Jumat, 11 Februari 2011

NGADU LALEUR


Dok. Fotografer.net


Ku Tengkoe Fabianz

Hiji kelurahan di Sukabumi nu dipimpin ku lurah Jack ,lurah sok ngarasa wirang kuparipolah anak awewena nu ngaran Melly ,Umurna geus meujeuhna dewasa tapi can hayangeun kawin. Kabeukina ngadu, naon wae sok diadukeun timimiti muncang, kaleci, gambar hayam, oge domba. Kusabab nyandu pisan ngadu tungtungna teu hayangeun kawin.

Kaayaan budak anu samata wayang kitu, atuh akhirna Lurah mere saembara sing saha anu bisa ngawin anakna baris dibere sagala rupa. Tah kitu omongna ka Uhe salaku pagawe kalurahan

Uhe :"Leres ieu teh pa moal kaduhung?"
Lurah : "bener uhe daripada anak uing teu jelas kahareupna"

Hiji mangsa Uhe pasangrok jeung Neng Melly dijalan ,

Uhe : nembe uih neng?
Melly: muhun kang
Uhe :tos timana neng ?
Melly :uih ngadu jangkrik kang
Uhe : kengging
Melly : kengging atuh kang da di desa ieu mah jangkrik abdi mah teu aya
lawan

Uhe :sae nya Neng jangkrikna. Tapi eneng kungsi ngadu laleur teu ?
Melly :alah nembe terang abdi mah kang kumaha cara na kang?
Uhe : Yuu diditu di caket tangkal kai nu itu! bari nunjuk tangkal kai gede

Uhe : kieu neng tah ieu aya laleur dua, sok ayeuna laan erok eneng
Melly : leres ieu teh kang?
Uhe : leres neng sok urang cobian tah suku laleur kudu ditalian ku bulu
taeun eneng ,abdi ge nalian hiji laleur kanu bulu taeun abdi
Melly : ari cara diaduna kumaha kang?
uhe :kieu neng, laleur na tos ditalian nya?
melly : atos kang
uhe : sok der urang deukeut keun laleur na terus bari diadu keun nya ?

bakat ku hayang meunang neng melly teh jiga nu resep nga dedeut eta laleur bari nga jorowok " paeh siah laleur ...paeh siah laleur "

Isukna Neng Melly nyampeur keun deui ka kang Uhe, bari mawa laleur sakeresek meunang newak , terus ngaharewos ka Uhe "He urang ngadu laleur deui, yuu?"

2 komentar:

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...