Minggu, 29 Mei 2011

Bacaan keur Nu Gelo

Kintunan : ABAH AMIN
Aya 2 urang nu gelo rek deukeut ka cageur, sok matuh nangkring di pos ronda Rancabanyol. Katingal maranehna gulinggasahan, kesel euweuh kagiatan.

"Geus urang maen catur, yu?" ceuk nu gelo kahiji nu baheulana pernah cicing di Jepun.
"Hayu wae. Tapi papan caturna oge panan euweuh!" ceuk nu gelo kadua nu baheulana jadi paraji sunat/bengkong.
"Eh, panan urang-urang bisa gelo ge, lain bakat ku pinter? IQ-na gede teuing? Naon hesena atuh make catur bayangan alias catur buta?" ceuk nu gelo kahiji.
"Heueuh, bener! Geus we aya na pikiran urang we bidak jeung papanna mah! Paling make patokan lengkah A1, B1, C1...jst. OK deh!" ceuk nu gelo kadua bari diuk pahareup-hareup. Maranehna anteng mikir. Ma'lum catur bayangan, anu gerakna ge ngan ramo. Mindahkeun kuda, benteng, nepi ka raja kabehanana ngan aya na bayangan. Aya kana dua jam maranehna catur, nepi:
"Skak mat euy! Eleh maneh!!" ceuk nu gelo kahiji. Nu gelo kadua ngaku eleh. Tuluy maranehna cengkat, arindit ka walungan... rek ngojay.

Karek ge maranehna ingkah 100 meteran ti pos ronda. Aya Hansip Benno ngadatangan pos ronda. Manehna gogodeg bari nulak cangkeng, tuluy ngageroan nu gelo duaan:
"Euy!! Bereskeun atuh geus catur teh! Ieu pion nepi ka pabalatak kieu!!"

Nu gelo ngan patingharuleng kerung.
"Dasar hansip setrip!" ceuk nu gelo kadua bari moleskeun curukna kana tarang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...