Blog ini mengajak pembacanya untuk melakukan imut kanjut, artinya membuat senyuman yang manis dan menggemaskan
Minggu, 29 Mei 2011
Bacaan keur Nu Gelo
Kintunan : ABAH AMIN
Aya 2 urang nu gelo rek deukeut ka cageur, sok matuh nangkring di pos ronda Rancabanyol. Katingal maranehna gulinggasahan, kesel euweuh kagiatan.
"Geus urang maen catur, yu?" ceuk nu gelo kahiji nu baheulana pernah cicing di Jepun.
"Hayu wae. Tapi papan caturna oge panan euweuh!" ceuk nu gelo kadua nu baheulana jadi paraji sunat/bengkong.
"Eh, panan urang-urang bisa gelo ge, lain bakat ku pinter? IQ-na gede teuing? Naon hesena atuh make catur bayangan alias catur buta?" ceuk nu gelo kahiji.
"Heueuh, bener! Geus we aya na pikiran urang we bidak jeung papanna mah! Paling make patokan lengkah A1, B1, C1...jst. OK deh!" ceuk nu gelo kadua bari diuk pahareup-hareup. Maranehna anteng mikir. Ma'lum catur bayangan, anu gerakna ge ngan ramo. Mindahkeun kuda, benteng, nepi ka raja kabehanana ngan aya na bayangan. Aya kana dua jam maranehna catur, nepi:
"Skak mat euy! Eleh maneh!!" ceuk nu gelo kahiji. Nu gelo kadua ngaku eleh. Tuluy maranehna cengkat, arindit ka walungan... rek ngojay.
Karek ge maranehna ingkah 100 meteran ti pos ronda. Aya Hansip Benno ngadatangan pos ronda. Manehna gogodeg bari nulak cangkeng, tuluy ngageroan nu gelo duaan:
"Euy!! Bereskeun atuh geus catur teh! Ieu pion nepi ka pabalatak kieu!!"
Nu gelo ngan patingharuleng kerung.
"Dasar hansip setrip!" ceuk nu gelo kadua bari moleskeun curukna kana tarang.
BLACK BOX
Kintunan Akoerlah
Aya tilu wanoja anu kabeneran bareng naek kapal udara, wanoja anu kahiji urang Sunda, wanoja anu kadua urang Manado, wanoja anu katilu urang Papua.Teu puguh kunaon sababna, kapal udara anu keur ditumpakan jol gagaléongan kawas anu rék ragrag. Wanoja anu ti Sunda gentak nyokot wedak jeung lipstik tuluy dangdan.
Dua wanoja gigireunna bingung, terus nanya: “Naha manéh maké jeung dangdan?”
Wanoja Sunda: “Biasana lamun kapal ragrag, anu pangheulana disalametkeun téh anu geulis!”
Wanoja urang Manado teu bisa narima, gentak manehna muka calana na. Urang Papua anu aya digigireun na nanya: “Naha manéh maké jeung muka calana sagala?”
Wanoja Manado: “Biasana lamun kapal ragrag, anu disalametkeun pangheulana nyaeta anu pingping na bodas!”
Urang Papua embung eleh, tuluy manehna mukaan baju jeung calana katut jeroannana nepika ditaranjang, atuh meni katingali lestreng sagalana.
Dua wanoja disagigireunna reuwas, terus nanya: “Naha manéh make jeung ditaranjang sagala?”
Wanoja Papua: “Lamun kapal ragrag, anu pangheulana ditéangan teh Kotak Hitam!”
Sabtu, 28 Mei 2011
KUCIWA
ku AKOERLAH
Néng Odah ngarasa héran ku polah dununganana. Unggal-unggal manehna asup ka rohangan dununganana téh sok murageun pulpen waé. Nya terus nanya ka babaturan sakantorna nu lalaki nyaéta Kang Encuy.
Néng Odah: "Kang Cuy, naha nya unggal Odah ka kantor si boss, pasti wéh si boss sok muragkeun pulpén".
Kang Encuy : "Mémang Odah tacan apal kitu naon alesanana? éta téh si boss hayang ngintip calana jero Odah!"
"Ha..ha..berarti si boss pasti kuciwa ku Odah unggal poé atuh kang?!" ceuk Néng Odah bari nyakakak seuri.
"Kuciwa? kuciwa kumaha kitu?" ceuk Kang Encuy panasaran rada teu ngarti.
"Nya, apanan Odah mah, salila ieu ogé tara maké calana jero!" ceuk Néng Odah datar bin polos...
Selasa, 24 Mei 2011
Ngatepel Irung
Benno B. Lawian
Arif Rahman:"Kunaon maneh teh bet ngatepel irung adi urang?,Wani mah jeung urang ulah ka budak leutik"...
Dhieka Saozan:"Naon da saya mah teu niat ngatepel irung adi maneh"
Arif Rahman:"alaaahh..tong ngabohong siah tuh saksina ge Budi Budy Trof.."
Dhieka:"Uing teh maksudna mah rek ngatepel curuk adi maneh..ngan adi manehna keur ngorong jadi we keuna kana irung"
Arif:"Dasar belegug.".*ngdegungkeun sirah Dhieka
Ciri Awak Cageur
Foel Khan Swazeneger
Di ranca banyol teh kawentar aya dokter umum jebolan california university nu masih ngora kacida nya eta dr.Is Tuning, kulantaran asa wawuh jajaka nu ngarana Ang Desta, panasaran ngahaja check-up awak ka eta dokter, da ceuk pikirna Is tunning teh pasti babaturanana waktu di IBTIDAIYAH rancabanyol. Waktu maranehna panggih bener pisan eta dokter teh tetela jeung eces sobat dalit, atuh teu burung Ang desta bungahna, pikirna bisa haratis cek-up ngamanfaatkeun sobat.
Geus tilu kali meureun anu ka itung mah, Ang desta ngan bolak balik check-up,hiji waktu anu terahir pariksa dr.Istuning rada kesel, pok nyarita:
dr.Is : karasa naon deui eung Des..geus kurumuy deui kadieu?
Ang desta: Biasa we kuring hayang cek-up awak...jaga kondisi jang kahareup kawin, meh vit.
dr. Is : kieu weh des, ari ukur cek-up awak sangkan nyaho awak urang NORMAL jeung henteuna mah bisa ku sorangan diimah!
Ang desta: Kutan? kumaha carana? naha atuh tikamari teu ngomong?
dr.Is: teu ngomong teh satadina sugan teh maneh moal mindeng kadieu, dina mindengna sugan teh rek mayar.
Ang desta: halahhh...ka babaturan meni itungan kitu, cik atuh naon nu kudu dipilampah diimah teh?
dr. Is: didinya lamun rek sare peuting siapkeun goreng jengkol sapiring, terus tambul nepi ka beak.
Ang desta: Halahhh...geuning gampang, terus kumaha saterusna?
dr.Is : isukna maneh kiih atawa ngaheujeun...lamun aroma nu kaluar bau jengkol eta tandana awak maneh NORMAL.
Ang Desta: Ari anu teu normal kumaha?
dr.Is : lamun aroma kiih maneh bau kadu montong atawa bau parfum Bulgaryekstreem atawa bau strowberry...eta tandana awak maneh teu normal, perlu diokname des!
Dokter Ahli Kaisinan
Ku Iwan Bagjasalawasna
Lamun asup ka dñkter huntu. Pasti di rohangan praktek loba gambar huntu. Blus ka dokter ahli jantung rimbil ku gambar jantung. Na ari asup ka dokter ahli ka isinan. Teu aya sahiji-hiji acan nuduhkeun ahli dina masalah eta
Kecap Kelamin sinonimna kemaluan. Kecap kemaluan basa sundana kaisinan
Kelamin = Ka isinan
Minggu, 15 Mei 2011
Abah AMIN Ngalahirkeun
Nyi Iroh
Jaman bareto mah jarang dokter asup desa teh, paling banter bidan. Atuh sakum warga rancabanyol mun aya nukarasa teh lumpat na ka bidan. Abah Amin geus sababaraha bulan patuangan na teh beuki bucitreuk. Kusabab sieun aya nanaon Abah Amin datang ka bidan Noer Hayati.
Bidan : aya naon pak?
Bahmin : ieu bu bidan, abdi teh tos sababaraha sasih patuangan beuki nga ageungan. Ngahaja kadieu bd diparios bisi ku ma onam... Ma onam tea tos kakoncara galakna.
Bidan : sateuacan na tos diparios kamana?
Bahmin : abdi teh kantos di parios ku dukun Is Tuning. Saurna aya nu ngaguna2 ngalebetkeun BMW kanu patuangan.
Bidan : teras kumaha?
Bahmin : bd dikaluarkeun teh dukunna nyungkeun PPN & PPh di transfer dimuka.
Bidan : aeh abot atuh ari kitu mah. Sok bapa ngagoler heula urg diparios.
Sababaraha menit bidan Noer Hayati ngahuleng.
Bidan : gening tos bukaan 9.
Bahmin : piraku bu bidan? Panan abdi mah pameget.
Bidan : puguh abdi ge heran. Tapi numutkeun kana hasil pamariosan nu dikandung teh anak gajah
Bahmin : mimiti yeuh bidan teh ngaco. Na nyimpulkeun timana?
Bidan : eta weee tos katawis tulalena tos kaluar
Rabu, 11 Mei 2011
ASTAGFIRULLOH
Dedi Sobari 'Akung'
Basa keur ngariung sarengsena mere ceramah, Mama ajengan Asec Teu Gelo Deui nanya ka santrina Sekdes Soekadimandja, mantan residivis nu mindeng kaluar asup Riau 11.
mama asec : maca naon lamun samemeh dahar des?
sekdes : bismillah
mama asec : lamun geus dahar?
sekdes : Astagfirulloh
mama ases : lain! Alhamdulillah atuh !
sekdes : eta kamari basa mama atos tuang di restoran geuning nyebat Astagfirulloh ?
mama asec: eta mah reuwas we ningali bon !
Proyek Tukang Jajaluk
FOEL KHAN SWEZENEGER
Kacaritakeun aya 2 Tukang Jajaluk ngobrolkeun rencana gawena,
P1(pengemis 1): Lur, dipikir2 target urang benghar ngadadak teh kuduna mah tercapey euy, asal urang komit!
P2 : Naha kumaha kitu brow...*cenah pinuh daria*
P1 : heueuh bayangkeun we,penduduk nagara indonesa teh aya 250juta urang, lamun sapoe urang target 100 juta urang terus nu saurangna mere saperak weh, kabayang meureun duit urang sapoe bakal meunang 100 juta perak?
P2 : heueuh nya brow..hayu atuh urang pada2 konsisten ngejar target, mangkaning duit ayeuna mah euweuh nu saperak mah, ayana ge geus mimiti ti 500 perak, wah kabanyang urang lsg beunghar sapoe ge broww...
kacaritakeun isukna manehanana papanggih deui,biasa kongko2 heula saacan jajaluk,
P1 : kumaha Lur,kamari teh sukses?
P2 : *Bari amek-amekan jeung kukulutus*...ah kuring mah rugiii...asli rugiii pisan brow, maenya sapoe kamari ngan ukur meunang 250 rebu perak sapoe jeput!
P1 : waahhh bener kuring oge rugi badag Lur...nepi wanci isa teh ukur meunang 160 rebu perak,bisa bangkrut lamun kieu wae mah Lur.
Keur jongjon kukulutus kitu torojol datang FOel Khan Swazeneger preman nu biasa menta jatprem kamaranehna..,atuh reup geuneuk-ray pias maranehanana, da pasti kudu nyetor ka si eta preman...,karek oge maranehna rek ngaluarkeun alesan sangkan duitna teu ka coceng ku preman ari gantawang teh si preman nyarekan bari tutunjuk...
"siah kalakuan teu mucus pisan maneh duaan, ngaromong rugi jeung rugi emang sapoe silaing ngamodal sabaraha juta bisa ngomong RUGI?????
P1+P2 :Olohok????
GELAR BANCI
FOEL KHAN SWAZENEGER
Ngarana Bencong ya bencong...sagala cari perhatian, gumeulis, hiji waktu mah ba'da ngahadiran ngurebkeun tatanggana, manehna gura-giru ngadeukeutan pak.ustad anu ngajajap pemakaman ku talkin,
Bencong: Asslamualaikum pa.ustadz,bade tumaros sakedik kengeng?
Ustadz: Mangga tong boro sakedik saseueur ge mangga Kang..eh Neng! ceuk ustad rada Bi...ngung!
Bencong: Kieu Pak Ustad,ari nu maot kan boga gelar keur lalaki ALMARHUM, keur awewe ALMARHUMAH...ari keur banci naon atuh gelarna?
Ustadz: *sajongjongan ngahuleng muter otak*
Hmmmmnnn...ari ceuk sayah mah gelarna ALUMUNIUM
Banci: Yey...pak ustad, Ieu mah BANCI lain PANCI......*bari rada jamedud
Selasa, 10 Mei 2011
MESEN LOTEK
Nini Darlieng
Ceu Iroh : Wilujeung SUmping akang, Base pesen naon?Mang Beno : Eu Aya Lotek Bu?
ceu Iroh : Aya!
Mang Beno: Pesen we Eta 2 porsi!
Ceu Iroh : Porsi ageung atanapi alit?
Mang Beno:Eu Porsi ageung weh bu!
Ceu Iroh : Cengekna Sabaraha?
Mang Benno: Nu 1 dua nu 1 sapuluh
Ceu Iroh: Nanggo kangkung??
Mang Beno: Enya!....Ceu Iroh: Nganggo Waluh??
Mang Benno:Muhun...! Ceu Iroh: Nganggo Engkol??!
Mang Benno: SIP!
Ceu Iroh: Engkolna bade Ti Cina atanapi asli jepang?
Mang Benno:Nu Mana we lah Bu.
Ceu Iroh: Kacangna bade di rendos atanapi di blender??
Mang Benno: (semu keuheul) Kumaha sia we lah Bu
Ceu Iroh: Kacang na bade mateng atanapi satengah mateng *lempeng*
Mang Benno: Goreng sing garing ibuuuuuuuuuuuuuuuu...!!!!
Ceu Iroh: Nganggo goreng bawang henteu??
Mang Benno: make atuh kasebelannnnnnnnnnn
Ceu Iroh: Di bungkus daun cau atanapi di piringan???
mang Beno: Di piringan we lah bu! Ceu
Iroh: Lisahna margarin atanapi lisah kalapa Bapa???
Mang beno: Jalantah we kuya (bari nyentak)
Ceu Iroh: Hatur nuhun pesenan parantos katampi,,, mung teu tiasa di cumponan *bari ngadelek*!!!!
Mang Beno: Naha kunaon atuh geus lila2 di tanya kitu di tanya kieu teu di laksanakeun???? *heran*.
Ceu Iroh Punteun pisan kumargi teu acan aya jalantahna....
Mang Benoo: ????????@@!!!!!
DAHAR JUKUT
Wira Hidayat
Sekdes: halah urang mah teu kaop dieusian beuteung teh pasti tuluy ngurubuk.Humas: naha tas dahar naon kitu ?
Sekdes: biasa we sangu jeung bala-bala.
Humas: cobaan atuh dahar jukut…
Sekdes: naha siling teh kumaha pipikiranna, urang kudu ngadahar jukut?
Humas: Pek we perhatikeun tu sapi oge lalintuh, kuda jaragjang, malah tara kabejakeun datang ka puskesmas….
Sekdes: ????
Nyi Sirintil Vs Tukang Sayur
Benno B. Lawian
Geus jadi kabiasaan di komplek mah nu jadi idola unggal isuk -isuk teh tukang sayur anu di tanggung.Eta tukang sayur teh kacida familiar pisan..ngarana oge keren Is Tuning..
Hiji isuk Mang Is tuning ngaliwat bari ngajerit..."SSAAYYYYY....uuuuurrrrrrrrrr"..ngadenge kitu Nyai Sirintil nu ti tadi nungguan,langsung ngabelesat muru panto.
Nyai Sirintil:..."Mang,antosan...Aya jengkol teu?"
Mang Is tuning"Ohh...aya atuh..tah kantun sabungkus"
Gek mang Istuning jeung Nyai Sirintil caringogo.keur milih jengkol ku nyai Nyai sirintil kareret Mang istuning seletingna muka jaba teu make salempak..atuh eta "bedog pusakana" memandang dunia.
Nyai Sirintil:Mang Is Tuning..cik atuh eta bedog ulah di lagar,bisi karatan"..bari nunjuk kana lebah seleting nu muka..
Mang Is Tuning:"Atuda ieu mah bedog teh teu kaop ningali SARANGKA sok langsung teterejel.."..ngompong kitu teh bari nunjuk kana plaebah daster Nyai Sirintil anu kabeneran soeh lebah etana...bari jeung eta Nyai Sirintil teu make under wear..atuh eta bedog jeung sarangka teh saling memandang...
TAH IEU CARITA NU KAMARI TEH..ngan ieu mah kana inti na we...hoream mikir deui
NU KIEU MAH CAWOKAH LAIN JORANG ATUH...MENI JOL MAEN HAPUS WAE...
Bener, Kabeneran, Dibebener
Benno B. Lawian
Bismillahirrohmannirohiim..
Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh..
Innalhamdalillah nahmaduhu wanasta'inuhu wanastaghfiruh wa naudzubillahi min syruri anfusina wa min syaiaati 'amalina mayyahdillahu fala mudilallah wamayyulil fala hadialah...
Washolatu wassalamu 'alaa asrifil anbiyaa-i war mursalin wa'alaa alihi washohbihi aj main..
Para hadirin walhadirot anu sami-sami linggih di ieu majlis,saba'dana urang manjatkeun puji sinareng syukur ka zat anu murbeng alam,anu parantos maparinan mangpirang pirang kanikmatan.nikmat cageur,nikmat sehat atuh nu utamina mah nikmat iman sareng nikmat islam..
Sholawat sareng salam mugia tetep di limpah curahkeun ka junjunan urang anu parantos muka jalan tina alam jahiliyah kana jalan caang sareng jalan hidayah ngajugjug kana mardhotillah.kapara sohabatna,kulawrgina,tug dugika urang salaku umat mantenna dugika akhir jaman.Nyatana Habibana wanabiana Muhammad SAW.
Hadirin rohimakumulloh..dina danget ieu urang ngabahas masalah bener jeung kabeneran..
Naon atuh ari bener?..bener teh AYA SABABARAH HAL..
- BENER ANU HAKIKI: Nyaeta Allah SWT anu Maha Tunggal eta Pangeran anu wajib di sembah teu aya sekutu,Nabi Muhammad SAW nyaeta utusan Allah, khotamin nabiyyi nabi urang sarerea.nabi panutup akhir jaman.
- BENER KABENERAN: tah ieu mah dongeng si kabayan...Sikabayan meunang surat ti si Abah mitohana,lantaran bingung teu bisa maca jeung euweuh titaheun keu maca eta surat.Akhirna eta surat ku si kabayan di soek keun.."WEEEKK"..sora kertas nu di soekeun teh..pikir si kabayan.."oohh,meureun si abah teh butuh meri,rek syukuran jigana mah"..Isukna si kabayan ngajug-jug ka imah mitohana bari mawa meri..barang nepi pok eta si kabayan nyarita "Bah,ieu meri pamundut abah teh..mitohana heran."naha maneh geningan apal kabayan Abah perlu meri ?"..."Ari abah,apan Abah ngirim surat..."Ooohh..enya..pasti nyi iteung nya nu macana da manehmah buta huruf lain?"..."Ah,eta surat teu di bikeun ka Nyi iteung bah,ku uing di soek keun..tah pan di sadana WEEEKKK..jiga sora meri"..."Ahhhaaahha..Meni KABENERAN ..bener teh euy"
- BENER DI BENERKEUN: Tah,ieu mah punten nya...ieu mah kalahkuan sabagean kaum ibu.Eta geningan upami dangdan rek ka ondangan,da tara dangdan ari keur salaki mah..GEUS NYAHO HALIS TEH BENER BENTUK TI AJALINA.MELENGKUNG..EEEEHHH,KALAHKA DI BENERKEUN KU PATLOT HALIS..MALAH BENTUKNA TEH SOK DI LEMPENGKEUN LAIN MELENGKUNG...tah mung sakitu dina dinten ieu mah..kumargi parantos janari cag dugi ka dieu heula..
- wassalamu'alaikum wr.wb
DOLEWAK
Tidolewak.....
IBU ADE
Kacaritakeun ieu kajadia teh taun 1981 , harita amih teh keur meumeujeuhna sumedeng... beukah, deulissss bin cumentil * gratis muji sorangan..heu *.Amih sakola di Bdg , nu jadi lanceuk jadi Bidan di RSU Pandeglang , Bdg - Pdlg geus jiga jalan ka cai waktu harita mah... Tiap nganjang kanu jadi lanceuk pasti peutingna diajak ngabaso. Kacaturkeun peut...ing harita oge kitu , leumpang duaan bari ngobrol ngalor- ngidul ...,ti Ciasem tujuan ka terminal Pdlg tempat mangkal tukang baso langganan tea.., jalan teh kadang poek..kadang caang...Keur enak-enak seuseurian.. naaaaaaaa....ari becemo teh..suku kenca nincak "sesuatu"...ala maaaa.....suku diangkat sendal anyar tinggaleun dijero.., disidik- sidik... gustiiiiii.....geuning tai mundinggg......, hiks hiks hiks..bari ceurik ..eta suku diasupkeun deui neangan sendal nu katinggaleun....Nu jadi lanceuk kalah akey-akeyan..lain nulungan..., nyeri hateeee nepi kaayeuna teu poho-poho..... * ulah nyeungseurikeun nya...da bageurrrr...*
NYIEUN KTP
IS TUNING
Méh resmi jadi warga Rancabanyol, Is Tuning datang ka Kantor Kelurahan Rancabanyol. Maksudna mah rék nyieun KTP. Ku Hansip Ang Désta dianteurkeun ka rohangan Sékdés.
Gék diuk hareupeun méja Sékdés.
"Aya naon ?" Sékdés nanya
"Badé ngadamel KTP.."
"Sarat-saratna dibawa ?"
"Naon kitu saratna ?"
"Surat pindah ti lembur saméméhna jeung poto 2 lambar"
"Teu aya surat pindah mah pa !"
"Naha euweuh ?"
"Duka atuh, da abdi gé ka lembur ieu téh puguhan kabawa palid.."
"Hmmm.. enya lah, kumaha didinya wé.."
Sékdes tuluy nyokot buku daptar penduduk. Rap kana pulpén.
"Nami sadérék ?"
"Sadérék saha ? pan teu gaduh sadérék abdi mah pa.."
"Lain ngaran dulur manéh, nanya téh ngaran manéh !"
"Owh, nami abdi ?"
"Enya"
"Is.."
"Panjangna ?"
"Panjang naonana, pa ?"
"Panjang bulu irungnaaaa ! Naa ari manéh, nya atuh ngaran panjangnaaaa..."
"Owh, sugan téh naon. Nami panjang abdi Is Tuning.."
Kotrét, Sekdés tuluy nulis.
"Hmmm..trus, umur sadérék ?"
"Apan ceuk abdi gé tadi, abdi mah teu gaduh sadérék.."
"Lain umur dulur manééééééh !"
"Umur saha, ateuh ?"
"Ari manéh kamana karep wae atuh ? nya umur manéh atuh ih !"
"Owh.. umur abdi ?"
"Enya !"
"Duka atuh Pa, teu apal.."
"Duka kumaha ? maenya teu apal kana umur sorangan ?"
"Ih nya duka atuh pa, da tara diitungan ku abdina ogé.."
"Hhhhh ! Maenya teu dibejaan ku kolot manéh ?"
"Puguh gé sepuh abdi mah tos sepuh, tong boro apal
kana umur abdi, kana umur aranjeuna ogé teu apaleun"
"Nya dikira-kira baé atuh..!"
"Dikira-kira kumaha ?"
"Nya dikira-kira, 25 taun atawa 27 taun.."
"Saéna numutkeun Bapa sabaraha taun ?"
"Ih, nya teuing atuh !"
"Ari Bapa, naha bet ngalilieur abdi ?"
"Puguh manéh nu titatadi ngalilieur aing téh !"
"Owh kitu ?"
"Enya !"
"Ah, piraku Pa ?"
"Piraku-piraku, nya heueuh !"
"Ah, maenya ?"
"Naaaa kacida-kacida teuing atuh manéh téh ?"
"Saha ? Abdi ?"
"Heueuh ! Manéh !"
"Owh abdi, sugan teh saha.."
"Meugeus ! kaluar siah !"
"Saha ? Abdi ?"
"Enya !"
"Haaar.. kumaha atuh ?"
"Naona nu kumaha ?"
"KTP abdi.."
"Teuing !"
"Teuing kumaha ari bapa ?"
"Teu nyaho ! Meugeus..! is tuning pisan jelma téh, matak darah tinggi aing kanceuh baé.. !"
"Owh, bapa téh gaduh darah tinggi ? dilandongan atuh pa, hawatos.."
"Ciciiiing siah !"
"Ah, ti tatadi gé abdi mah cicing, teu kamana-mana.."
"Ngajedooog..."
"Enya ieu gé, apanan teu lulumpatan ieuh ?"
"Meugeuuuus siah !"
*hi hi
Di ISLAMKEUN
Benno B. Lawian
Kacaritakeun aya pendeta anu tatanggan jeung Haji anu beunghar.Hiji poe eta pendeta teh rek aya acara ngeusi kebaktian tapi di luar kota,atuh kapaksa eta pendeta teh nginjeum mobil ka Pa Haji..
Pendeta:"Pa haji,pami teu ka abotan sim kuring bade nambut mobil sadinten,bade di sewa"
Haji:"Oh,mangga Pa,da kaleresan teu di anggo..teu kedah di sewa atuh... jiga ka saha wae..sok mangga anggo we"..bari mikeun konci jeung STNK.
Eta mobil di pake ku pendeta nepika peuting,tapi teu waka di anteurkeun da eta pendeta rumasa yen mobil teh kotor alatan di perjalan kahujanan.Pikirna eta pendeta ke wae di anteurkeunna isukan sanggeus di kumbah.
Isuk-isuk eta pendeta ngumbah mobil kalawan talaten,Pa Haji ukur nempokeun ti kajauhan.Sanggeus beres eta mobil di anteurkeun ka imah pa Haji.
Pendeta:"Aduh,punten pa haji abdi teu tepat kana janji margi wengi teh hujan janten bade di uihkeun teh teu raos kalotor janten tadi ku sim kuring di kumbah heula"
Pa Haji:"Ah,teu sawios atuh pa,linggih heula atuh"
Pendeta :"Punten ieu teh sanes nampik kana pangangken,namung aya keneh kaperyogian...hatur nuhun pisan kana bantosanna,mangga permios"
Sanggeus eta pendeta teu katingali pa haji gancang nyokot ragaji beusi ka gudang,terus eta knalpot mobil teh di ragaji..keur kitu jol bu haji
Bu haji:"Naha ari si bapa nanaonan eta knalpot bet di ragaji??"
Pa Haji:"Ieu nyi mobil teh ku bapa rek di islamkeun deui,sabab tadi geus di baptis ku pa pendeta"..lempeng...ahahah di sangkana meureunan di mandian ku pendeta teh di baptis..
KURANG GEDE
NYI IROH
Kacaritakeun jang Irfan Arifuddin dititah nyanyi ku guru kesenian Joelee Surejana.
"cicak- cicak di dinding (sorana leutik siga nga harewos)
Guru : kurang gede!
Irfan : Tokek-tokek di dinding
Guru : gedean deui atuh
Irfan : Buaya-buaya di dinding
Guru : LAIN SATONA NU DIGEDEAN TEH TAPI SORANA....!
Irfan : da abi mah teu tiasa, mun adzan mah tiasa
Guru : sok atuh adzan
Irfan : Allohu Akbar2x...
Guru : bisa leuwih gede teu?
Irfan : teu tiasa pak!
Guru : naha?
Irfan : Alloh mah tos maha besar pak, teu aya nu tiasa nandingan
Guru : bapak geus nyaho, ngan nilai maneh jadi leutik (keuheul)
Irfan : gedean deui atuh pak.
Guru : BAPAK GEUS NYAHO NGAN NILAI MANEH JADI LEUTIK...!
Irfan : lain sora na pak, nilaina nu di gedean mah
Guru : ???
Kacaritakeun jang Irfan Arifuddin dititah nyanyi ku guru kesenian Joelee Surejana.
"cicak- cicak di dinding (sorana leutik siga nga harewos)
Guru : kurang gede!
Irfan : Tokek-tokek di dinding
Guru : gedean deui atuh
Irfan : Buaya-buaya di dinding
Guru : LAIN SATONA NU DIGEDEAN TEH TAPI SORANA....!
Irfan : da abi mah teu tiasa, mun adzan mah tiasa
Guru : sok atuh adzan
Irfan : Allohu Akbar2x...
Guru : bisa leuwih gede teu?
Irfan : teu tiasa pak!
Guru : naha?
Irfan : Alloh mah tos maha besar pak, teu aya nu tiasa nandingan
Guru : bapak geus nyaho, ngan nilai maneh jadi leutik (keuheul)
Irfan : gedean deui atuh pak.
Guru : BAPAK GEUS NYAHO NGAN NILAI MANEH JADI LEUTIK...!
Irfan : lain sora na pak, nilaina nu di gedean mah
Guru : ???
Langganan:
Postingan (Atom)
Daftar Isi
Empowerment TRK bagi Guru dan ASN
Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjU1rvcnEWUMIBRbsXep9gQNhcSdPKcO36oPGB3L2nQ7RxTiSHW5BFoPHOy9DyP4AB79Jo43xrB_6CCfrClruHUJkvtXHOwdccApx1bpo3mzqIHFmgQZTt7ohPF8bYIt8GLIRVvdJyI1wwcnPJVEKlFLkACvMvshCYmf1j-wVdWqNNPWyjJ-C-hK8yM/s320/WhatsApp%20Image%202022-11-13%20at%2009.10.21.jpeg)
-
Kintunan ABAH AMIN di BANYOLAN SUNDA 16/01-2017 Ojeg: Ongkos Ngajegang Korsi: Cokor di Sisi ATM : Artos Tina Mesin WC : Wayahna Cingogo ...
-
Makna Dari Semar Badranaya Kyai Lurah Semar Badranaya adalah nama tokoh panakawan paling utama dalam pewayangan Jawa dan Sunda. T...
-
Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukap...