Kamis, 14 November 2013

SAREBU LAWAN SAJUTA

Kintunan DEDEN

Basa deuk ka Jakarta Naek Kareta seuneu Mang Ojak kabeneran boga bangku pahareup-hareup jeung Pangusaha Sukses anu ngaranna Deden Gembol, Panguaha ieu teh kaitung pangusaha anu pinter sagala pasoalan geus pasti bisa dijawab. Mimiti naek nepi ka Cianjur teu pisan silih tanya, komo deui ngawangkong. Tungtungna Deden Gembol muka carita nyinglarkeun ka kesel
"Kang, Urang tatarucingan Yu, lamun kuring teu bisa ngajawab akang dibere sajuta, Tapi mung akang teu bisa ngajawab cukup we mayar sarebu. Kumaha???"
"Sok, atuh mimitian"
"Cik 12345679 kali 9, Sabaraha?"
"duh lieur ah Kakalian mah." SOng ngasongkeun duit Sarebu
"Jawabna 11111111" bari ngabuktikeun dina kalkulator
"Ayeuna nu gampang saha anu nyiptakeun lampu?"
"Duka atuh, da abdi mah teu sakola" Bari ngasongkeun deui duit sarebu
"Ayeuna abdi eun, lamun Asup Sukuna Hiji mung Kaluar sukuna dua. Hayoh naon?"
Leng Deden Gembol ngahuleng rada lila mikir. tuntungna kapaksa mere sajuta.
Mang Ojak Atoh naker dibere duit gepokan aya pameungkeutna tulisan sajuta.
Teu Karasa Kareta geus nepi ka station Gambir, Deuk turun Deden Gembol panasaran nanyakeun tatarucingan anu tadi. " Kang ari tadi jawabanna naon" teu lila kusiwel Mang ojak mere duit sarebu, Terus indit muru tempat anu dituju, bari jeung rada atohhhh.(Ide carita ti babaturan SMA)

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...