Jumat, 06 Agustus 2010

Ngawas UAS

Ku: Iwan Rudi Setiawan


Rebun-rebun Uwa geus miang ti imahna muru sakola, kabeneran poe eta dibere tugas ngawas barudak anu ujian alias UAS, ngan basa kamari bali sore manehna kahujanan, anu antukna kaasupan angin, keur peuting teu sempet dikerok jeung duit benggolna oge euweuh. Di ruangan uj...ian anu simpe, teu kadangu sakecet-kecet acan ceuk paribasana mah ragrag jarum oge pasti kadangu. Sakumaha biasa tambah kesel si Uwa kukurilingan nalingakeun barudak, ngan pas ditengah-tengah, pelepes teh si Uwa hitut. untung teu disada. ngan eta bau na teu katulungan. irung barudak pada diparengpekan ku leungeun. "ajuhhhhh mani bau kieu, saha nu hitut teh, teu sopan ", ceuk Ojak salaku KM ngelingan Geus jadi kabiasaan barudak sok silih tuding, " tah si Ojak anu hitut mah", ceuk si Udin. "Naon siah, tong nuduh sambarangan" Tembal si Ojak semu muncereng Tungtungna eta kelas jadi ribut, si Uwa kawalahan, Jang nenangkeun deui kelas pamustungananan si Uwa ngomong "Geus...geus tong Ribut", Tuluy si uwa bari lajag lejeg ngumumkeun. "Sing saha anu ngaku Hitut, baris dibere jawabanan', atuh ngadenge kitu barudak teh ngaraku "Abdi ....pak,.......Abdi .......Pak",

1 komentar:

  1. Vitman Muhammad Fahry
    abdi ngacung terus nembal anu hitut mah uwa beda weh bau na bau aki2..

    Ibu Ade
    wahahaha..............si uwa bandar hitut.

    Iwan Rudi Setiawan
    ha....ha...ha ... si uwa salamet

    Retna Ay
    Neng sampe pingsan...batal teu UAS..bauna siga kawah gunung tangkuban parahu...

    Mang Ndien Kamal Pa...Abdi....hoyong deui..... abdi hoyong deui........!!!!

    *Mamaksa si Uwa kudu hitut deui....*

    BalasHapus

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...