Rabu, 15 Desember 2010

NYONYA VS IJAH


KIntunan WIRA HIDAYAT

Pastina si nyonya geus kaliwat kasabaran sabab unggal poe teh si ijah pembantuna lamun ngumbah wadah pasti aya anu peupeus. Lamun teu piring, mangkok atawa gelas. Malah harita mah guci badag di ruang tamu tiguling ku si ijah nepi ka paburantakna. Ceunah kadupak waktu keur ngepel.

Nyonya (jengkel): ijaaaaahh.... barang gawe teh euweuh kabalegan mane mah !! Bisa beak atuh banda urang ku polah maneh. Matakna ari gawe teh make ieu sia teh tah ijaaah !! (bari nunjuk kana sirahna sorangan) tong make ieu...... !! (bari nunjuk kana dengkulna).

Ijah: Punten nyonya, mana kieu oge rupina abdi teu cocok damel didieu teh bade liren we.

Nyonya: alusss !!! ...... mending indit maneh mah ti imah aing....!!

Lima tahun ti harita waktu si nyonya keur dahar di restoran anu pang badagna di kota eta ujug-ujug aya anu nyampeurkeun awewe geulis bari renceum ku perhiasan.

Nyonya: ijaaaah....?! (bari semu heran) maneh ieu teh ?!
Ijah: Muhun nyonya, abdi anu kapungkur damel di bumi nyonya... (meni kalem)
Nyonya: anu bieu turun tina mobil mewah teh maneh ijaaah? (masih keneh heran)
Ijah: Muhun nyonya, apan eta teh mobil abdi
Nyonya: aduh gening jadi beunghar kieu maneh teh ijah?, masih keneh gawe atawa kawin jeung pengusaha?
Ijah: Abdi masih keneh damel nyonya. Mung abdi mah damelna teu nganggo ieu (bari nunjuk kana sirahna sorangan) tapi nganggo ieu... (bari nunjuk kana selangkanganana sorangan)
Nyonya: ???????

Hayang ditawaran

Kintunan JAck Bluesman

Hiji poe jang Akung rek balik ka Cicalengka. Manehna indit ti Jakarta make beus jurusan Jakarta-Garut. Kabeneran manehna diuk gigireun hiji wanoja geulis, ngora keneh nu keur mangku orok lalaki. Manehna rek nyusuan eta orok nu titadi runghak renghik wae, duka lapar duka sawan ningali aya jang Akung diuk gigireun indungna..
Wanoja: "Enggal kasep anaking.. sok ieu enggal gera nyusu.. Upami henteu, ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapaliheun mamah..".
Eta orok angger embungeun diwewelan susu indungna, angger keneh runghak renghik.. Aya 2 jamna eta wanoja ngolo bari ngupahan orokna..
Wanoja: "kasep, bageur.. Anaking... Enggal gera eu'eut ieu susu.. Bilih ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapalih.."
Orok angger mumul, kalahkan beuki tarik ngarenghikna.. teu karasa aya kana 4 jamna eta orok rewelna..
Wanoja: "enggal atuh kasep, gera di eu'eut ieu susuna.. Mamah isin kunu sanes upami kedah mukakeun acuk payuneun nu sanes.. Upami alim wae, engke ku mamah dipasihkeun ka Um nu calik disapalih.."
Batan repeh eta orok kalakah beuki motah bari terus ceurik..
Nempo kitu jang Akung katempo keuheul bari tuluy pok nyarita:
Akung: "Bu, punten.. abdi bade tumaros, eta si jalu orok ibu titadi pan alimeun dipasihan susu, hanas abdi ngantos2 titadi aya kana 4 jamna, kedahna tadi abdi turun di Cicalengka, kulantaran abdi ngantosan kaputusan ibu, bade dipasihkeun kasaha eta jantena, abdi janten kacandak ka Garut ayeuna teh.."
Wanoja: ????? (olohok...)

DI SHOLATKEUN

Kintunan Uwa Urang

Diumumkeun mah parantos dina toa masjid, tuh ust. Ojak Tos siap-siap. atuh ma'mumna parantos ngarempel aya kana 40 urangan. Ari nu deuk di sholatkeunna kamana, ieu teh???????

LIBUR KIAMAT

Kintunan : Ki Lurah

Guru Agama keur ngajelaskeun kajadian kiamat disebutkeun gunung gunung bakal bararitu, planet-planet di angkasa bakal diaradu bumi bakal bareulah. sanggeus beres nerangkeun guru agama nanyakeun
"sok bisi asa anu deuk naroskeun, mangga!"
Si Ojak budak anu sering bolos ngacung. " Sok Ojak aya naon tara tisasari ngacung
Ieu pa Guru, "Upami kiamat sakola diliburkeun, moal ??????"

BASO RAOS

Kintunan Vitman Muhamad Fahri


kulantaran baso na ngeunah jeung nu meuli loba, pok si Udin nanya ka tukang baso bari samutut..
" Pak baso na raos sareng nu meser ge meni seueur.." ceuk si Udin
" Alhamdulillah.." ceuk tukang Baso musam meuseum
" Tos lami icalan baso ? " si udin nanya deui
" nembe pisan..tabuh 8 enjing-enjing.." ceuk tukang baso telmi..
" ?????#$%^" " si Udin kerung campur bingun

JAM DINDING

Kintunan : FOel Khan Swazeneger

Aya masjid dihiji lembur hampir tiap poe sok kaleungitan barang-barang,maklum masjid anyar tangtu barang nu aya dijerona alanyar,geus sajadah,karpet,mic,nu terakhir mah jam dinding.Kulantaran aral parasantri ngayakeun gempungan nu caritana mah rek di pancing ku jam dinding mahal tur alus.

Pondok carita peutingna jam dipasangg terus para santri kabeh nyumput.
sajam,duajam nepi ka rek subuh si maling teh euweuh muncul,atuh santri teh kalaluar ti panyumputana,terus ngobrol dimasjid nepi teu karasa kasararean,

pas ninggang ka adzan subuh aya hiji santri nu lilir terus kaget da ampir wae kabeurangan..manehna langsungg gep wae kana mic,gorowok ngomong...
Santri:"Bapak2...ibu2...mangga urang munajat sasarengan netepan subuh berjamaah, kumargi jam di masjid parantos...(ret manehna kana jam dinding anu napel luhureun pamimbaran)..lengit deui siah goblog..dasar maling kurang ajar"

kasebelan...ceuceuleuweungan bari teu sadar mic on air,atuh warga sa kampung gujrud harudang kabeh maroro ka masjid ningali jam anu leungit deui!hehe...

WY

Kintunan : FOel Khan Swazeneger

Saking nyaah ka kabogohna si Uhe nuliskeun (tato) ngaran kabogohna dina belut manehna, tatona teh "WENDY",tp waktu belutna teu hirup(keur murungkut) tulisan tato nu katempo teh ukur"WY",tp lamun keur hudang jelas pisan WENDY.

Hiji mangsa asup ka WC da hayang kiih,pagigir jeung urang arab,ret kareret kumanehna,belut boga arab ge aya tato WY sagala,atuh panasaran si Uhe nanya:
Uhe: Mister,pacarnya namanyah WendY ya?
Arab: La..
Uhe: Koq sama tatona WY,pasti panjangna WendY! (uhe bari nempokeun tato manehna kabeneran belutna keur hudang)!

Arab: La..La..Ente lihat,Iqro...(siarab bari ngagosok belutna supaya hudang),terus nempokeun ka si Uhe. Si Uhe colohok meunang memenitan mah basa maca tato na belut arab..tulisana "Welcome to saudi arabia happy nice a daY"

Kembar 2000


Kintunan :FOel Khan Swazeneger

Di RS Rancabanyol,aya 4 salaki nu keur sarua nungguan pamajikan nana masing2 rek ngajuru. Keur aruplek ngobrol datang dokter ti kamar bersalin trus nyalaman salaman ka salaki ka 1.
Dokter : wilujeng Pak,putrana kembar 2!
Salaki ka 1: Hatur nuhun Dok,pas pisan sareng padamelan abdi ti PT. CAKRA KEMBAR"

teu lila,dokter ruangan ka dua kaluar trus nyalaman salaki ka 2:
Dokter : Wilujeng ah Pak,putrana kembar 3!
Salaki ka 2: Hatur nuhun Dok,pas pisan sareng job abdi sadidinten damel di PT. sement 3 roda.

teu lila dokter ruangan ka tilu kaluar trs nyalaman salaki ka 3.
Dokter: wilujeng,putra bapak kembar 7!
salaki ka 3: nuhun dok,teu panasaran da sapopoe gawe di pabrik inuman 7-up!

Salaki anu ka 4 nu ngabandungan titatadi lsg wae kapiuhan....manehna teu bisa ngabayangkeun jumlah anakna soalna manehanana teh karyawan senior di PT. AUTO 2000...!hehehe...

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...