Senin, 04 April 2011

IKHLAS



ku Ablo Van Tazik

Masih emut basa masantren kapungkur di manonjaya , da pangangalaman eta teh moal hilap dugi ka ayeuna , maklum ku kolot teh di pasantrenkeun jeung lanceuk kang Benno sureno supaya jadi jalema bener ,
Tapi lanceuk kuring teh tingkahna sok nyeleneh , saperti basa kajadian harita basa mama Saep nuju nerangkeun masalah kaikhlasan , yen saurna Mama teh urang teh ulah pelit ulah disimpen2 upami gaduh rejeki , saparantos nerangkangkeun kitu ari pek teh teu euleum2 kang benno teh , duuuuuuuuut , hitut satakerna , mama saep kacida kagetna ningali tingkah kang benno kitu ,
Ari ceuk mama teh : benno ari ilaing boga kasopanana teu ?
kang Benno : gaduh atuh mama
Mama : naha eta bool maneh kelepna geus dol ??
Kang Benno : tadi kan saurna mama teu kenging pelit ka batur teh , nya ku abdi sadaya di pasihan supaya kabagean .
mama : Benooooooooooo ..... geura omeh sia teh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...