Rabu, 15 Desember 2010

JAM DINDING

Kintunan : FOel Khan Swazeneger

Aya masjid dihiji lembur hampir tiap poe sok kaleungitan barang-barang,maklum masjid anyar tangtu barang nu aya dijerona alanyar,geus sajadah,karpet,mic,nu terakhir mah jam dinding.Kulantaran aral parasantri ngayakeun gempungan nu caritana mah rek di pancing ku jam dinding mahal tur alus.

Pondok carita peutingna jam dipasangg terus para santri kabeh nyumput.
sajam,duajam nepi ka rek subuh si maling teh euweuh muncul,atuh santri teh kalaluar ti panyumputana,terus ngobrol dimasjid nepi teu karasa kasararean,

pas ninggang ka adzan subuh aya hiji santri nu lilir terus kaget da ampir wae kabeurangan..manehna langsungg gep wae kana mic,gorowok ngomong...
Santri:"Bapak2...ibu2...mangga urang munajat sasarengan netepan subuh berjamaah, kumargi jam di masjid parantos...(ret manehna kana jam dinding anu napel luhureun pamimbaran)..lengit deui siah goblog..dasar maling kurang ajar"

kasebelan...ceuceuleuweungan bari teu sadar mic on air,atuh warga sa kampung gujrud harudang kabeh maroro ka masjid ningali jam anu leungit deui!hehe...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...