Minggu, 29 Mei 2011

Pencet Bintang

Kintunan Jack Bluesman
POe sabtu isuk2, Uhe panggih jeung Tengfu Fabianda nu katelah disebut Mang Anda..

Mang Anda: "Kunaon maneh geus muyung kitu He, jiga hayam nu keur pilek wae?"
Uhe: "ieu HP abdi, ngeusian pulsa ka Mang Jurex teu asup2 wae ti mangkukna.."
Mang Anda: "geus nyobaan nelepon ka Customer Service na acan?"
Uhe: "Atos ti kamari oge, ngan abdi dibohongan!"
Mang Anda: " Di bohongan kumaha?"
Uhe: "Saurna upami bade nyarios sareng Operator kedah neken pager, ieu abdi ti kamari haben neken pager bumi mitoha ge teu aya gening eta Operator nu kaluar, dugi ka abdi diseuseulan ku mitoha gara2 pager bumina dengdek kieu.."
Mang Anda: "Beu! Untung keneh Uhe, maneh teu dititah neken bintang!"
Uhe: " Na kumaha kitu Mang?"
Mang Anda: "Nya kacipta weh mun dititah neken bintang, ilaing kudu hiber atuh ka awang-awang.."
Uhe: ???? ooohhh... enya nya... (bari ngahuleng, da angger teu ngarti..)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...