poe ieu mah nini keur baluweng jang mikiran minantu, heueuh si sarmidi, naha ngadak2 budak teh ngora2 geus beunang panyakit torek alias budeg. kamari basa manehna balik ti kantor, nini teh ngagorowok ti pawon, "geus balik jaaang... mawa naon jang..? biasana mawa martabak kasedep ema.." teu ngawaler tah budak teh. tuluy nini ka ruang tamu bari ngagorowok deui, "ujaaang mawa naon..? mawa martabak teh..?" angger teu ngajawab budak teh. panasaran, disampeurkeun ku nini, ayeuna mah ngagorowokna hareupeun ceulina, "ujaaang biasana mawa martabak mun balik teh... mana martabakna..?", kakara ngawaler "emaaaa... geus tilu kali ujang ngawaler, tah ieu aya... ujang mawa martabaaak.!!"
duhh karunya budak teh, isukan mah rek dititah dipariksa ka dokter, bisi kuma onam.
Blog ini mengajak pembacanya untuk melakukan imut kanjut, artinya membuat senyuman yang manis dan menggemaskan
Sabtu, 20 Mei 2017
Saha Nu torek
Nini Kantring keur nyaliksik buukna neangan kuar teuing kutu dina golodog panto. Pikirannna keur baluweng mikiran minantuna. Enya si Sarkim.
Ceuk pamikirna na minatu teh sangkilang masih keneh ngora geus siga katerap panyakit torek. Eta we basa kamari balik gawe. si nini teh nanya "geus balik jang........mawa naon eta, biasana mawa martabak karesep ema".
Si Sarkim ngarandeg sakeudeung terus asup ka imah.
"ujang....ujang.... mana martabak teh" sorana rada tarik. tapi si Sarkim teu nembalan.
Tungtungna si Nini nyampeurkeun deui bari ngagorowok
"ujang mawa teu martabak teh?"
"Emaaa..... geus tilu kali abdi ngawaler teh ieu ayaaaa, nyandak martabak teh"
"Gustiiiii karunya teuing boga minantu teh, keun isukan mah sina dipariksa ku dokter bisi kuma onam"

Moro Warta
Aya hiji Wartawan keur ngaliput kajadian kacilakaan. Kusabab loba jelema nu keur ngariung di lokasi kacilakaan, wartawan tadi teu bisa norobos, rek ningali korban ti kadeukeutan.
Saenggeus mikir anu leleb, wartawan tadi boga ide. Punten kasadayana Minggir-minggir, abdi Bapakna korban manehna satengah ngagorowok" Abdi pasihan jalan.
Bener oge..anu ngariung mere jalan, sakabeh mata mencrong ka eta Wartawan.. (GR, na jero hatena "berhasil oge"!!!!)
Nalika nepi katengah riungan, manehna ngajenghok ningali. SAKADANG ANAK MONYET ngagoler teu usik...

Rusiah Urang
Khusus Group ieu bae nya!!
*CARA MINDAHKAEUN PULSA*
Tapi ulah sambarangan disalabarkeun ka anu lain
*Khusus keur urang-urang bae nya.*
Ternyata urang bisa nyokot Pulsa batur
(berlaku sakabeh Operator).
(berlaku sakabeh Operator).
Caranya :
Pas Urang keur di Telpon kunu lian,
Pas keur ngobrol teken @*10.000#,
Pas Urang keur di Telpon kunu lian,
Pas keur ngobrol teken @*10.000#,
Otomatis pulsa Urang nambahan 10.000 (pulsa anu nelpon tadi kasedot).
Lamun Urang teken @*50.000#
otomatis pulsa Urang oge nambahan 50.000.
otomatis pulsa Urang oge nambahan 50.000.
Cara ieu dibere nyaho babaturan anu tugasna dibagian Server Operator Seluler.
*Tapi inget ulah bebeja ka sasaha... !!!*
*Cukup Urang-urang bae anu dibohongan
Palakiah nyabut godeg
Tips ngaleungitkeun bulu janggot atawa godeg atanapi sing saha wae nu bosen ngerok nu jembrosan unggal dinten. . . .
Ieu palakiahna.
Taheur cai dina panci dugi ka ngagolak, saatos ngagolak keueumkeun jangggot atawa godeg dina panci, kiranglangkung 10 menit, upami tos sadayana ka keueum, nembe angkat rarayna, teras cabutan bulu janggot atanapi godeg dugi ka beresih, Insya Alloh anu parantos-parantos mah eta bulu moal aya deui. Pangalaman eta kantos sering diangge ku sim kuring waktos nyabutan bulu hayam.
Wilujeng nyobian.
Saran dokter
Ibu : "dok abdi teh parantos berumah tangga salami lima taun, tapi teu acan aya tanda-tanda bade ngagaduhan putra?"
Dokter : "ibu sering 'berhubungan' ?"
Ibu : "enya sering atuh dok, abdi bogoh pisan ka pameget abdi teh"
Dokter : "biasana upami 'berhubungan' tabuh sabaraha?"
Ibu : "enya teu tangtos dok, kadang enjing-enjing, siang, sore malihan wengi-wengi oge"
Dokter : "cara 'berhubunganna' kumaha"?
Ibu : "kadang lewat telpon, BBM, whatsApp sareng teleconference dok"
Dokter : "Upami kitu mah putrana di DOWNLOAD bae bu"!!!
![](https://itler.net/wp-content/uploads/2012/04/download-logo.jpg)
Langganan:
Postingan (Atom)
Daftar Isi
Empowerment TRK bagi Guru dan ASN
Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjU1rvcnEWUMIBRbsXep9gQNhcSdPKcO36oPGB3L2nQ7RxTiSHW5BFoPHOy9DyP4AB79Jo43xrB_6CCfrClruHUJkvtXHOwdccApx1bpo3mzqIHFmgQZTt7ohPF8bYIt8GLIRVvdJyI1wwcnPJVEKlFLkACvMvshCYmf1j-wVdWqNNPWyjJ-C-hK8yM/s320/WhatsApp%20Image%202022-11-13%20at%2009.10.21.jpeg)
-
Kintunan ABAH AMIN di BANYOLAN SUNDA 16/01-2017 Ojeg: Ongkos Ngajegang Korsi: Cokor di Sisi ATM : Artos Tina Mesin WC : Wayahna Cingogo ...
-
Makna Dari Semar Badranaya Kyai Lurah Semar Badranaya adalah nama tokoh panakawan paling utama dalam pewayangan Jawa dan Sunda. T...
-
Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukap...