Kintunan DENI HERMAWAN
# Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1432 H ieu, hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina hilaf sinareng dosa. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.
# Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.
# Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran shiam 1432 H. Hapunten samudaya kalepatan.
# Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1432 H. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.
# Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran shiam 1431 H. Hapunten samudaya kalepatan.
# Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 Syawal 1432 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.
# Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran shiam 1432 H.
# Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran shiam 1432 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
# Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Shiam 1432 H . Taqobalallahu minna wa minkum.
# Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an. Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiam 1432 H
# Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kahilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu minna wa minkum. Wilujeung Boboran Shiam 1432 H.
# Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran shiam 1432 H. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum
# Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam.
# Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Shiam.
# Bersih galih nu diperedih, léah manah nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.
# Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1432 H
# Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura ka papada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum
# Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawarga, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Ilahi, hampura diri ka Gusti Nu Mahasuci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng Boboran Shiam 1432 H.
# Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran shiam.
# Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumakaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran Shiam 1432 H. Taqobalallahu mina wa minkum shiamana wa shiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
# Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqobalallahu minna wa minkum, taqoballahu yaa kariim.
# Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1432 H ku kabungahan tur kaihlasan.
# Ti lahir dugi ka batin. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaihlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1432 H.
# Wilujeng boboran siam 1432 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
# Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumakaning batin.
# Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran
# Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri nembongan. Neda sihapunten
# Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun, diri silih sucikeun, mudah-mudahan urang sadayana janten jalmi nu taqwa.
# Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballahu minna wa minkum, taqoballahu yaa kariim.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar