Kamis, 03 Juni 2010

MANG OJAK CURLING

EKOLNA MANG OJAK
Geus 3 tahun mang Ojak muka tambal ban, tempatna strategis pisan, euweuh saingan aya oge saingan jauhna 3 KM. Hiji waktu aya jelema nunungtun motor, dileret ban na kempes, alhamdulillah cenah boga rejeki. "kunaon den, Bocor?" "sumuhun mang matak ditungtun ge" "Urang parios,nya" "Sok atuh enggalkeun abdi... rusuh"
--------------------
Pas dikaluarkeun ban jerona "eleuh geuning rajet, kedah digentos, atuh ieu mah?" "Aya kitu ban weuteuh?"Ke...urang pilari" mang ojak kokotengtengan neangan ban weuteuh "Euleuh gening seep, aya oge ban tilas nembe 3 tambalan""Cik sabaraha ban urut?" "Upami anu weuteuhna 25 rebu, ieu tos aya 3 tambalan. wioslah janten 35 rebu, we" Tembalna kalem. Kulantaran perlu pisan nya tungtuna mah deal weh 35 rebu.

*ide carita tina Sabulangbentor 4 kaca 97
Lihat Selengkapnya
29 Mei jam 12:26

1 komentar:

  1. menyukai ini.

    Vitman Muhammad Fahry
    upami anu tos nang ngaduruk sabaraha ?
    29 Mei jam 13:38 ·

    Wiwin Widaningsih
    tah tukang tambalna teh pinter... ari mang Ojak sigana keur lieur....
    29 Mei jam 14:15 ·

    Epeng Surepeng
    Sabenerna mah ban anu weuteuh ge aya........geus apal kuring mah kana kalakuan mang ojak.
    29 Mei jam 14:28 ·

    Iwan Rudi Setiawan
    Tapi Permaenan Mang Ojak bersih, tibatan dina emberna di ayakeun paku pikeun nambahan anu bocor
    29 Mei jam 16:25 ·

    Kang Iwan
    Asa enut ka Istrina Mang Ojak anu gendut, Upami bade sapatemon teh Istri Mang Ojak sok dikeueum heula dina jolang gede, dipilarian anu ngerebekna teras dicocokan ku Panyocok Bak Mandi
    29 Mei jam 16:41 ·

    Ablo Abdul Wahid
    Awas kang Iwan engke di wartoskeun ka mang ojak , da mang ojak teh emang abdi , hehehe
    29 Mei jam 21:24 ·

    Barangbang Semplak
    Anu jelas kang Iwan...sapatemon teh naon..
    Sapa = 7, Temon = 0, 7..0 tujuh puluh....
    30 Mei jam 15:18 ·

    Kang Iwan
    sapa teh diadu, temon bobogaan conto tegur sapa =diadu obrolan
    30 Mei jam 18:20 ·

    Barangbang Semplak
    henteu kitu dugi ka ringsek diadu mah....
    kamari pendak sareng ki Obrol cingkud, warosna tilas diadu...
    30 Mei jam 21:43 ·

    BalasHapus

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...