Selasa, 10 Mei 2011

NYIEUN KTP

IS TUNING

Méh resmi jadi warga Rancabanyol, Is Tuning datang ka Kantor Kelurahan Rancabanyol. Maksudna mah rék nyieun KTP. Ku Hansip Ang Désta dianteurkeun ka rohangan Sékdés.

Gék diuk hareupeun méja Sékdés.

"Aya naon ?" Sékdés nanya

"Badé ngadamel KTP.."

"Sarat-saratna dibawa ?"

"Naon kitu saratna ?"

"Surat pindah ti lembur saméméhna jeung poto 2 lambar"

"Teu aya surat pindah mah pa !"

"Naha euweuh ?"

"Duka atuh, da abdi gé ka lembur ieu téh puguhan kabawa palid.."

"Hmmm.. enya lah, kumaha didinya wé.."

Sékdes tuluy nyokot buku daptar penduduk. Rap kana pulpén.

"Nami sadérék ?"

"Sadérék saha ? pan teu gaduh sadérék abdi mah pa.."

"Lain ngaran dulur manéh, nanya téh ngaran manéh !"

"Owh, nami abdi ?"

"Enya"

"Is.."

"Panjangna ?"

"Panjang naonana, pa ?"

"Panjang bulu irungnaaaa ! Naa ari manéh, nya atuh ngaran panjangnaaaa..."

"Owh, sugan téh naon. Nami panjang abdi Is Tuning.."

Kotrét, Sekdés tuluy nulis.

"Hmmm..trus, umur sadérék ?"

"Apan ceuk abdi gé tadi, abdi mah teu gaduh sadérék.."

"Lain umur dulur manééééééh !"

"Umur saha, ateuh ?"

"Ari manéh kamana karep wae atuh ? nya umur manéh atuh ih !"

"Owh.. umur abdi ?"

"Enya !"

"Duka atuh Pa, teu apal.."

"Duka kumaha ? maenya teu apal kana umur sorangan ?"

"Ih nya duka atuh pa, da tara diitungan ku abdina ogé.."

"Hhhhh ! Maenya teu dibejaan ku kolot manéh ?"

"Puguh gé sepuh abdi mah tos sepuh, tong boro apal

kana umur abdi, kana umur aranjeuna ogé teu apaleun"

"Nya dikira-kira baé atuh..!"

"Dikira-kira kumaha ?"

"Nya dikira-kira, 25 taun atawa 27 taun.."

"Saéna numutkeun Bapa sabaraha taun ?"

"Ih, nya teuing atuh !"

"Ari Bapa, naha bet ngalilieur abdi ?"

"Puguh manéh nu titatadi ngalilieur aing téh !"

"Owh kitu ?"

"Enya !"

"Ah, piraku Pa ?"

"Piraku-piraku, nya heueuh !"

"Ah, maenya ?"

"Naaaa kacida-kacida teuing atuh manéh téh ?"

"Saha ? Abdi ?"

"Heueuh ! Manéh !"

"Owh abdi, sugan teh saha.."

"Meugeus ! kaluar siah !"

"Saha ? Abdi ?"

"Enya !"

"Haaar.. kumaha atuh ?"

"Naona nu kumaha ?"

"KTP abdi.."

"Teuing !"

"Teuing kumaha ari bapa ?"

"Teu nyaho ! Meugeus..! is tuning pisan jelma téh, matak darah tinggi aing kanceuh baé.. !"

"Owh, bapa téh gaduh darah tinggi ? dilandongan atuh pa, hawatos.."

"Ciciiiing siah !"

"Ah, ti tatadi gé abdi mah cicing, teu kamana-mana.."

"Ngajedooog..."

"Enya ieu gé, apanan teu lulumpatan ieuh ?"

"Meugeuuuus siah !"

*hi hi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...