Blog ini mengajak pembacanya untuk melakukan imut kanjut, artinya membuat senyuman yang manis dan menggemaskan
Rabu, 24 Agustus 2011
CAPCUS LEKONG
Kintunan Jack Bluesman
Ieu mah kajadian asli waktu kuring cuti keur aya di Bandung, harita pun lanceuk kaleresan nuju aya urusan kursus di Bdg ti kantor. Anjeuna gaduh Kapster salon langganan di Ciwalk, nu katelahna Cici, padahal mah aslina teh ngarana Toto, blasteran Jawa Sunda.
Pun lanceuk nyarita ka kuring, kieu pokna teh:
Euceu: "Pang jemputkeun si Cici ti salon di Ciwalk, urang rek ngajemput make mobil, pasti macet kadituna. Geus weh jemput make motor, bonceng kadieu"
Kuring reuwas waktu dititah ngajemput eta waria, tuluy nembalan..
Kuring: "Euceu, cing kira2 weh atuh nitah teh, amit2 kudu ngabonceng si Cici mah, kumaha mun pas disetopan abdi panggih jeung babaturan? Pastina bakal geunjleung engkena, gara2 uing ngabonceng waria. Yeuh euceu, daripada akika musti jemput itu pere kajajaden, mending eike ongkosin si Cici pake angkot kesindangnya dweh. Secara nanda kalo eike bonceng diana, apa kata dunia? Memangnya akika lekong apaan pake jemput2 diana segala? Aih.. Najis tralala dweh jeng!
Euceu: "Halaaahhhh... Eta gening maneh ngomong make bahasa waria? Timana mimitina?"
Kuring: aiiihhh.. Yey tuh yaa.. Begaol dwonk, secara jaman sutra canggih begindang, inforbeja ada dimana mana jeng, gampang dwonk, buka internet, jangan cuma bisa buka tali surga doank, tuh di FB ada kamus waria, di grup BS made in Abah Amin.. Disitu ada kamus waria sama dokumen carita waria asuhan jeng Bence, sakali kali mah itu Cici musti eike kenalin sama jeng Bence, eike jamin bakal cuco dweh..
Euceu: *olohok* Ah, naha balik tikapal teh maneh jadi kieu? Ujug2 bisa bahasa waria..
Kuring: nyaeta gara2 gaul sama jeng Bence, akika nyasab jadi begindang nih jeng..
Wrong Colour
Kintunan Ali Muhamad Agus
Si Odah TKI Anyar ti Kampung Rancabanyol, nembe sabaraha poe digawe di Amrik jadi pembantu di Imahna keluarga Mr. BROWN
Hiji poe si Odah di titah nelepon ku istri Mr BROWN
Istri Mr BROWN : "Odah.. Tolong Telpon ke kantor Mr. BROWN yah.."
Odah : "Baik.. Nyonya BROWN.."
Terus si Odah Nelpon ka kantorna Mr BROWN..
Odah : "Hellooww.. This is Mr BROWN..??"
Operator :" No.. No.. I'm Mr BLACK.. Can I Help You..?"
Odah : "Oh.. Sori Sir.. Wrong Colour..!!!"
Senin, 22 Agustus 2011
Diputuskeun
Kintunan Abah Amin
"Ku naon bet putus euy?"
"Ku naon bet putus euy?"
"Puguhan beda kayakinan!"
"Naha, beda agama?"
"Lain. Ari kuring yakin pisan, kuring teh ganteng. Ngan kabogoh kuring yakin yen kuring teh goreng. Matakna mindeng pasea! Jadi we putus!!"
ALATAN BUDAK
Kintunan Wardi Wiranata
Kacaritakeun kang Benno B Lawian Prawirajaya meuni segut tarawehan di 10 wengi terakhir ameh kawanehan ngaraosan lailatul kodar saurna mah... Sakalian ngatik budakna anu kakara 4 taun, atuh dibawa sholat ka Masjid .
Sholat isya dimimitian kakara oge dina ruku rakaat kahiji, na aya sora ti budakna "dutttttt!!!!!!" ceuk dina jero hatena: "Ya Alloh... sing dipaparinan hapunten murangkalih abdi"
dina ruku rakaat kadua, hitut deui eta budakna leuwih tarik, "dutttttttttttttt!!!!!!!!"
ngagerentes deui dina jero hatena: "duhhh Gusti.... tong kirang2 maparinan hapunten ka anak abdi"
ruku rakaat katilu, eta budakna hitut tambah tarik, "duttttt protttttttttttttt!!!!!!!"
beuki ngarasa dosa wae kang Benno teh, "Ya Alloh... hapunten samudaya ning kalepatan pun anak.... rumaos abdi kirang kana ngadidik na..."
pas ruku kaopat hitut deui eta budakna teh, "duttttt protttt pretttttt.. prettt.. prettttt..... brottttttt" ceuk kang Benno teh: "Ya Alloh........ boa2 modol sugan budak teh......
Disaruakeun
KIntunan AMO SUPARMO
Saprak jang Uhe reremoan jeung nyi Eha, matak gujrud salelembur kualatan jang Uhe teh geus ngarebut calon pamajikan LURAH DESA RANCABANYOL,nya ku SEKDES si Uhe teh dipariksa:
Sekdes: Kacida pisan maneh mah Uhe make ngarebut kikindeuwan pa Lurah.
Uhe : Na da abdimah ngengingkeun si Eha teh hasil jerih payah kaluar kesang badag sagala , ari pak lurahmah sok asa ngeungeunaheun sagala bro dijuru bro dipanto , sagala rupa teh sok sarakah hayang leuwih ti dua bae model , bari sok hayang anu masih gres wae.
Sekdes : ???????? Naha bet disaruakeun jeung barang euy...
NGINGETKEUN NGARAN POE
Kintunan Wira Hidayat
Enjing keneh Nyi Iroh sareng Amih Ade tos guntreng nyaritakeun salakina masing-masing anu tos pohoan bari milihan sayur di tukang sayur anu ngider ka lembur Ranca Banyol.
Amih Ade: aya ku kacida pohoanna caroge abdi mah Nyi. Unggal poe nanya ka kuring; poe naon ieu? Saking bosen ku Amih teh dipangdamelkeun we saputangan anu tos disulam ku ngarana poe saminggueun. Jadi unggal poe saputangana diganti sesuai ngaran poe.
Nyi Iroh : Sanes ngalelewe Amih, caroge abdi oge sami pohoan kana ngaran poe teh. Mung ku abdi mah dipasihan kaos kaki anu tos dinamian poe ti senen dugi ka ahad. Janten upami poho kana ngaran poe teh tinggal nyingsatkeun we lancingana ningali kana kaos kaki.
Tukang Sayur: Amang oge mindeng poho kana ngaran poe teh. Matak ku pun bojo dipangdamelkeun lancingan lebet anu tos dinamian ti Senen dugi
ka Ahad.....
Amih Ade & Nyi Iroh : ???
Ucapan wilujeng Lebaran 1432H
Kintunan DENI HERMAWAN
# Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1432 H ieu, hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina hilaf sinareng dosa. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.
# Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.
# Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran shiam 1432 H. Hapunten samudaya kalepatan.
# Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1432 H. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.
# Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran shiam 1431 H. Hapunten samudaya kalepatan.
# Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 Syawal 1432 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.
# Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran shiam 1432 H.
# Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran shiam 1432 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
# Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Shiam 1432 H . Taqobalallahu minna wa minkum.
# Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an. Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiam 1432 H
# Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kahilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu minna wa minkum. Wilujeung Boboran Shiam 1432 H.
# Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran shiam 1432 H. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum
# Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam.
# Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Shiam.
# Bersih galih nu diperedih, léah manah nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.
# Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1432 H
# Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura ka papada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum
# Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawarga, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Ilahi, hampura diri ka Gusti Nu Mahasuci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng Boboran Shiam 1432 H.
# Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran shiam.
# Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumakaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran Shiam 1432 H. Taqobalallahu mina wa minkum shiamana wa shiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
# Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqobalallahu minna wa minkum, taqoballahu yaa kariim.
# Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1432 H ku kabungahan tur kaihlasan.
# Ti lahir dugi ka batin. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaihlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1432 H.
# Wilujeng boboran siam 1432 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
# Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumakaning batin.
# Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran
# Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri nembongan. Neda sihapunten
# Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun, diri silih sucikeun, mudah-mudahan urang sadayana janten jalmi nu taqwa.
# Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballahu minna wa minkum, taqoballahu yaa kariim.
Langganan:
Postingan (Atom)
Daftar Isi
Empowerment TRK bagi Guru dan ASN
Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...
-
Kintunan ABAH AMIN di BANYOLAN SUNDA 16/01-2017 Ojeg: Ongkos Ngajegang Korsi: Cokor di Sisi ATM : Artos Tina Mesin WC : Wayahna Cingogo ...
-
Makna Dari Semar Badranaya Kyai Lurah Semar Badranaya adalah nama tokoh panakawan paling utama dalam pewayangan Jawa dan Sunda. T...
-
Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukap...