Rabu, 28 Desember 2016

SLIMING TII

Kintunan ARIF MULYANA - Banyolan Sunda

Ceuk batur, Si Ohim lain nu utama, tapi mawa pangaruh anu lumayan gedé Manéhna bisa ngajadikeun rumah tangga beuki harmonis, awét teu maké rajét, jeung bisa nyenangkeun indung budak" Kumaha carana...?" Cekeng
" Teu pira, gedéan saeutik "
Babaturan seuri bari ngiceupkeun panon katuhuna
" Heueuh...kumaha carana?" Cekeng teu sabar
" Ku cara tradisional wéh. Murah, gampang, jeung babari".
Geus tilu minggu ngurus Si Ohim, pamajikan teu d béjaan, maksud téh rék méré surprés Ngan rarasaan rada aya nu béda. Unggal geus ti cai sok tumanya
." Bener kitu ieu téh...?" Tapi naha ngadon ngaleutikan!! Léos ka dapur, pamajikan keur nyicikeun cai panas kana téko
" Mam...hampas entéhna tong dipiceun nya !!" Cekeng.
" Muhun mangga.." 
Pamajikan tonggoy. Pangangguran ningali dus cangkang gigireun téko.. Ngagebeg, waktu maca tulisan dina dus " Slimming Tea ".... Tiwaaaassss..



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...