Selasa, 10 Mei 2011

DAHAR JUKUT

Wira Hidayat
Sekdes: halah urang mah teu kaop dieusian beuteung teh pasti tuluy ngurubuk.
Humas: naha tas dahar naon kitu ?
Sekdes: biasa we sangu jeung bala-bala.
Humas: cobaan atuh dahar jukut…
Sekdes: naha siling teh kumaha pipikiranna, urang kudu ngadahar jukut?
Humas: Pek we perhatikeun tu sapi oge lalintuh, kuda jaragjang, malah tara kabejakeun datang ka puskesmas….
Sekdes: ????

Nyi Sirintil Vs Tukang Sayur

Benno B. Lawian

Geus jadi kabiasaan di komplek mah nu jadi idola unggal isuk -isuk teh tukang sayur anu di tanggung.Eta tukang sayur teh kacida familiar pisan..ngarana oge keren Is Tuning..

Hiji isuk Mang Is tuning ngaliwat bari ngajerit..."SSAAYYYYY....uuuuurrrrrrrrrr"..ngadenge kitu Nyai Sirintil nu ti tadi nungguan,langsung ngabelesat muru panto.

Nyai Sirintil:..."Mang,antosan...Aya jengkol teu?"

Mang Is tuning"Ohh...aya atuh..tah kantun sabungkus"

Gek mang Istuning jeung Nyai Sirintil caringogo.keur milih jengkol ku nyai Nyai sirintil kareret Mang istuning seletingna muka jaba teu make salempak..atuh eta "bedog pusakana" memandang dunia.

Nyai Sirintil:Mang Is Tuning..cik atuh eta bedog ulah di lagar,bisi karatan"..bari nunjuk kana lebah seleting nu muka..

Mang Is Tuning:"Atuda ieu mah bedog teh teu kaop ningali SARANGKA sok langsung teterejel.."..ngompong kitu teh bari nunjuk kana plaebah daster Nyai Sirintil anu kabeneran soeh lebah etana...bari jeung eta Nyai Sirintil teu make under wear..atuh eta bedog jeung sarangka teh saling memandang...

TAH IEU CARITA NU KAMARI TEH..ngan ieu mah kana inti na we...hoream mikir deui

NU KIEU MAH CAWOKAH LAIN JORANG ATUH...MENI JOL MAEN HAPUS WAE...

Bener, Kabeneran, Dibebener


Benno B. Lawian

Bismillahirrohmannirohiim..

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh..

Innalhamdalillah nahmaduhu wanasta'inuhu wanastaghfiruh wa naudzubillahi min syruri anfusina wa min syaiaati 'amalina mayyahdillahu fala mudilallah wamayyulil fala hadialah...

Washolatu wassalamu 'alaa asrifil anbiyaa-i war mursalin wa'alaa alihi washohbihi aj main..

Para hadirin walhadirot anu sami-sami linggih di ieu majlis,saba'dana urang manjatkeun puji sinareng syukur ka zat anu murbeng alam,anu parantos maparinan mangpirang pirang kanikmatan.nikmat cageur,nikmat sehat atuh nu utamina mah nikmat iman sareng nikmat islam..

Sholawat sareng salam mugia tetep di limpah curahkeun ka junjunan urang anu parantos muka jalan tina alam jahiliyah kana jalan caang sareng jalan hidayah ngajugjug kana mardhotillah.kapara sohabatna,kulawrgina,tug dugika urang salaku umat mantenna dugika akhir jaman.Nyatana Habibana wanabiana Muhammad SAW.

Hadirin rohimakumulloh..dina danget ieu urang ngabahas masalah bener jeung kabeneran..

Naon atuh ari bener?..bener teh AYA SABABARAH HAL..

  1. BENER ANU HAKIKI: Nyaeta Allah SWT anu Maha Tunggal eta Pangeran anu wajib di sembah teu aya sekutu,Nabi Muhammad SAW nyaeta utusan Allah, khotamin nabiyyi nabi urang sarerea.nabi panutup akhir jaman.
  2. BENER KABENERAN: tah ieu mah dongeng si kabayan...Sikabayan meunang surat ti si Abah mitohana,lantaran bingung teu bisa maca jeung euweuh titaheun keu maca eta surat.Akhirna eta surat ku si kabayan di soek keun.."WEEEKK"..sora kertas nu di soekeun teh..pikir si kabayan.."oohh,meureun si abah teh butuh meri,rek syukuran jigana mah"..Isukna si kabayan ngajug-jug ka imah mitohana bari mawa meri..barang nepi pok eta si kabayan nyarita "Bah,ieu meri pamundut abah teh..mitohana heran."naha maneh geningan apal kabayan Abah perlu meri ?"..."Ari abah,apan Abah ngirim surat..."Ooohh..enya..pasti nyi iteung nya nu macana da manehmah buta huruf lain?"..."Ah,eta surat teu di bikeun ka Nyi iteung bah,ku uing di soek keun..tah pan di sadana WEEEKKK..jiga sora meri"..."Ahhhaaahha..Meni KABENERAN ..bener teh euy"
  3. BENER DI BENERKEUN: Tah,ieu mah punten nya...ieu mah kalahkuan sabagean kaum ibu.Eta geningan upami dangdan rek ka ondangan,da tara dangdan ari keur salaki mah..GEUS NYAHO HALIS TEH BENER BENTUK TI AJALINA.MELENGKUNG..EEEEHHH,KALAHKA DI BENERKEUN KU PATLOT HALIS..MALAH BENTUKNA TEH SOK DI LEMPENGKEUN LAIN MELENGKUNG...tah mung sakitu dina dinten ieu mah..kumargi parantos janari cag dugi ka dieu heula..
  4. wassalamu'alaikum wr.wb

DOLEWAK

Tidolewak.....




























IBU ADE

Kacaritakeun ieu kajadia teh taun 1981 , harita amih teh keur meumeujeuhna sumedeng... beukah, deulissss bin cumentil * gratis muji sorangan..heu *.Amih sakola di Bdg , nu jadi lanceuk jadi Bidan di RSU Pandeglang , Bdg - Pdlg geus jiga jalan ka cai waktu harita mah... Tiap nganjang kanu jadi lanceuk pasti peutingna diajak ngabaso. Kacaturkeun peut...ing harita oge kitu , leumpang duaan bari ngobrol ngalor- ngidul ...,ti Ciasem tujuan ka terminal Pdlg tempat mangkal tukang baso langganan tea.., jalan teh kadang poek..kadang caang...Keur enak-enak seuseurian.. naaaaaaaa....ari becemo teh..suku kenca nincak "sesuatu"...ala maaaa.....suku diangkat sendal anyar tinggaleun dijero.., disidik- sidik... gustiiiiii.....geuning tai mundinggg......, hiks hiks hiks..bari ceurik ..eta suku diasupkeun deui neangan sendal nu katinggaleun....Nu jadi lanceuk kalah akey-akeyan..lain nulungan..., nyeri hateeee nepi kaayeuna teu poho-poho..... * ulah nyeungseurikeun nya...da bageurrrr...*

NYIEUN KTP

IS TUNING

Méh resmi jadi warga Rancabanyol, Is Tuning datang ka Kantor Kelurahan Rancabanyol. Maksudna mah rék nyieun KTP. Ku Hansip Ang Désta dianteurkeun ka rohangan Sékdés.

Gék diuk hareupeun méja Sékdés.

"Aya naon ?" Sékdés nanya

"Badé ngadamel KTP.."

"Sarat-saratna dibawa ?"

"Naon kitu saratna ?"

"Surat pindah ti lembur saméméhna jeung poto 2 lambar"

"Teu aya surat pindah mah pa !"

"Naha euweuh ?"

"Duka atuh, da abdi gé ka lembur ieu téh puguhan kabawa palid.."

"Hmmm.. enya lah, kumaha didinya wé.."

Sékdes tuluy nyokot buku daptar penduduk. Rap kana pulpén.

"Nami sadérék ?"

"Sadérék saha ? pan teu gaduh sadérék abdi mah pa.."

"Lain ngaran dulur manéh, nanya téh ngaran manéh !"

"Owh, nami abdi ?"

"Enya"

"Is.."

"Panjangna ?"

"Panjang naonana, pa ?"

"Panjang bulu irungnaaaa ! Naa ari manéh, nya atuh ngaran panjangnaaaa..."

"Owh, sugan téh naon. Nami panjang abdi Is Tuning.."

Kotrét, Sekdés tuluy nulis.

"Hmmm..trus, umur sadérék ?"

"Apan ceuk abdi gé tadi, abdi mah teu gaduh sadérék.."

"Lain umur dulur manééééééh !"

"Umur saha, ateuh ?"

"Ari manéh kamana karep wae atuh ? nya umur manéh atuh ih !"

"Owh.. umur abdi ?"

"Enya !"

"Duka atuh Pa, teu apal.."

"Duka kumaha ? maenya teu apal kana umur sorangan ?"

"Ih nya duka atuh pa, da tara diitungan ku abdina ogé.."

"Hhhhh ! Maenya teu dibejaan ku kolot manéh ?"

"Puguh gé sepuh abdi mah tos sepuh, tong boro apal

kana umur abdi, kana umur aranjeuna ogé teu apaleun"

"Nya dikira-kira baé atuh..!"

"Dikira-kira kumaha ?"

"Nya dikira-kira, 25 taun atawa 27 taun.."

"Saéna numutkeun Bapa sabaraha taun ?"

"Ih, nya teuing atuh !"

"Ari Bapa, naha bet ngalilieur abdi ?"

"Puguh manéh nu titatadi ngalilieur aing téh !"

"Owh kitu ?"

"Enya !"

"Ah, piraku Pa ?"

"Piraku-piraku, nya heueuh !"

"Ah, maenya ?"

"Naaaa kacida-kacida teuing atuh manéh téh ?"

"Saha ? Abdi ?"

"Heueuh ! Manéh !"

"Owh abdi, sugan teh saha.."

"Meugeus ! kaluar siah !"

"Saha ? Abdi ?"

"Enya !"

"Haaar.. kumaha atuh ?"

"Naona nu kumaha ?"

"KTP abdi.."

"Teuing !"

"Teuing kumaha ari bapa ?"

"Teu nyaho ! Meugeus..! is tuning pisan jelma téh, matak darah tinggi aing kanceuh baé.. !"

"Owh, bapa téh gaduh darah tinggi ? dilandongan atuh pa, hawatos.."

"Ciciiiing siah !"

"Ah, ti tatadi gé abdi mah cicing, teu kamana-mana.."

"Ngajedooog..."

"Enya ieu gé, apanan teu lulumpatan ieuh ?"

"Meugeuuuus siah !"

*hi hi

Di ISLAMKEUN

Benno B. Lawian


Kacaritakeun aya pendeta anu tatanggan jeung Haji anu beunghar.Hiji poe eta pendeta teh rek aya acara ngeusi kebaktian tapi di luar kota,atuh kapaksa eta pendeta teh nginjeum mobil ka Pa Haji..

Pendeta:"Pa haji,pami teu ka abotan sim kuring bade nambut mobil sadinten,bade di sewa"

Haji:"Oh,mangga Pa,da kaleresan teu di anggo..teu kedah di sewa atuh... jiga ka saha wae..sok mangga anggo we"..bari mikeun konci jeung STNK.

Eta mobil di pake ku pendeta nepika peuting,tapi teu waka di anteurkeun da eta pendeta rumasa yen mobil teh kotor alatan di perjalan kahujanan.Pikirna eta pendeta ke wae di anteurkeunna isukan sanggeus di kumbah.

Isuk-isuk eta pendeta ngumbah mobil kalawan talaten,Pa Haji ukur nempokeun ti kajauhan.Sanggeus beres eta mobil di anteurkeun ka imah pa Haji.

Pendeta:"Aduh,punten pa haji abdi teu tepat kana janji margi wengi teh hujan janten bade di uihkeun teh teu raos kalotor janten tadi ku sim kuring di kumbah heula"

Pa Haji:"Ah,teu sawios atuh pa,linggih heula atuh"

Pendeta :"Punten ieu teh sanes nampik kana pangangken,namung aya keneh kaperyogian...hatur nuhun pisan kana bantosanna,mangga permios"

Sanggeus eta pendeta teu katingali pa haji gancang nyokot ragaji beusi ka gudang,terus eta knalpot mobil teh di ragaji..keur kitu jol bu haji

Bu haji:"Naha ari si bapa nanaonan eta knalpot bet di ragaji??"

Pa Haji:"Ieu nyi mobil teh ku bapa rek di islamkeun deui,sabab tadi geus di baptis ku pa pendeta"..lempeng...ahahah di sangkana meureunan di mandian ku pendeta teh di baptis..

KURANG GEDE

NYI IROH

Kacaritakeun jang Irfan Arifuddin dititah nyanyi ku guru kesenian Joelee Surejana.
"cicak- cicak di dinding (sorana leutik siga nga harewos)
Guru : kurang gede!
Irfan : Tokek-tokek di dinding
Guru : gedean deui atuh
Irfan : Buaya-buaya di dinding
Guru : LAIN SATONA NU DIGEDEAN TEH TAPI SORANA....!
Irfan : da abi mah teu tiasa, mun adzan mah tiasa
Guru : sok atuh adzan
Irfan : Allohu Akbar2x...
Guru : bisa leuwih gede teu?
Irfan : teu tiasa pak!
Guru : naha?
Irfan : Alloh mah tos maha besar pak, teu aya nu tiasa nandingan
Guru : bapak geus nyaho, ngan nilai maneh jadi leutik (keuheul)
Irfan : gedean deui atuh pak.
Guru : BAPAK GEUS NYAHO NGAN NILAI MANEH JADI LEUTIK...!
Irfan : lain sora na pak, nilaina nu di gedean mah
Guru : ???

Daftar Isi

Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat

sumber catatan