Minggu, 30 Maret 2014

BALIK NAMA

 

 Ki Reumis Perbawateugandang

+BALIK NAMA+


Di Kantor Samsat,kasampak aya ibu-ibu keur paréa-réa omong jeung Pulisi

Pulisi : “ Bu…,motor ibu kedah Balik Nama…,supados engké nguruskeunana gampil…”
Ibu-ibu : “ Pokona…,Ibu teu hayang Balik Nama…! “
Pulisi : “ Kedah Bu…,ngarah gampil ngurusna didieu…”
Ibu-ibu : “ pokona ibu teu hayang Balik Nama…,cing hayu urang tanyakeun ka Kepala Samsatna..”

Tuluy Ibu-ibu téh dianteur ku Pulisi ka Kepala Samsat

Kep.Samsat : “ Aya naon Bu….,aya nu tiasa dibantos..? “
Ibu-ibu : “ Kieu Pa…,piraku abdi badé mayar pajak motor kedah Balik Nama heula..,pokona ibu alim balik nama…! “
Kep.Samsat : “ Naha Ibu alim Balik Nama…,pan ieu tos peraturan…”
Ibu-ibu : “ Mangga émut ku Bapa nami ibu téh MAYA H LOOB…,upami dibalik Nama panginten janten BOOL H AYAM…,teu hayang ibu mah..”

 


 

 

 

 

 

 

 

Sabtu, 15 Maret 2014

NGUSEUP

# NGUSEUP #

 

 

Di tengah laut. Tilu urang Batawi jeung urang Bogor nguseup bareng

Jeujeur Urang Batawi kahiji nyanggut, terus nyarita,

“ Gila mék! cucutna gedé gedé!”.

Jeujeur Urang Batawi kadua nyanggut,terus nyarita,

“ Gila mék! cucutna gedé gedé!”.

Jeujeur Urang Batawi katilu nyanggut ,terus nyarita,

“ Gila mék! cucutna gedé gedé!”.

Jeujeur Urang Bogor nyanggut , terus nyarita,

“ Gila Cut, ……"

Tilu urang Batawi, silih pelong.

Kamis, 13 Maret 2014

Sarua Bonge

Kintunan : Ifoel Nasier

TULALIT

Guru : "barudak jawab pertanyaan bapak anu bisa ngajawab meunang balik!"

Murid :"Muhun pak."

Guru: "Kadaharan naon nu ngandung GIZI?"

Kardun : "ODOL"
Guru : "Pinter maneh kardun...."
  Ojak : "Pak piraku ODOL kadaharan ngandung GIZI?"
Guru : "Pan si kardun ngajawab TELOR."
 Ojak : "kardun maneh tadi ngajawab TELOR apa ODOL."
kardun : "ODOL"
Ojak : "naha?"
Kardun : "kan guru tadi nanya pembersih GIGI nya ku uing di jawab ODOL."
 Ojak : "guru jeung si kardung tulalit ceulina guru pikir si kardun ngajawab TELOR"
si kardun pikir guru nanya pembersih GIGI

Kamis, 06 Maret 2014

Wafat Komedian JOJON ( Djuhri Masdjan) 6 maret 2014 - 5 Juni 1947














VIVAlife-  Djuhri Masdjan Jojon, yang sohor dengan nama komediannya Jojon, meninggal dunia pada pagi ini, Kamis, 6 Maret 2014. Dia meninggal karena serangan jantung. Berita soal meninggalnya Djojon disampaikan oleh sang istri, Henny, lewat pesan singkat.

"Telah meninggal dunia pelawak Djojon pukul 06.10 pagi karena serangan jantung," tulis Henny.

Komedian senior ini menghembuskan nafas terakhirnya di Rumah Sakit  Ramsey Premier Jatinegara.

Hingga saat ini, jenazah masih berada di RS Premier Jatinegara dan akan dibawa ke rumah duka  di Jalan Puri Pangeran No.3 Imperial Golf Estate Sentul City Bogor.

Kabar meninggalnya Djojon juga sudah diketahui oleh rekannya, Sys Ns. Ia mengaku menerima kabar itu dari rekan sesama artis lainnya.

"Saya dapat kabar dari Dewi Gita. Insya Allah hari ini saya ke rumahnya," katanya singkat.
Djuhri Masdjan Jojon lahir di Karawang, 5 Juni 1947. Meninggal dunia dalam usia 66 tahun. Selain menjadi seorang komedian terkenal, pria berdarah Sunda ini juga seorang aktor. Dia lama menjadi bergabung dalam Jayakarta Grup bersama Cahyono dan Uu.
Dia memiliki ciri khas, kumis sejumput yang mirip Charlie Chaplin. Jojon pernah menekuni dunia tarik suara dan menerbitkan album pop Sunda. Judulnya Pamali.

Seungeut Deui weh

Kintunan :

Komandan Hansip: "joy,dideuleukeun ku aing titatadi samah ngududna teu ureun-eureun..."

Ajoy:"kunaon kitu,kang?"

Komandan Hansip: "teu sieun paeh?"

Ajoy:"tenang,kang...uing mawa Zippo,paeh mah seungeut deui weh.." (Ceuk ajoy bari kelepus deui udud)

Komandan Hansip:"lain kitu maksud aing plok..."
(Komandan Hansip gemes,semu nu hayang ngekesek Ajoy nu cengar cengir)

Minggu, 15 Desember 2013

CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!


CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!

Kintunan @Rosita Sita Rynaldy

Bos : Eu ... Sri siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian !!
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ... sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu .. pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).

Bu Dewi (guru) : Eu barudak , kumargi ibu aya kaperyogian... ayeuna bebas ... bubar !! .

"Horrrreeeeee..... " sora barudak meni reang , si Cecep nyokot HP tina kantongna .. tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo Pah , ayeuna Cecep bebas ... sakola dibubarkeun kumargi ibuna aya kaperyogian , anteur ka toko buku teh ayeuna weh nya Pah , ku Cecep diantosan di sakola ... oke paaah ... daaaah ... (nutup telepon) .

Bos : (nutup telepon , langsung mencet deui interkom ka sekretarisna ) Eu ... Sri rapat teh teu tulus !! ... si Cecep budak bapa hayang dianteur heula ka gramedia .. ya .. ya ... enjing weh..

Sri : (nelpon deui kasalakina) ... pah ... pah ... wios tong emam di rumah makan padang .. mamah teu cios rapatna ... rapatna di cancel ku bos !! (nutup telpon).

Salakina Sri : Euuuh ... kacaw !! (nelpon deui) ... Beib ,tong cios ka bumi teh ... iya si bawel teu tulus balik peutingna ... kacaawww !!.

Bu Dewi (guru) : hey .. hey ... barudak ... hayoh lalebet deui.. urang diajar deui ... ibuna teu cios aya peryogina....

"huuuuuu...." sora barudak anu geus rek balalik anu geus kaluar ge digareroan deui sina asup ... siCecep nyokot deui HP tina kantong , tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo paaaah .... ka gramedia teh tong cios ayeuna , teu cios bubarna... kacaaww !!.

Bos : (mencet intercom , tuluy ngomong ka sekretarisna) ... Sri rapat teh ayeuna ,,, oke informasikeun ka kepala bagian kabeh Sri !! @#%* :))

Sabtu, 14 Desember 2013

Budak teu uyahan

Kintunan @obie kabayan abinya hayqalli

Aya mojang urang kampung bau lisung kuliah disalah sahiji universitas di bandung

Ceritana manehna minder kusabab biwirna suing (hapunten anu suing), akhirna nelpon ka kolotna di lembur:

Mojang: "Mama,abi di dieu sedih pisan teu aya jajaka anu naksir ka abi, lantaran abi suing.."

Mama: "Tenang neng.. Kin mama ngical sawah nembe neng operasi nya, pasti loba anu kapincut ku neng geura"

Sababaraha bulan kaliwat si mojang beres di operasi nelpon ka kolotna deui.

Mojang: "Mama,abi tos bagja pisan lantaran seu'eur pameget antri ka eneng trus ayeuna tos kakandungan.."

Mama: "wuajig kehed,kolot mah geus ngajual sawah pikeun nutup biwir maneh nu luhur.. Naha maneh kalah ka biwir Nu handap di antep muka, dasar teu uyahan budak teh ,,,,,

Daftar Isi

Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat

sumber catatan