Selasa, 24 Januari 2017

Bisnis Cemilan

KIntunan : @Benno Lawian - Banyolan Sunda

*CANGKANG CAU*
Tangka Cau kacida pisan seueur mangpaatna. Ti kawit tangkal, bogol, daun dugika buahna.
Malahan ayeuna aya cemilan anu diolah tina cangkang cau. 
Mirah tapi nilai ekonomisna luhur. Bilih aya nu bade nyobian bisnis anu bahan bakuna tina cangkang cau mangga dicobian.

Cara ngolahna gampang.:
1.keueuman cangkang cau ku cai uyah salami 10 menit. Supados geutahna ical
2. Tuuskeun salami 5 menit
3. Teras Goreng ulah dugika garing
4. Campur vanila sacekapna
5. Angin-angin dugika tiis
Saparantos kitu mangga cobian eta goreng cangkang cau.
Rasana, kumaha?
Ah.duka teuing atuh..Naaa meni kadedemes teuing.
Monyet waé embungeun ngahakan cangkangna mah......

https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/ 



Diudag Bagong

Kintunan @lurah rancabanyol- Banyolan Sunda

Harita teh jam 02 peuting. Jang Benno jol hudang bari ngagurubug.
Wing : "Kang kunaon wengi-wengi tos gugah bari jeung ngagurubug deuih?"
Benno : "Nya eta bieu teh ngimpi diudag-udag bagong, mani cape kieu."
Wing : Euleuhhhh lunya teuing. Tos atuh eta mah da sakur ngimpi. Urang teraskeun deui we bobona atuh."
Benno : "Moaal ah bisi bagongna ngadagoan keneh"

https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/
https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/


Senin, 16 Januari 2017

PREMAN INSYAF

Kintunan ; Bebeb Wild Bavink

Di hiji Tajug nu aya di lembur tatangga,
Dina waktu Sholat Magrib, makmum silih tunjuk pikeun jadi imam. da Waktu harita teh imam nu biasa keur gering.
Kabeh mugen arembungeun da ngarasa beurat tanggung jawabna keur mah teu biasa.... teu kungsi lila Mantan Preman sebut we ngaranna Didin maju kahareup jadi imam, keun ku aeng cenah...!! Tegas euy imam teh gerentes hate
Rakaat kahiji bacaan Fatihah jeung surat Al Ikhlas, lancar Norolong.
Pas Raka'at kadua, saenggeus maca Al Fatihah makmum geus Aamiin, si Imam cicing wae nepi ka 10 menitna can maca keneh surat...!!!
Makmum geus cuk crek aya nu ngadehem jeung pura-pura batuk oge... teu kungsi lila...si Imam ngalieuk ka tukang bari nanya, Wios Kulhu deui..??? Serentak makmum ngajawab... Wioooooooossss....!!! Pang tarikna suara Bagoes jeung AA Moel da kadenge suarana serak2 jibrug.
Atuh Shalat na batal kabeh....Haddeuhhh.... Ďidin Didin..

https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/

KIRATA Dikira-jkira Jadi Nyata

Kintunan ABAH AMIN di BANYOLAN SUNDA 16/01-2017

Ojeg: Ongkos Ngajegang
Korsi: Cokor di Sisi
ATM : Artos Tina Mesin
WC : Wayahna Cingogo
CLBK: Coba Lamun Boga Kabogoh
SMS : Susuratan Mahi Saeutik
Sukro : Suuk di jero
Bonus: BOsen NUngguan Salaki
Jelema: Merejel ti Ema
Pengacara: Pengangguran Loba Acara
PVC : Pipah Varanti Cai
Narkoba: Nasi Rames Kopi jeung Bala-Bala
PIN : Pribados Identitas Nomer
UTS : Ujian Teu Serius
PO BOX: Dipoyok Dilebox
STTB: Sakola Tamat Tapi Belegug
BBM: Bahan Bakar Mahal
Dasi : Dina dada ngarah aksi
ABG: Asa Beuki Gendut
LGBT: Lalaki Ganteng Beuki Tutut
Bimoli: Bibir Monyong Lima Senti
Semah: Ngahesekeun nu boga imah
KO : Keok Oge
BPKB: Beungeut Polos Kalakuan Buraong
S3: saban Saptu Setor
HP : Harewos Patebih
Tawadu: Tara Mawa Duit
Antapani: Antara Cinta Tapi Euweuh Kawani
Cipadung: Cita-Cita Papah Hayang Nyandung
STMJ: Semester Tujuh Masih Jomblo
DP : Duit Pamanjer
PKK: Pamajikan Kurang-Kerung
Bohay: Boro-Boro Hayang
CCTV : Camera Cicing Tiluhureun Vanto
L : Logor
M : Meujeuhna
S : Sereg
XL : Xacida Logorna
OTW : Oke Tungguan We
GBHN : Gede Bujur Hese Nangtung
SOS : Salametkeun Oge Sadayana
UUD: Ujung-Ujungna Duit
VIP : Venting Ieu Pisan
VVIP : Vang Ventingna Ieu Pisan
GWS: Gering Wae Silaing



https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/

Kamus Ageung Bahasa Inggris - Sunda versi 1

Kintunan : Rio Nizan Muhamad di grup Banyolan sunda

Kamus Ageung Bahasa Inggris - Sunda versi 1
1. Spending a lot of time with doing nothing: *NGAJEDOG.*
2. Talk too much about unimportant things : *NGACAPRUK.*
3. Fall backward and then hit own head : *NGAJENGKANG*
4. Falling forward and may hit own face : *TIKUSRUK*
5. A small sharp thing, embedded inside one finger's skin: *KASURA*
6. Have much less knowledge : *BELEGUG*
7. A little chair made from woods : *JOJODOG*
8. People who always annoy other people: *Si KEHED*
9. Man or woman who has an ugly face: *GORENG PATUT*
10. Just take rest but didn't sleep : *GOGOLERAN*
11. Meals made from rice which is covering by banana leaf and have much of surprise inside : *LEUPEUT*
12. The situation when your brain need more oxygen : *HEUAY*
13. People who have attitude more mature than her age : *KOKOLOT BEGOG*
14. A Type of People Who Have a Long Chin : *CAMEUH*
15. a little something disgusting in your eyes : *CILEUH*
16. That moment when you walking after the rain and mud is on your shoes: *JEBLOG*
17 People who's talking him self with unhappy face: *KUKULUTUS*
18. People who doesn't know anything but feel so good: *CILEUPEUNG.

Endonesiana
1. Menghabiskan banyak waktu dengan iseng:

2. Terlalu banyak bicara tentang hal-hal yang tidak penting:

3. Jatuh kebelakang lalu memukul kepala sendiri: *

4. Jatuh ke depan dan mungkin memukul wajah sendiri: *

5. Hal kecil yang tajam, tertanam dalam satu jari kulit: *

6. Telah jauh lebih mengetahui: *

7. Sedikit kursi terbuat dari kayu: *

8. Orang yang selalu menyakiti orang lain: *

9. Pria atau wanita yang memiliki wajah jelek: *

10. Baru saja mengambil istirahat tapi tidak tidur: *

11. Makanan yang terbuat dari beras adalah dengan daun pisang dan memiliki banyak kejutan di dalam: *

12. Situasi ketika otak anda membutuhkan lebih banyak oksigen: *

13. Orang yang memiliki sikap lebih dewasa daripada dia usia: *

14. Jenis orang yang telah lama chin: *

15. Sedikit sesuatu yang menjijikkan dalam matamu: *

16. Momen itu ketika anda berjalan setelah hujan dan lumpur yang ada di sepatu anda: *

17 orang yang membicarakan diri dengan tidak bahagia: *

18. Orang yang tidak tahu apa-apa tapi merasa begitu baik: * 
.

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...