CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!
Kintunan @Rosita Sita Rynaldy
Bos : Eu ... Sri siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian !!
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ...
sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu ..
pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na
rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).
Bu Dewi (guru) : Eu barudak , kumargi ibu aya kaperyogian... ayeuna bebas ... bubar !! .
"Horrrreeeeee..... " sora barudak meni reang , si Cecep nyokot HP tina kantongna .. tuluy nelpon ka bapana...
Cecep : Halo Pah , ayeuna Cecep bebas ... sakola dibubarkeun kumargi
ibuna aya kaperyogian , anteur ka toko buku teh ayeuna weh nya Pah , ku
Cecep diantosan di sakola ... oke paaah ... daaaah ... (nutup telepon) .
Bos : (nutup telepon , langsung mencet deui interkom ka
sekretarisna ) Eu ... Sri rapat teh teu tulus !! ... si Cecep budak bapa
hayang dianteur heula ka gramedia .. ya .. ya ... enjing weh..
Sri :
(nelpon deui kasalakina) ... pah ... pah ... wios tong emam di rumah
makan padang .. mamah teu cios rapatna ... rapatna di cancel ku bos !!
(nutup telpon).
Salakina Sri : Euuuh ... kacaw !! (nelpon deui) ...
Beib ,tong cios ka bumi teh ... iya si bawel teu tulus balik peutingna
... kacaawww !!.
Bu Dewi (guru) : hey .. hey ... barudak ... hayoh lalebet deui.. urang diajar deui ... ibuna teu cios aya peryogina....
"huuuuuu...." sora barudak anu geus rek balalik anu geus kaluar ge
digareroan deui sina asup ... siCecep nyokot deui HP tina kantong ,
tuluy nelpon ka bapana...
Cecep : Halo paaaah .... ka gramedia teh tong cios ayeuna , teu cios bubarna... kacaaww !!.
Bos : (mencet intercom , tuluy ngomong ka sekretarisna) ... Sri rapat
teh ayeuna ,,, oke informasikeun ka kepala bagian kabeh Sri !! @#%* :))
CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!
Kintunan @Rosita Sita Rynaldy
Bos : Eu ... Sri siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian !!
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ...
sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu ..
pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na
rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ... sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu .. pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).
haduh... nyaan riweuh... ningan... hahahah......
BalasHapus