Minggu, 15 Agustus 2010

Mani itungan





Kacaritakeun hiji Bapa deuk manggihan incuna anu kakara lahir 3 bulan katukang. Di Imah anakna si Bapa hayang ninggali incuna anu kabeneran keur nyusu ka indungna,

Duka kumaha si Bapa teh jol ngilu goledak weh deukeut incuna anu keur nyusu. Sabot sibudak leupas tina nyusu, ujug-ujug si Bapa ngaganti nyusu. Masih keneh si Bapa Nyusu torojol anakna ka kamar breh teh Bapana keur nyusu ka pamajikanana. Atuh pok teh ngomong bari ngambek " Bapa, cik, Ari Bapa ku naon, wani-wani nyusu ka pamajikan batur?"
Di sentak ku anakna atuh Bapana males "Yeuh, Bapa mah nyusu ka pamajikan maneh ngan sapuluh menit, Ari maneh nyusu ka pamajikan Bapa aya kana dua taunna, Bapa mah teu itungan"

@ide carita tina Sabulangbentor 4 hal 118

Diskon

ku Iwan Rudi Setiawan

Diruang pangadilan Hakim keur mariksa pasakitan
Hakim : Geus sbaraha kali anjeun asup pangberokan?
Pasakitan : Bade sapuluh kali pak
Hakim : Rupana anjeun euweuh rasa kapok, tah ku kuring bakal dibere hukuman anu leuwih beurat.
Pasakitan : Punten pak hakim, saurna ka langganan mah sok aya diskon, upami sapuluh kupon gratis, hiji.
Hakim : ??????????????

Jumat, 06 Agustus 2010

Ngawas UAS

Ku: Iwan Rudi Setiawan


Rebun-rebun Uwa geus miang ti imahna muru sakola, kabeneran poe eta dibere tugas ngawas barudak anu ujian alias UAS, ngan basa kamari bali sore manehna kahujanan, anu antukna kaasupan angin, keur peuting teu sempet dikerok jeung duit benggolna oge euweuh. Di ruangan uj...ian anu simpe, teu kadangu sakecet-kecet acan ceuk paribasana mah ragrag jarum oge pasti kadangu. Sakumaha biasa tambah kesel si Uwa kukurilingan nalingakeun barudak, ngan pas ditengah-tengah, pelepes teh si Uwa hitut. untung teu disada. ngan eta bau na teu katulungan. irung barudak pada diparengpekan ku leungeun. "ajuhhhhh mani bau kieu, saha nu hitut teh, teu sopan ", ceuk Ojak salaku KM ngelingan Geus jadi kabiasaan barudak sok silih tuding, " tah si Ojak anu hitut mah", ceuk si Udin. "Naon siah, tong nuduh sambarangan" Tembal si Ojak semu muncereng Tungtungna eta kelas jadi ribut, si Uwa kawalahan, Jang nenangkeun deui kelas pamustungananan si Uwa ngomong "Geus...geus tong Ribut", Tuluy si uwa bari lajag lejeg ngumumkeun. "Sing saha anu ngaku Hitut, baris dibere jawabanan', atuh ngadenge kitu barudak teh ngaraku "Abdi ....pak,.......Abdi .......Pak",

Behel Huntu

Ku: Iwan Rudi Setiawan

Aya ku rehe eta si Uwa, mani tetenjrag, panto ditajongan, panci dibalang-balangkeun ka luar, ari boga kahayang teu katedunan teh.
Basa ditanya teh "Ari Uwa Kunaon?
"Kunaon...kunaon, cik pangmeulikeun behel janghuntu ambeh teu tongos kieu" jawabna bari rada bangkenu.

emh........ huntu ngan kari hiji , hayang make behel sa...gala

Bade Dada atawa Pingping

Ku: Iwan Rudi setiawan

Basa Ulin ka Mall, dihiji counter kuring ngarenjag basa ditawaran "Bade Dada atanapi Pingping????" ku hiji wanoja anu geulis>
kuring ngajawab sangeunahna "dupi Bujurna masih aya?"

Segitiga Sama Kaki

ku Iwan Rudi Setiawan

Jaman sakola dina pelajaran matematika Uwa dipiwarang Pak Guru kapayun kanggo ninggalikeun rupa-rupa wangunan. "Cik jieun segitiga sama kaki!" Titah Pak Guru.
"Hapunten pak Guru, abdi mah tiasana nganggo panangan"

Teu Tabrakan

Ku Iwan Rudi Setiawan

Basa uwa ka Garut eta mobil ngajalankeuna mani ngebut alabatan siga diudag jurig. Naaa eta mah teu kanyahoan telenyeng teh motor meuntas.

Daftar Isi

Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat

sumber catatan