Selasa, 25 Desember 2012

Wawangsalan (Diajar)

Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyokAngeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodoAreuy leuweung mérang daun, ulah sok japil us galih = pulusAringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompongAsal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwungAya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séroAya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udaraAyeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga


Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...