Sabtu, 31 Desember 2011

antara Awewe, Dongeng jeung Ranjang

Kintunan Lurah Rancabanyol (31/12/11)
Umur Awewe jeung ranjang boga hubungan anu pageuh diantarana:
a. Umur 8 taun, kudu dibawa ka ranjang kakara dibere dongeng
b. Umur 18 taun, dibere dongeng kakara diajak ka ranjang
c. Umur 28 taun, teu ngadongeng oge jol langsung ngajak ka ranjang
d. Umur 38 taun, manehna loba ngadongeng sangkan diajak ka ranjang
e. Umur 48 taun, Dibere dongeng sangkan teu ngajak ka ranjang
f. Umur 58 taun, tara ngadongeng jeung tara ngajak ka ranjang,
g. Umur 68 tahun Ngajoprak wae di ranjang (Yusuf Baehaqi)
h. Umur 78 taun teu apal dongeng jeung ranjang geus pikun (Abi Faiz)

Minggu, 18 September 2011

Pangnewakeun sapi

Kintunan ASEP APEH PIRMAN

aya 1 pamuda terdampar di pulau nu eweuh penghunina,sataun,,2 taun,,manehna ngarasa betah cicing d pulau eta,majarkeun teh ngarasa adem ayem.taun ka 3,,,,manehna geus mulai ngarasa teu betah cicing d pulau eta,ngarasa kesepian.napsu sahwatna geus mulai teu bisa di kendalikeun,,manehna stres kudu k mn ngalampiaskeun napsuna,waktu isuk2 manena keur lempang bari ngalamiun corenghak ningali ti ka jauhan aya sapi.manehna mikir"lamun sapi itu sapi bikang,ku urang bisa di garap jang ngalampiaskeun sahwat urang".manehna langsung lumpat ngudag nyamperkeun sapi,sing horeng bener pisan sapi eta sapi bikang,teu pikir panjang pamuda eta langsung morosotkeun calana.si sapi kaget,sapi langsung lumpat kabur,,pamuda eta teu putus asa terus ngudag sapi,nepi k burit pamuda eta can berhasil merkosa sapi.pamuda eta diuk ngareureuhkeun kacape tas ngudag2 sapi.manehna keur diuk,sing horeng aya 1 awewe geulis nu terdampar oge.pamuda ete curinghak langsung nangtung lumpat nyamperkeun awewe nu tadi.bari bubulucun pamuda eta nyekel lengen awewe bari nyarita"neng,tulungan aa,,,aa masih panasaran ka sapi itu,bantuan pangnewakeun".

Kurudung


Kintunan : Helmansyah Moeis

Aya santri putri nembe ibak kaluar ti jamban mung nganggo salembar anduk nu dibeulitkeun kana awakna. Teu kahaja paamprok sareng pak ustad nu kaleresan ngalangkung. Ras emut kana rambut eta santri nu katembong da henteu dikurudung. Geuwat eta anduk teh dijantenkeun kurudung bari sasadu"Maaf pa ustad hilap tadi teu acan dikurudung". Pak ustad : %?#@....

RUPA - RUPA LEUMPANG

Boyot = leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun batur
Deog/pengkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho
Egang/egol = leumpang jiga budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jste.)
Gonjleng = leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki
Ingkud-ingkudan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jste.
Jarigjeug/jumarigijeug = leumpang bari semu rek labuh, biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering.
Jingjet = leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing
Kepoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (kawas aksara X)
Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan dinu bala atawa dinu remet kakayon
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, nembongkeun ulat sieun atawa era
Narabas = leumpang di nu bala atawa din u remet kalawan teu midul cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek)
Nelenden = leumpang budak, anca, pikalucueun
Niliktik = leumpang budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu
Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poek
Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu malire ka nu nyaram
Ngabadaus = leumpang semu gancang, teu luak lieuk
Ngabengbeos/mengpeos = leumpang teu luak lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jste.
Ngabring = leumpang babarengan (lobaan)
Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan
Ngaburudul = kaluar lobaan ti tempat
Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = leumpang kawas nu mabok, kawas nu rek titotolonjong, jarugjag-jarigjeug
Ngadedod = (awewe) nu leumpang anca, sarta biritna ka kenca ka katuhu
Ngadigdig = leumpang gancang sarta segut
Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngalengkah
Ngadudud = leumpang gancang

sumber :
www.mippin.com/banyolan-sunda

Macem-Macem Ngaran Jalma

Aki-aki = lalaki nu geus kolot pisan

Baleg tampele = mangkat beger, wani di tukangeun, ari di hareupeun era keneh
Bijil bulu mayang = saharti jeung baleg tampele
Budak = anak jalma nu can baleg
Budak gumelo = budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak keneh, kira-kira umur 2-4 taun
Budak kamalole = budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daek cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna
Budak pahatu = budak nu geus teu boga indung (ditinggalkeun maot)
Budak yatim = budak nu geus teu boga bapa (ditinggalkeun maot)
Budak pahatu lalis = budak nu geus teu boga indung teu boga bapa
Bujang = lalaki nu geus baleg tapi can kawin
Bujang jengglengan = jajaka tulen
Bebeureuh = kabogoh (lalaki)
Bebene = kabogoh (awewe)
Cawene = parawan, awewe anu can kawin
Cetuk dawuk = jalma nu geus kolot, buukna geus meh kabeh bodas jadi huis
Duda = lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui
Galak sinongnong = budak lalaki nu mimiti aya sir ka awewe (sarua jeng baleg tampele, ngan geus rada aya kawani)
Kolot = jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh
Kolot sapeuting = jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kakara dijurukeun sapeuting
Kokolot begog = jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan kolot
Kontrong-kontrong = jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki
Lanjang = awewe nu can kawin
Ngomboan = lalaki nu mimiti beger ka awewe, sorana ngagedean
Parawan = cawena, awewe nu can kawin
Parawan jekekan = mojang tulen
Randa/rangda = awewe nu geus diserahkeun atawa ditinggalkeun maot ku salakina
Randa bengsrat/kulanjar = randa nu saenyana parawan keneh, can sapatemon jeung salaki memeh diserahkeun
Sengserang panon = parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nenjo, resep naksir
Tengah tuwuh

sumber : www.mippin.com/banyolan-sunda

Rabu, 24 Agustus 2011

NURUNKEUN PANAS

Kintunan BUNG KRIS
Aya murangkalih (tong disebatkeun namina ah bilih aya nu sami namina) di dapur keur ngarencangan ibuna di dapur nyiapekeun tuangen kanggo buka puasa, kusabab eta murangkalih teu saum, anjeuna nyician cikopi, teras aya nudilebetkeun ku anjeuna kana eta kopi. ibuna ninggal, bakating ku panasaran ditaros eta murangkalih ku ibuna "eta naon nu diasupkeun kana kopi jang?",
"paracetamol" waler eta murangkalih...
"nanahaonan ngasupkeun paracetamol kana kopi ai nyaneh?" saur ibuna rada keuheul......
eta murangkalih ngawaler polos "pan paracetamol teh sanes kanggo nurunkeun panas ma?, nya wios we atuh supados kopina enggal tiis ku abdi paracetamolan we".........

CAPCUS LEKONG

Kintunan Jack Bluesman

Ieu mah kajadian asli waktu kuring cuti keur aya di Bandung, harita pun lanceuk kaleresan nuju aya urusan kursus di Bdg ti kantor. Anjeuna gaduh Kapster salon langganan di Ciwalk, nu katelahna Cici, padahal mah aslina teh ngarana Toto, blasteran Jawa Sunda.

Pun lanceuk nyarita ka kuring, kieu pokna teh:

Euceu: "Pang jemputkeun si Cici ti salon di Ciwalk, urang rek ngajemput make mobil, pasti macet kadituna. Geus weh jemput make motor, bonceng kadieu"

Kuring reuwas waktu dititah ngajemput eta waria, tuluy nembalan..

Kuring: "Euceu, cing kira2 weh atuh nitah teh, amit2 kudu ngabonceng si Cici mah, kumaha mun pas disetopan abdi panggih jeung babaturan? Pastina bakal geunjleung engkena, gara2 uing ngabonceng waria. Yeuh euceu, daripada akika musti jemput itu pere kajajaden, mending eike ongkosin si Cici pake angkot kesindangnya dweh. Secara nanda kalo eike bonceng diana, apa kata dunia? Memangnya akika lekong apaan pake jemput2 diana segala? Aih.. Najis tralala dweh jeng!

Euceu: "Halaaahhhh... Eta gening maneh ngomong make bahasa waria? Timana mimitina?"

Kuring: aiiihhh.. Yey tuh yaa.. Begaol dwonk, secara jaman sutra canggih begindang, inforbeja ada dimana mana jeng, gampang dwonk, buka internet, jangan cuma bisa buka tali surga doank, tuh di FB ada kamus waria, di grup BS made in Abah Amin.. Disitu ada kamus waria sama dokumen carita waria asuhan jeng Bence, sakali kali mah itu Cici musti eike kenalin sama jeng Bence, eike jamin bakal cuco dweh..

Euceu: *olohok* Ah, naha balik tikapal teh maneh jadi kieu? Ujug2 bisa bahasa waria..

Kuring: nyaeta gara2 gaul sama jeng Bence, akika nyasab jadi begindang nih jeng..

Daftar Isi

Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat

sumber catatan