Selasa, 25 Desember 2012

Wawangsalan (Diajar)

Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyokAngeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodoAreuy leuweung mérang daun, ulah sok japil us galih = pulusAringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompongAsal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwungAya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séroAya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udaraAyeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga


Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng

Minggu, 30 September 2012

Nya Ceuk Uing Oge


Si Mamat teh murid kelas 5, tapi bangorna kacida. Unggal poe ngomongna kana jorang bae, Guru kelasna oge geus apal kana kalakuanana.
Dina hiji poe, keur pelajaran bahasa Indonesia, guru bewara ka murid-murid, : “ Barudak saha nu bisa nyieun kalimah nu huruf hareupna M. Si Mamat buru-buru ngacung, : “ Abdi bu Guru ..” cenah bari getap pisan. Ku sabab apal kana kalakuan si Mamat, ceuk bu Guru teh, : “ Nu sanes !, entong Mamat, ….”. guru sieun Mamat nyieun kalimah nu jorang tea.
Ceuk murid nu ditunjuk bari sumanget pisan,: “ Merah darahku, putih tulangku ! “.
Ayeuna make huruf K,T ….”. Mamat ngacung deui. Tapi bu Guru tetep teu ngijinan, sieun Mamat nyieun kalimah jorok.
Murid nu kadua : “ Kokohkan persatuan bangsa !…”.
Murid nu katilu : “ Tak gentar membela yang benar ! …”. : “
aluus, pinter-pinter geuning murid ibu teh…” ceuk bu Guru reueus, : “ Ayeuna nyieun kalimah ku huruf Z …”. Si Mamat ngacung deui, kusabab nu sejen euweuh nu ngacung, jeung bu Guru oge mikirna lamun Z mah teu aya pijorangeunana sigana mah, : “ Sok ayeuna Mamat !….”. 
Mamat : “ Zainuddin bu …..”.
Bu Guru, : “ Kunaon Zainuddin ? sok teruskeun …”.
Mamat : “ …kanjutnya gede !! …….”.
Bu Guru : nyaa...ceuk aing oge

M. Windu Setiawan (Banyolan Sunda)

Jumat, 25 Mei 2012

SI ODED JAGOAN

Kintunan JAJA SUJA'I 

 

Dinagri Muangthai  sok di ayakeun rupa-rupa lomba keur ngahibur rahayatna. Harita Raja ngayakeun  saembara mindahkeun gajah muangthai anu pang gedena beuratna 18 ton. 

Sing saha anu bisa mindahkeun gajah bakal dibere hadiah 1/2 negri Muangthai rek dibikeun.
 

 Acara dimimitian
#Peserta ka 1 ti India mimiti ngadorong tapi eta gajah teu oyag2 acan...
#peserta ka 2 ti Arab carana ngabedol ku tali tapi  gajahna  teu rongret2 acan...
#peserta ka 3 ti tuan rumah nyaeta ti Muangthai boga awak jangkung badag nyered eta gajah tapi tetep teu regrog-regrog

 "Kabeh jagoan geus beak jeung kabeh euweuh nu bisa"
Si Oded keur dagang su'uk jeung kulub hui ngarasa hayang nyobaan....
Gajleng weh si oded katengah lapang pakalangaan atuh grrrr weh nu nonton pd nyeungseurikeun jeung nyurakan si Oded keur mah pendek pecekrek leutik teh hideung deuih. Sing gorowok wae anu lalajo ngaledek,,,
 

Beuki bingung we Si Oded garo-garo teu ateul kana sirah teh. Suuutt weh manehna nyundut roko supaya tambah wani meuren.
 

Jol nguriling weh si Oded tuluy nyurungkeun bujur gajah, ngan rokok anu dina leungeun teh, josss weh disundutkeun kana bujur gajah, atuhhh gajah teh indit pindah da panaseun. grrr weh anu lalajo teh pada surak.

 Si Oded dicalukan ku Raja. Kulantaran si Raja pedit, jeung ngarasa can puas, Pok weh Raja teh Nyarita :"Hadiah rek dibikeun asal bisa nyumponan 3 syarat deui"

Syarat ka hiji cik sirah gajah sina gigideug
Leos weh si oded teh katengah lapang deui ngadeukeutan gajah...
Si Oded  ngadeukeutan ceuli gajah bari ngaharewos"daek teu disundut deui maneh jah",,,atuh sigajah teh gigideug geleng2 embungeun.

Grrrrrrr panonton surak deui

Syarat anu kadua Sirah gajah kudu Unggeuk-unggeukan.
Si Oded ngaharewos deui :"ah nu benerrrr jah" sigajah manggut-manggut2 ungut2an (bari sieun disunut deui)

Syarat anu katilu gajah sina balik deui ka tempatna.
Si Oded (bari ngaharewos deui ka gajah) "ari daek disundut cicing didieu maneh jah" atuh gajah teh pindah ka tempat asalna da embungeun disunut bujur deui mah....
Si Oded bungaheun pisan hehehe jadi lah uing jalma beunghar teh aing rek Ngawin ka juleha peres teh,,,
 

Odeeeeeedddd hudaanggg siah geus beurang
oded # !?:/!?*#?!

Senin, 21 Mei 2012

Adzan

 Kintunan WENDI HERDIAN

Obrolan bapak jeung anak, lantaran sono ka anak anu lila masantren.

bapa teh rek nanyakeun "sugan ujang nyaho hukumna dina agama, unggal poe ari nu adan di masigit kunaon umumna sok mempeukan ceuli,sugan ujang terang...?

anakna nyaho ka adat bapana anu sok loba heureuy...

anakna ngajawab: ",saterang abdi mah upami adan mempekkan baham moal kaluar sorana;......"

bapa: "heueuh lulus maneh jadi santri jang..."

ESEMKA VS ESPEGE

 Kintunan Pedang Matahari

Setelah mobil ESEMKA sukses menarik minat masyarakat, maka di pertengahan tahun 2012 ini akan segera diluncurkan type terbaru yaitu "ESPEGE" dengan keunggulan antara lain :
1. Lebih cantik modelnya....
2. Lebih mudah dikendarai...
3. Lebih empuk dan nyaman...
4. Bisa pake BBM dan bisa juga pake SMS.... ... ... ...
"ESPEGE" adalah kendaraan terbaik di dunia,karena :
1. Memiliki 2(dua) lampu depan yg menawan...
2. Memiliki 2(dua) bemper belakang yg indah...
3. Otomatis mengeluarkan pelumas sendiri saat panas...
4. Distarter hanya dengan sentuhan jari...
5. Ganti oli mesin otomatis setiap bulannya...
6. Dapat digunakan piston ukuran apa saja...
7. Beragam posisi berkendara dan mudah disesuaikan...
8. Aksesorisnya mengagumkan...
9. Irit bahan bakar, 9bln hanya diisi 5ml...
10. Memiliki tenaga/kekuatan yg mengagumkan...

Walaupun lebih banyak kaum pria yang memilh type ini, tidak menutup kemungkinan wanita akan merasa nyaman pula mengendarainya.
Dapatkan "ESPEGE" di pameran2 di kota anda!

Rabu, 22 Februari 2012

Foto kagiatan BANYOLAN SUNDA

BUKU PIKASEDIHEUN

Kintunan : GANJAR WIJAYA
Ditengah imah sapasang salaki pamajikan keur ngobrol.
pamajikan: "kang, kunaon meni sedih?"
salaki: "ieu keur maca buku. carita akhirna meni sedih." bari ciramabayan
pamajikan: "buku naon kitu, kang?"
salaki: "buku tabungan....".
heheheheh

NYA Henteu GOBLOGGGGG

 Kintunan : Herry B. Kartamanggala
Kacaturkeun aya hiji aki-aki beuki ngomong kasar, cenah. Teu ka budak teu ka nu saumuran, beletak-beletak wé make babasan kasar.
Hiji waktu manéhna nguseup. Geus aya kana tilu jamna nguseup can beubeunangan beunteur-beunteur acan.Teu lila, aya budak leutik ngaliwat ka deukeut si Aki, terus tatanya,
“Nuju naon, Aki...?”
Si Aki ngajawab, “Na teu kadeuleu? Apan ieu keur nguseup, belegug!”
Si Budak nanya deui, “Parantos kénging laukna, Ki?”
“Acan, goblog. Tatanya wé, siah..!”, walon si Aki
“Aki nganggo eupan naon?” Si Budak nanya kénéh make babasan lemes….
“Nya ku cacing atuh, ‘njing!”, jawab si Aki murukusunu.
“Pantesan atuh, sesah nyanggutna upami ku cacing mah. Cobi ku siki ceremé dibubukeun, teras digaley kana aci.”
Si Aki nanya, “bisa kitu?”
“Nya henteu atuh, goblog!” Ceuk Si Budak bari lumpat.
Si Aki reuwas. Sapanjang umurna can kungsi disebut goblog ku sasaha ogé. Ari ieu ku budak lemét disebut goblog… Hayang ambek tapi budak geus kabur, nahan ambek teu bisa, napasna hukhék, nepi ka maotna di dinya kénéh. Jantungna coplok, cenah.

Selang carita, Si Aki geus dikuburkeun. Sabada anu ngurebkeun bubar, layon Si Aki disampeurkeun ku dua makhluk. Anu hiji mawa gegendir. Makhluk nu hiji deui nanya, : “Salam, Ki. Ari Aki keur hirup di dunya kagungan agama?”
Ceuk Si Aki, “Nya boga atuh, belegug!”
Éta dua makhluk reuwas kacida. Nu mawa gegendir maju, pokna téh, “Aki, cobi upami ngawaler téh nganggo basa anu lemes. Sugan wé Aki tiasa hirup balik deui ka alam dunya…”
Ceuk Si Aki, “tiasa kitu?”
“Nya henteu atuh, goblog!” ceuk éta makhluk bari habek nakol sirah Si Aki ku gegendir.
Si Aki paéh deui...

Kamis, 19 Januari 2012

Sami

Kintunan : TOTO HERMANTO


Pak Menteri anu keur sidak di pasar tradisional nanya ka ema-ema  tukang  Kupat tahu
Pak Menteri : " Ibu atos sabaraha lami icalan Kupat? "
Tukang Kupat: " Atos aya 15 tahunan pak "
Pak Menteri : " Dupi putra ibu aya sabaraha, geuning teu aya nu mantuan ibu? "
Tukang Kupat : " Pun anak aya opat pak, tapi sadayana sibuk ku padameulan di Jakarta "
Pak Menteri : " Dimana kitu putra-putra ibu damelna di Jakarta teh? "
Tukang Kupat : " Anu Cikal  di KPK, adina di DPR, anu pangais bungsu  di Kejaksaan, tah anu bungsu mah  di POLDA Metro "
Pak Menteri : " Hebat!. . . ibu ieu teh pantes disebut ibu teladan sanajan Dagang Kupat Tahu oge tapi barudakna  jadi jelema kabeh " (Semangat jeung sumringah pisan pak menteri masihan contoh ka para staf jeung wartawan anu ngiring acara sidak). Tuluy manehna nanya deui. Pak menteri : " Dupi budak ibu teh naon pangkat jeung jabatanna? "
Tukang Kupat : " Sami sapertos abdi bapak, Dagang Kupat !! "

Bapak Menteri olohok bari ngahuleung seepeun pertanyaan . . . 

Selasa, 03 Januari 2012

SMS NYASAR

Kintunan NYI IROH

Aya nu nga sms ka iroh kieu cenah:
Geulis !! ieu mamah. Make nomer anyar. Mamah keur aya masalah di kantor polisi,  menta tulung pang nganterkeun cai sa ember, inget cai saember lain pulsa. Pulsa mah mamah oge loba. Mamah keur ngilu ngising di kantor polisi, caina saat.....burukeun ulah seuri......... mamah can ombeh yeuh..inget geulis, cai sa ember nyak!!.. Lain pulsa!!


Minggu, 01 Januari 2012

Curug Orok- Garut NAKULA (Nafakuran Alam)

Miang ti Bandung jam 10-an, make motor 7 eusina 10 urang, tanggal 27 Desember 2011 tujuan anu dijugjug kacamatan Cikajang Garut dimana ayana anu ngaran CURUG OROK, atawa CURUG kembar. Jarak Garut ka curug orok sakitar 35 Km, arah Bungbulang. Jalan ka curug orok lumayan endah jalanna lega sanajan loba pungkal-pengkol maklum da ngaliwatan bukit-bukit. Cuaca anu mimiti angkeub karasa seger teu panas. Nepi ka lokasi jam 1.30. pas hujan ngagebret Badag, Kuring jeung babaturan ngiuhan heula ditempat ngumpulkeun enteh jang diawa ka Pabrik enteh, ngan teuing Pabrik anu mana, sabab di lokasi eta mah teu aya pabrik enteh, ngan kebonna wungkul.


Sabot ngiuhan muka heula timbel anu dibekel ti Bandung daharna ngariung bari silih tukeuran deungeun sanguna. Beres muka timbel Gugum, Hendi jeung Dian, tarurun heula ninggali lokasi curug orok. Kuring jeung anu sejenna mah nungguan we di tempat eta.


Aya meunang sajam anu nyurpey can keneh emol-emol, nya kukuring disusul make motor da arah ka curug jarakna 300 m. Bari Uyup- ayap jalan atuda kabut turun mani kandel jarak titinggalian ngan aya kana 5 meterna. Pas dihareupeun Plang kadangu aya sora "euyyy........Euy.....Euyyyyy" teuing saha ngan katinggali siga jelema, pas dideukeutan teh sihoreng panjaga karcis. Teu lila torojol anu tiluan.




Tah ieu geuning Orokna bijil ti handapeun pancuran

Ditempat ieu kuring ngiuhan heula bari nungguan rootna hujan.

 Suka Cita nepi ka curug siga naek gunung MontEverest nancebkeun bandera peserta anu aub Askur, Haris, Hendi,Taupik, Gugum, Dian, Iwan dan istri, Entis, Suherman, 


Iyyyyyyyy tiriiiiiiiiisssssss, mani baal caina. Ceuk urang dinya "Abdi mah teu kiat ngeueum dicurug eta mah"
"Wios ah abdi mah da hoyong nyobian, kumaha Tiriiiiiissss na eta cai curug"
 Tah ieu gambar curug orok anu ceuk urang dinya mah curug Indungna. Sabab disebut curug orok teh pedah aya awewe miceun orok di ieu tempat. Ditempat ieu aya sababaraha curug, ngan gambar eta curug anu panggedena, luhurna kurang leuwih 25 meter-an. 


Lokasina teu jauh ti jalan gede, nepi tepas curug teh sakitar 300 m, terus jalan ka curug kurang leuwih 500 m, jalan pudunan. Tempat parkir lalega, malahan tempat panginepan oge aya sababaraha kamar. Ditempat deukeut ka Curug aya kolam pamandiaan, sanajan leutik tapi cukup jang 100 urang mah ngojay di balong eta.


Hujan ngecrek oge terus we dipilampah da hayang geura nepi. barang ninggali curug kacape jadi leungit kagantian ku kabungah



Ngagaya ah


KNALPOT

Kintunan Lurah Rancabanyol
Irfan Arifuddin, Humas Rancabanyol, Shandy Zhigo, hidep kudu jadi lalaki siga RX King, Ulah siga Vespa. Kumaha kitu? enya lamun hideup siga Vespa mah Tanaga gede ngan KNALPOT Pondok.

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...