Sabtu, 06 November 2010

Ngaran waktu sunda


Kecap anu diangge dina nandaan ieu waktu disaluyukeun jeung waktu anu biasa dilakonan ku karuhun saperti jam 12.00 beurang diaranan tangage. terus lamun jam 10.00 peuting diaranan sareureuhna kolot, anu hartina jaman baheula kolot-kolt teh sare sok jam sakitu

Tah ieu ngaran waktu di sunda

jam 12.00 = tangage,
jam 13.00 = lingsir (panon poe lirgsir ngulon),
jam 14.00 = kalangkang satangtung,
jam 15.00 = mengok,
jam 16.00 = tunggak gunung (pononpoe tunggak gunung),
jam 17.00 = sariak luyung,
jam 17.30 = sareupna,
jam 19.00 = hariem beungeut,
jam 20.00 = sareureuh budak,
jam 21.00 = tumoke,
jam 22.00 = sareureuh kolot,
jam 23.00 = indung peuting,
jam 00.00 = tengah peuting,
jam 01.00 = tumorek,
jam 02.00 = janari leutik,
jam 03.00 = janari gede,
jam 04.00 = kongkorongok hayam,
jam 05.00 = balebat,
jam 06.00 = carangcang tihang,
jam 07.00 = meletek panonpoe,
jam 08.00 = ngaluluh taneuh,
jam 09.00 = haneut moyan,
jam 10.00 = rumangsang,
jam 11.00 = pecat sawed.

Biasana ngaran waktu sunda anu ilaharna saperti Isuk-isuk waktuna ti mimiti jam 6 nepi ka jam 9. jam 10 - 2 ditandaan waktuna beurang, jam 3 nepi ka jam 4 diaranan waktu sore, jam 5 nepi ka jam 7 disebut burit, jam 8 - 10 peuting, jam 11 -12 diaranah tengah peuting. jam 1 nepi ka jam 3 disebutna waktu janari, jam 4 - 5 waktu subuh.
Sumber ti :Raden Wiraatmadja Suriaatmadja

Rabu, 08 September 2010

Cartibag (bagian 3 Tamat)

Ku : Iwan Rudi Setiawan

Aduuuuhhhhhhh rada beurat carita ieu mah, sabab nyangkut kana kahormatan jeung harga diri kulawarga. Harita tahun 1991 kakara puasa bareng jeung anu ngarana pamajikan, maklum anyar panganten, bisi teu ka aku ku mitoha, atuh sholat maghrib, ngilu sholat berjamaah, Isya diteruskeun ku sholat taraweh. Saur mah tara katinggaleun sok rada di pang estukeun, shubuh tetep ngamamun sholat berjamaah. Pokokna jadi minantu anu top markotop we lah. Duh lapar sok we teraskeun cariosna, da moal ambek


KOMENTAR

1. Mulyana Ahmad
Ba'da sholat subuh langsung siap-siap angkat damel, margi padamelan teh rada tebih upamiangkat ti bumi mitoha mah. Harita kabeneran padamelan teh rada berat, sagala tugas kaditu kadieu sabari nganggo motor. Tengah poe pisan, karasa haus sareng lapar anu kacida poharana. Daripada badan tambah leuleus, kuring nyimpang wae ka rumah makan padang caket terminal lewi panjang sisi musholah. Aneh, perih beuteung sareng haus teh cageur kaluar ti rumah makan padang mah. Karak ge jrut kaluar, kuring pa amprok jeung mitoha anu karak kaluar ti mushola. Gerentes mitoha: Minantu "Top markotop" teh gening ngan saukur minantu baong, sabari ningalikeun remeh anu nempel keneh dina kumis Pak Iwan. (Moal ngembek ieuh...?)

2.Joe Rig Zaryan
Hayooohh, puasana batal, nya?

3. Iwan Rudi Setiawan
Hoyahhhhhh sakadang minantu katohyang

Cartibag (Bagian 2)

Ku : Iwan Rudi Setiawan

Parusahaan roko dina tahun 1986, ngayakeun acara musik ngabuburit anu lumangsung kana taun ka tilu, jadi geus taun ka tilu acara eta diayakeun. Pentas musik eta teh di ayakeun ti jam 10 nepi ka jam 5 sore. Harita kuring oge ngahadiran kana acara eta, atuh puguh pamaenna band anu keur mulai nanjak, kana popularitas.

Sakumaha biasa ieu suku teh sok ararateul lamun lalajo bari jeung teu jojogedan. Atuh der musik teh kuring jeung babaturan maceuh ngajogedan lagu anu dibawakeun ku pamaen band teh, da puguh laguna geus katalar harita mah. Biasa we lagu Van hallen, Genesis jeung scorpion.

Teu karasa geus jam 2 beurang basa ninggali jam tangan merek TITONI teh, Tikoro karasa halabhab, malah para pamaen oge ngarinum ci gelas, beuki we kabita. tungtungna mah kuring kagoda, nyampeurkeun tukang cendol, meuli weh lima gelas jeung babaturan, leguk....leguk cendol teh diinum mani sakilat geus beak deui.

Jam lima sore acara lekasan, Balubar weh balik sewang-sewangan, kitu deui kuring oge balik bareng jeung babaturan.

Peutingna kuring kabagean ngeusi acara KULTUM di masjid, ngawakilan ti kellompok pamuda, harita anu dibawakeun teh temana teh "Gogoda Puasa keur Pamuda". Kulantaran geus biasa biantara, atuh dina ngajelaskeun eta tema teh norolang pisan da dicampuran ku pangalaman.

Beres taraweh sakumaha biasa kuring balik ka imah, kabeneran babaturan keur ngariung di juru gang da puguh tara taraweh,
"ha...ha...ha. ustad gejul kakara balik" Omong salah saurang babaturan
"Wan, tah si Unay ceuceuleuweungan basa maneh keur ceramah di masjid'" Ceuk si Budi
"Naon,Cenah, ceuceuleuweunganana?" Tembal kuring hayang nyaho
"Euuuuuuyyyyyyyyy manehna oge tara puasaaaaaaa"

Gusti kuring era naker mun enya ngadenge teh,,,,,,,,

KOMENTAR
1. Ablo Abdul Wahid
Pasti ayeuna tara deuinya kikituan teh , da tos wareg ,
tapi tara kalangkung atanapi tara ngalakonan deui tah ,
aya CARTIBAG 3 jigana mah , mangga di antosan.

2.Iwan Rudi Setiawan
Nista maja utama , kapooooooooook

3.Ablo Abdul Wahid
Sae , saeeeeeeee pisan ,tapi kela .........kapok liren kitu ,
satadina mah bade di turutan ku abdi

4.Joe Rig Zaryan
Hahahahahah

5.Ibu Ade
Ustad jugaaaa.....manuu...sia............,heuheuheu.....

6. Vitman Muhammad Fahry
Ustadz gejul....

7.Mang Kukna
Kapok so teh d sebut keun d payuneun jalmi seueur tpi mun tos kakamar cai mah cai sa bal oge beak ku sakali uyup ,....uztad et mah hehhehehh

Cartibag (Bagian 1)

Ku Iwan Rudi Setiawan



Carita ieu asli pangalaman sim kuring dina nuju bulan puasa puluhan taun katukang, maklum keur meumeujeuhna kumincir. Ditulis dina kolom ieu mugia sing janten ngahibur anu pentingna mah sing jadi palajaran anu aya hargaan.

Urang guar baenya carita anu kahiji, geus nincak umur badag mah geuing kolot teh mere omber ka budakna, henteu siga keur budak mani di talingakeun sagala paripolah teh. Tah kuring oge kitu, pura-pura siga anu heuheuh kacapean balik kuliah. Ninggali kuring kitu auh kolot teh meureun karunyaeun " Ari cape mah atuh Buka, we." ceuk kolot. Omongan kolot kitu teh teu dililakeun leguk-leguk nginum cai bari luak lieuk bisi aya lanceuk jeung adi ninggalikeun. Tapi sanajan aya oge geus boga 'Jampe" Bela dirina. Nya eta "Gawe otak leuwih cape batan gawe awak"
Ti mimiti harita puasa kuring mimiti sok bolong-bolong tara pol, ngan biasa ari keur anu diimah mah nyangkana teh puasa we.

Hiji Carita jam 12-an meureun beuteung asa meureut , lapar kacida anu tung-tungna blus weh ka warung sangu "Mang Ena" bari rada era. Atuh timimiti barang blus asup kawarung teh teupati luak lieuk, kedewek kedewek weh meakeun sangu na piring.

Saenggeus beres ngaberesihan sangu na piring sirah kuring cengkat, Na ari pas cengkat hareupeun pisan teh adi keur dahar. Kuring ambek bari ngomong "Ari maneh keur naon didieu? "
"Maneh keur naon?" tembal adi, emhhhh gusti kuring leungit harga diri.

Komentar

1. Joe Rig Zaryan
Hahaha, matak gé, ari tuang téh kedah luak lieuk.

2. Iwan Rudi Setiawan
Nyaeta isin bade luak lieuk teh

3. Irfan Arifuddin
Hihihi.... ari sugan teh Ki Lurah mah teu ngalaman nu model kieu...

4. Joe Rig Zaryan
Maksad téh ngalieuk ka sim kuring, teras nawisan.

5. Ibu Ade
heuheuheuheuheuheu............, teng magrib adi jeung lanceuk ngariung milu buka puasa....teu aya kaera........

6. Vitman Muhammad Fahry
ari sugan teh lurah urang teh jalmi bageur..gkgkgkgkgkk

Boboran siam



Wilujeng boboran siam 1431H neda dihapunten samudaya kalepatan

Senin, 06 September 2010

Pipilih Hayang nu Leuwih


Ku Iwan Rudi setiawan

Geus lain rusiah deui hubungan Icham jeung Achy teh jadi pakusut, anu tungtungna icham mutuskeun hubunganana jeung Achy, harita Achy keur masket-masketna ka Icham teh. Panungtunganana Achy jadi meupeus keuyang, menta bantuan ka Irfan supaya pangneangankeun lalaki anu "leuwih" ti Icham.

Harita Irfan nyanggupan rek pang neangan keun lalaki anu "leuwih" ti Icham. Tungtuna Irfan ngenalkeun hiji lalaki ka achy, Achy mani bungaheun pisan boga kenalan anu bakal jadi bebene na. Eta lalaki diteuteup anteb pisan ku Achy. Kulantaran manehna keur "potong hate" , eta lalaki teh langsung we ditembak ku Achy.

Saminggu ti harita Achy ngadatangan Irfan maksudna mah komplen cenah

'Fan, cik atuh mere lalaki teh anu bener" Omong achy ka Irfan
"Na kitu si eta teu bener?" Tembal Irfan
"Bener, ngan mani kitu kitu teuing"Tempas Achy
"Kitu-kitu teuing Kumaha?"tanya irfan semu teu ngarti
"Enya pek we tinggali dedeganana "leuwih Begeng", "Leuwih Kere', "leuwih purunyus", jeung "Leuwih loba kabogohna" Tembal achy anu teu narima

Sabtu, 04 September 2010

TAJIL NU AMIS

Ku : Jack Bluesman

Di juru cafe "Nyempod", Pa Sekdes keur diuk paduduan jeung hiji wanoja nu parasna manis, nuju asik buka puasa..

Ujug2 tinu lawang panto (da moal mungkin atuh kurunyung tinu jero sumur mah) bu sekdes datang.. Teu anta parah deui jol gantawang eta bu sekdes murka bari pokna:

"Dasar lalaki nurus tunjung! bulan puasa oge masih keneh salingkuh! Dasar lalaki ateul!"
Pa Sekdes ngajawabna tenang jiga nu teu boga dosa, dingin jiga jambu aer dinu kulkas, kieu pok na teh:
" Disunnahkeun kanu buka puasa supaya berbuka dengan yang manis..." bari ngareret mesra ka eta wanoja nu pias alatan soak ningali bu sekdes nu keur ngamuk...

Daftar Isi

Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat

sumber catatan