Mimitina mah teu kudu dicaritakeun da geus aya dina status. Samemeh indit kuring sholat sunnat heula dua rokaat, sangkan ditangtuyan ku ALLah SWT kalayan beres roes teu aya halangan saperti bedil macet, atawa nembakna henteu akurat.
Di Medan pertempuran Kuring ngagunakeun siasat pajuang baheula Gerilya, "Pes.."lampu-lampu nuhurung dipareuman. Samar-samar musuh datang, langsung deku diteruskeun ku tiarap. Angsrod....angsrod kuring ngeteyep, Gep nyepeng granat, samemeh dialungkeun diusapan heula, teu lila gep sumbuna digegel, deuk ditarik, ah sieun ngabeledug dina biwir. tuntungna dileupaskeun deui weh. Gep deui kana granat hiji deui, da aya dua granatna teh, kitu deui siga anu mimiti.
Akhirna turun ka lebak aya rungkun rada pajurawet, ku kuring disingray-singray keun, geus jelas musuhna langsung nyiapkeun bedil, Dor....dor ...dor ditembakeun. aduh eta peluru ngan ditewakan. Kuring hayoh nembakan eh ku musuh hayoh ditewakan wae. tungtuna kuring leuleus bales nembakan itu sarua leuleus bati newakan peluru.
Tungtuna kuring ngajoprak leuleus itu oge sarua leuleus. Atuh perang teh draw euweuh anu eleh jeung euweuh anu meunang
Blog ini mengajak pembacanya untuk melakukan imut kanjut, artinya membuat senyuman yang manis dan menggemaskan
Kamis, 27 Mei 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Daftar Isi
Pelantikan Pengurus MUI Jawa Barat
sumber catatan
-
Kintunan : GANJAR WIJAYA Ditengah imah sapasang salaki pamajikan keur ngobrol. pamajikan: "kang, kunaon meni sedih?" salaki: ...
-
Indung : "Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka Ema teh?" Nyai : "Aeh muhun, tadi teh lepat masihan, kedahna kanggo s...
-
Makna Dari Semar Badranaya Kyai Lurah Semar Badranaya adalah nama tokoh panakawan paling utama dalam pewayangan Jawa dan Sunda. T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar