Minggu, 01 Januari 2012

DOA PANGUSIR JURIG

Kintunan NYI IROH

Dina hiji poe aya budak sakola TK balik ngaji satas magrib. Di jalan budak teh kacida ngagebegna waktu ningali aya nu ngabelegedeg ngarupaan jurig. Si budak kaweur jeung bingung kudu kumaha sangkan bisa ngusir jurig tea, kulantaran di sakola manehna kakara diajar dua doa, nyaeta doa rek dahar jeung doa rek sare. Tapi kalayan teuneung jeung ludeung, gorolang we manehna ngadoa :

"BISMILLAHIR ROHMANIR ROHIM. ALLAHUMMA BARIQLANA FIIMA ROZAQTANA WA QINAA AZAABANNAR. AAMIINNN..".

Ngadenge doa budak tea, na da eta si jurig teh lumpat ngabecir, bari noroweco: "Anjiiir, kakara aing rek didahar ku budak leutik!"











2 komentar:

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...