun sual nu matak ngahudang birahi. Jadi hartina cawokah teh teu beda jeung jorang, sedengkeun "jorang" cek kamus keneh nyaeta sok resep ngucapkeun kecap-kecap nu kotor bisana sok dibalibirkeun, upamana nyebut rarangan.

Ninggali kana harti eta antara Cawokah jeung jorang teu aya bedana, mung dina realitasna karasa pisan bedana. Cek Gibson di Sunda aya dua istilah aya jorang aya cawokah. Hartina beda. Jorang mah konotasina porno, matak muriang saawak-awak, ari cawokah matak seuri, cawokah konotasina guguyon. Cawokah teh bagian tina porno tapi ngagunakeun basa humor dina eusina, atawa humor nu ngagunakeun objek porno. Eta dua kamungkinan teh sarua kuatna.

Cek Gibson dina carita cawokah teu aya niatan ngungkab nu sifatna pornograpi, murni we heureuy. Sigana ieu teh aya kasang tukang atawa aya aspek kultural nu marengan, malah rada aheng lamun urang Sunda teu resepeun cawokah, lir sapopoe teu resep kana jengkol. Dina cawokah aya pola silib, aya pola sindir, teu satarabasna. Analisis Gibson, cawokah teh sacara psikologis mangrupa alternatif keur ngaleungitkeun pornograpi. Cawokah bisa ngurangan kecenderungan pornograpi. Malah bisa jadi nu cawokah teh anti kana pornograpi. Cawokah aya kelasna, nyaeta gumantung deuheus henteuna jeung nu diajak nyarita. Kukituna dina cawokah aya tatakrama, teu bisa sabeledugna, biasana nu silib atawa malibir, ngan dina malibir biasana imajinasi seksualna leuwih jero Sisi lain, bisa jadi cawokah teh ekspresi erotik, pedah alam lingkungan Tatar Sunda mangrupa pagunungan nu hawa tiis, keur ngahaneutan suasana brasna kana carita cawokah.

Jadi kasimpulanna ceuk pamanggih panulis "Cawokah dongeng porno anu make silib atawa malibir, sedengkeun jorang dongeng anu diungkapkeun satarabasna.


Sumber tulisan :Ngaguar cawokah, Laporan Mamat Sasmita, Rumah Baca Buku Sunda, Blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...