Minggu, 15 Desember 2013

CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!


CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!

Kintunan @Rosita Sita Rynaldy

Bos : Eu ... Sri siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian !!
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ... sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu .. pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).

Bu Dewi (guru) : Eu barudak , kumargi ibu aya kaperyogian... ayeuna bebas ... bubar !! .

"Horrrreeeeee..... " sora barudak meni reang , si Cecep nyokot HP tina kantongna .. tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo Pah , ayeuna Cecep bebas ... sakola dibubarkeun kumargi ibuna aya kaperyogian , anteur ka toko buku teh ayeuna weh nya Pah , ku Cecep diantosan di sakola ... oke paaah ... daaaah ... (nutup telepon) .

Bos : (nutup telepon , langsung mencet deui interkom ka sekretarisna ) Eu ... Sri rapat teh teu tulus !! ... si Cecep budak bapa hayang dianteur heula ka gramedia .. ya .. ya ... enjing weh..

Sri : (nelpon deui kasalakina) ... pah ... pah ... wios tong emam di rumah makan padang .. mamah teu cios rapatna ... rapatna di cancel ku bos !! (nutup telpon).

Salakina Sri : Euuuh ... kacaw !! (nelpon deui) ... Beib ,tong cios ka bumi teh ... iya si bawel teu tulus balik peutingna ... kacaawww !!.

Bu Dewi (guru) : hey .. hey ... barudak ... hayoh lalebet deui.. urang diajar deui ... ibuna teu cios aya peryogina....

"huuuuuu...." sora barudak anu geus rek balalik anu geus kaluar ge digareroan deui sina asup ... siCecep nyokot deui HP tina kantong , tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo paaaah .... ka gramedia teh tong cios ayeuna , teu cios bubarna... kacaaww !!.

Bos : (mencet intercom , tuluy ngomong ka sekretarisna) ... Sri rapat teh ayeuna ,,, oke informasikeun ka kepala bagian kabeh Sri !! @#%* :))

Sabtu, 14 Desember 2013

Budak teu uyahan

Kintunan @obie kabayan abinya hayqalli

Aya mojang urang kampung bau lisung kuliah disalah sahiji universitas di bandung

Ceritana manehna minder kusabab biwirna suing (hapunten anu suing), akhirna nelpon ka kolotna di lembur:

Mojang: "Mama,abi di dieu sedih pisan teu aya jajaka anu naksir ka abi, lantaran abi suing.."

Mama: "Tenang neng.. Kin mama ngical sawah nembe neng operasi nya, pasti loba anu kapincut ku neng geura"

Sababaraha bulan kaliwat si mojang beres di operasi nelpon ka kolotna deui.

Mojang: "Mama,abi tos bagja pisan lantaran seu'eur pameget antri ka eneng trus ayeuna tos kakandungan.."

Mama: "wuajig kehed,kolot mah geus ngajual sawah pikeun nutup biwir maneh nu luhur.. Naha maneh kalah ka biwir Nu handap di antep muka, dasar teu uyahan budak teh ,,,,,

Kamis, 14 November 2013

SAREBU LAWAN SAJUTA

Kintunan DEDEN

Basa deuk ka Jakarta Naek Kareta seuneu Mang Ojak kabeneran boga bangku pahareup-hareup jeung Pangusaha Sukses anu ngaranna Deden Gembol, Panguaha ieu teh kaitung pangusaha anu pinter sagala pasoalan geus pasti bisa dijawab. Mimiti naek nepi ka Cianjur teu pisan silih tanya, komo deui ngawangkong. Tungtungna Deden Gembol muka carita nyinglarkeun ka kesel
"Kang, Urang tatarucingan Yu, lamun kuring teu bisa ngajawab akang dibere sajuta, Tapi mung akang teu bisa ngajawab cukup we mayar sarebu. Kumaha???"
"Sok, atuh mimitian"
"Cik 12345679 kali 9, Sabaraha?"
"duh lieur ah Kakalian mah." SOng ngasongkeun duit Sarebu
"Jawabna 11111111" bari ngabuktikeun dina kalkulator
"Ayeuna nu gampang saha anu nyiptakeun lampu?"
"Duka atuh, da abdi mah teu sakola" Bari ngasongkeun deui duit sarebu
"Ayeuna abdi eun, lamun Asup Sukuna Hiji mung Kaluar sukuna dua. Hayoh naon?"
Leng Deden Gembol ngahuleng rada lila mikir. tuntungna kapaksa mere sajuta.
Mang Ojak Atoh naker dibere duit gepokan aya pameungkeutna tulisan sajuta.
Teu Karasa Kareta geus nepi ka station Gambir, Deuk turun Deden Gembol panasaran nanyakeun tatarucingan anu tadi. " Kang ari tadi jawabanna naon" teu lila kusiwel Mang ojak mere duit sarebu, Terus indit muru tempat anu dituju, bari jeung rada atohhhh.(Ide carita ti babaturan SMA)

Senin, 26 Agustus 2013

Berbohong Sejak Kecil

Kintunan :Arya Wisnu Jenar
Wajar orang indonesia sok bohong

Indonesia di bubudak geus di ajarkeun kana lagu wadul teu percanten yuk urang buktikeun :

♪Balonku ada 5, rupa-rupa warnanya ... Merah, kuning, kelabu ... Merah muda dan biru ... Meletus balon hijau ... Dooor♪
(X_X ßэээћћћ X_X Hijau?! berarti balona aya 6 atuh?!)

♪Halo-halo Bandung ... Ibu kota Periangan♪
(lain Bandung teh ibu kota Jawa Barat?!:/)

♪Pok ame ame ... belalang kupu-kupu ... siang makan nasi, kalo malem minum susu♪
(iyeu leuwih teu jelas ongkoh lagu budak tapi keur bapana X_X )

♪Nina bobo O nina bobo ... kalo tidak bobo digigit nyamuk♪ (Emang na lamun geus sare di jamin moal di gegel reungit >:/)

♪Bintang kecil dilangit yang biru ...♪
(Bintang kan ayana tengah peuting, emang kitu warna langitna biru ari di peuting?! Leuwih Ngaco .../:))

♪Ibu kita Kartini ... Harum namanya♪
(Ngarana Kartini kunaon jadi Harum ?!:s)

♪Pada hari minggu kuturut ayah ke kota ... naik delman istimewa ku duduk di muka ♪
(Naaah, langkung teu sopan maenya raray pa kusir rek didiukan?!:O)

♪Cangkul-cangkul, cangkul yang dalam ... menanam jagung di kebun kita♪
(tibang rek meulak jagong rek naon jero2?? emang arek ngieun sumur?!:D)

♪Pelangi-pelangi alangkah indahmu ... pelukismu agung, siapa gerangan♪
(Kan tos apal nu ngalukis teh Agung ngarana, masih nanya siapa gerangan?!):/

♪Ambilkan bulan bu ... Ambilkan bulan buu .. Yang slalu bersinar di langitt♪
(Duuh ...ieu budak leutik keneh geus nyiksa indung parangsana indung na teh astronot meureun X_X )
ƗƚɑƗƚɑƗƚɑƗƚɑƗƚɑ..=D=)) !!!!!! Sakitu teh leutik keneh komo geus gede nyiksa pisan

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...