
Ku Foel Khan Swazeneger
Sore tadi mah gede milik pisan, waktu nganteurkeun jas na dokter nu tinggaleun dina mobil boss besar, ujug2 aya wanoja nyangka kuring dokterna, jeung keukeuh harita keneh menta pangmariksakeun kasakitna cenah teu kuat, manehanana ngeluh nyeri pinareup karasana asa tareuas. Nya kulantaran maksa kapaksa we di cobaan dirarampa,bener we teuas, sa ba'da rarampa, wanoja tadi nanya serius pisan.
Wanoja: kinten2 panyawat naon Dok?
Kuring : "bari rada ngaharoshos" ieu panyawat tos repot Teh, jabi kitu nular pisan.
Wanoja: Naha tiasa kitu Dok?
Kuring: Muhun mangga we tinggal, sabada nyampaan pinareup teteh nu teuas, ayeuna janten barang kuring ngilu teuas! hiks.
NYAAH KA INDUNG
Indung memang leuwih utama tina sagala-galana boh kudu dibandingkeun jeung pamajikan oge.Aya Hiji pangalaman nu ngabuktikeun eta kalimah diluhur, nu netelakeun yen indung lewih utama jeung nanaon.
Di Bandara aya hiji lalaki kaleungitan pamajikana, geus bingungeun pisan manehanana, sieun pamajikana kumaha onam. Manehna panggih jeung Budak leutik nu keur ngabangingik ceurik,cenah papisah jeung indungna.
Lalaki eta nanya ka budak: Ari Indung ujang ciri-cirina kumaha?
Jawab Budak: Indung ujang jangkungna 172cm, geulis sareng dadana ge sexy sapertos Angelina Jolie, bodina denok langsing sapertos gitar spanyol, imbitna papanting, kulitna bodas mulus, nganggo rok mini sareng sapatu jangkung sapertos Jenifer lopez pak!
Lalaki olohok bari rada haripeut: "haaaahhhhh...trus..trus..kumaha Jang?
Budak: Dupi garwa bapak kumaha ciri-cirina?
Lalaki: "Ah...tong dipikiran Jang pamajikan bapak mah, nu utamana mah hayu urang panggihkeun INDUNG hidep, kubapa di baturan nepika panggih!hiks.
TINGGALEUN RADIO
Baraya panginten masih aremut gegedug preman anu tos insyaf tur janten muadzin juma'ahan?Inalillahi, saurna manehna teh tos ngantunkeun minggon kamari.
Mung kumargi manehna teh kawitna jalmi baragajul tukang mabok, sahaok kadua gaplok teu kaop nempo anderok sok cilimit, pasti baraya ge moal ngaduga kana ka anehan nu tos aya di kampungna.
Ayeuna teh nuju gujrud margi dikuburan si preman teh tiap subuh jeung sore sok kadenge sora nu ngaji. sabada dititenan nyaan sorana teh teu salah kaluar ti jero kuburan almarhum preman.
Kulantaran jd kapanasaran kabeh sa lembur, akhirna ketua RT oge RW mutuskeun rek ngagali eta kuburan, sanggeus mupakat akhirna subuh2 waktu ba'da sholat basa sora ngaji kadenge tina jero kubur,masyarakat mimiti ngagali kuburan, nu mana sa-encan nepi ka liang lahat nu ngagali manggihan radio bogana tukang gali tinggaleun waktu ngurug tiheula nguburkeun,eces pisan keur siaran ngaji 2 ayat deui meureun lekasan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar