Minggu, 15 Desember 2013

CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!


CARITA RARIWEUH PAKEPUK !!!

Kintunan @Rosita Sita Rynaldy

Bos : Eu ... Sri siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian !!
Sri : mangga Pa ... siaap !! (nelpon kasalakina) ... Halo Pah ... sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor ... eu .. pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah ... sigana mah uih na rada wengi ( nutup telepon).
Salakina Sri : (nelpon ka salingkuhanana Guru) ... Halo beib ..kadieulah urang hepi hepi , di bumi teu aya sasaha ... si bawel uihna wengi ... ok diantos nya say ... siiiplah (bari nutup telpon).

Bu Dewi (guru) : Eu barudak , kumargi ibu aya kaperyogian... ayeuna bebas ... bubar !! .

"Horrrreeeeee..... " sora barudak meni reang , si Cecep nyokot HP tina kantongna .. tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo Pah , ayeuna Cecep bebas ... sakola dibubarkeun kumargi ibuna aya kaperyogian , anteur ka toko buku teh ayeuna weh nya Pah , ku Cecep diantosan di sakola ... oke paaah ... daaaah ... (nutup telepon) .

Bos : (nutup telepon , langsung mencet deui interkom ka sekretarisna ) Eu ... Sri rapat teh teu tulus !! ... si Cecep budak bapa hayang dianteur heula ka gramedia .. ya .. ya ... enjing weh..

Sri : (nelpon deui kasalakina) ... pah ... pah ... wios tong emam di rumah makan padang .. mamah teu cios rapatna ... rapatna di cancel ku bos !! (nutup telpon).

Salakina Sri : Euuuh ... kacaw !! (nelpon deui) ... Beib ,tong cios ka bumi teh ... iya si bawel teu tulus balik peutingna ... kacaawww !!.

Bu Dewi (guru) : hey .. hey ... barudak ... hayoh lalebet deui.. urang diajar deui ... ibuna teu cios aya peryogina....

"huuuuuu...." sora barudak anu geus rek balalik anu geus kaluar ge digareroan deui sina asup ... siCecep nyokot deui HP tina kantong , tuluy nelpon ka bapana...

Cecep : Halo paaaah .... ka gramedia teh tong cios ayeuna , teu cios bubarna... kacaaww !!.

Bos : (mencet intercom , tuluy ngomong ka sekretarisna) ... Sri rapat teh ayeuna ,,, oke informasikeun ka kepala bagian kabeh Sri !! @#%* :))

Sabtu, 14 Desember 2013

Budak teu uyahan

Kintunan @obie kabayan abinya hayqalli

Aya mojang urang kampung bau lisung kuliah disalah sahiji universitas di bandung

Ceritana manehna minder kusabab biwirna suing (hapunten anu suing), akhirna nelpon ka kolotna di lembur:

Mojang: "Mama,abi di dieu sedih pisan teu aya jajaka anu naksir ka abi, lantaran abi suing.."

Mama: "Tenang neng.. Kin mama ngical sawah nembe neng operasi nya, pasti loba anu kapincut ku neng geura"

Sababaraha bulan kaliwat si mojang beres di operasi nelpon ka kolotna deui.

Mojang: "Mama,abi tos bagja pisan lantaran seu'eur pameget antri ka eneng trus ayeuna tos kakandungan.."

Mama: "wuajig kehed,kolot mah geus ngajual sawah pikeun nutup biwir maneh nu luhur.. Naha maneh kalah ka biwir Nu handap di antep muka, dasar teu uyahan budak teh ,,,,,

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...