Jumat, 27 Agustus 2010

Kaca Mata Ti Akung





ku Jack Bluesman
Hiji poe jang Apud indit ka toko kaca mata kang Akung, manehna kataji ku hiji kaca mata nu numutkeun kang Akung tiasa tembus pandang. Waktu harita manehna make eta kaca mata, sakabeh nu aya didinya katingali teu dibaraju alias bulligir.. Jang Apud nyobaan ngalaan eta kaca mata, jelema nu aya didinya kabeh jadi dibaraju deui.. Dipake deui, kabeh jadi buligir!

"Hebat!" ceuk jang Apud bari sura seuri tuluy mayar eta kaca mata ka kang Akung nu bageur gagah tur kasep. (Eta disebut kitu teh lantaran kang Akung nyuguhan nginum cai herang basa kuring datang ka tokona.. Komo mun nyuguhan es krim nya? bisa2 disebut geulis! hahay...)

Jang Apud tuluy balik ka imahna bari angger make eta kaca mata, teu lila manehna nepi ka imahna, manehna hayang nembongkeun kaca mata eta ka pamajikana, jang Apud teu manggihan pamajikana nu biasana sok aya di ruang tengah bari lalajo telepisi, jang Apud tuluy neangan pamajikana ka kamarna..

Jang Apud nempo pamajikana keur buligir jeung lalaki tatangga manehna. Jang Apud ngalaan kaca matana, tapi pamajikana jeung eta lalaki masih keneh buligir.. Dipake deui eta kaca mata tembus pandang teh, duanana masih angger buligir.. kadua kalina manehna make deui eta kaca mata bakating ku panasaran, angger keneh duanana buligir!
Bari jeung keuheul jang Apud ngomong: "Heuh! kaca mata mahal2, cenah produk anyar ti luar nagri, kakara sakeudeung dipake oge geus ruksak!".
Tuluy indit deui ka toko kaca mata kang Akung maksudna rek complain gara2 kacamatana teu fungsi jiga tadi..

Kacaritakeun jang Apud geus nepi deui ka toko kang Akung, tuluy manehna nyaritakeun kajadian basa tadi nu ka alaman basa di imahna..
Jang Apud: "Kang, ieu kaca soca teh gening reksak.."
Akung:"Reksak kumaha kang? Apanan enggal keneh eta teh?"
Jang Apud:"Abdi tadi ngangge ieu kaca soca waktos dugi ka rorompok, abdi ningal pun bojo nuju duaan sareng pameget tatanggi abdi di kamar, duanana buligir... Ku abdi dilaan ieu kaca soca, angger keneh buligir.."
Akung: ?????????

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...