Senin, 18 April 2011

KOPEAH

::SAJARAH KOPEAH::

Tukang ngaput Mang Hadad keur barang jieun sajadina. karek anggeus eta kaputan, dipapake na sirah. hate mang adad ngagerentes : "gening pantes oge nya dipake na sirah.
Torojol anakna. ninggali bapana make barang alus na sirahna. eta budak ngomong
"pa keur ujang nya eta!!!"
bapana ngajawab :"montong".
"atuh pa!!!" ceuk si Ujang bari semu ngajerete.
"ceuk bapa ulah-ulah, ni makasa"
"ah keur ujang atuh pa"
ari maneh bet maksa sujang!!! KOP WE AH ceuk Bapana bari mikeun ka si Sujang.
si ujang atoh bari ngomong " enya eta KOPEAH keur ujang, Asiiiik"
.... Taah ti harita, kopeah tercipta...

Senin, 04 April 2011

PAMENTA



KU JOELEE SUREJANA



Hiji waktu 3 pajabat Rancabanyol ihtiar ku jalan zarah ka hiji tempat karamat nu ceuk sahibul hikayat mah ditungguan ku jin nu jangkung badag. Manehna teh boga pamenta nu beda-beda. Kusabab eta nu tiluan teh geus ngarasa sadulur sabaraya jadi dina lebah pamenta teh ukur gegeremet, pating kecewis.

Hansip Benno B Lawian : "Mbah cing atuh, kuring teh hayang loba duit da gajih jadi hansip mah ngan cukup dahar saminggueun"
Gejlig teu lila dina sakuna teh eusi kuduit wungkul.

Humas Rancabanyol : "Mbah salila kuring jadi humas teh baju ngan ieu-ieuna wungkul, cing atuh hayang boga baju alus jeung duit sacukupna"
Gejlig teu lila humas geus make jas dina sakuna aya eusi duitan

Lurah Rancabanyol : "Mbah cik kuring aya pamenta, rarasaan duit mah geus loba, jabatan geus boga, pamenta kuring mah asa hayang dibutuhkeun jeung dipikaresep ku wanoja"
Gejlig teu lila lurah rubah wujud jadi barang nu diplastikan aya tulisan "Softek, pembalut wanita bersayap lebar, disukai dan dibutuhkan wanita"

Panyawat Nular



Ku Foel Khan Swazeneger

Sore tadi mah gede milik pisan, waktu nganteurkeun jas na dokter nu tinggaleun dina mobil boss besar, ujug2 aya wanoja nyangka kuring dokterna, jeung keukeuh harita keneh menta pangmariksakeun kasakitna cenah teu kuat, manehanana ngeluh nyeri pinareup karasana asa tareuas. Nya kulantaran maksa kapaksa we di cobaan dirarampa,bener we teuas, sa ba'da rarampa, wanoja tadi nanya serius pisan.
Wanoja: kinten2 panyawat naon Dok?
Kuring : "bari rada ngaharoshos" ieu panyawat tos repot Teh, jabi kitu nular pisan.
Wanoja: Naha tiasa kitu Dok?
Kuring: Muhun mangga we tinggal, sabada nyampaan pinareup teteh nu teuas, ayeuna janten barang kuring ngilu teuas! hiks.

NYAAH KA INDUNG

Indung memang leuwih utama tina sagala-galana boh kudu dibandingkeun jeung pamajikan oge.
Aya Hiji pangalaman nu ngabuktikeun eta kalimah diluhur, nu netelakeun yen indung lewih utama jeung nanaon.
Di Bandara aya hiji lalaki kaleungitan pamajikana, geus bingungeun pisan manehanana, sieun pamajikana kumaha onam. Manehna panggih jeung Budak leutik nu keur ngabangingik ceurik,cenah papisah jeung indungna.

Lalaki eta nanya ka budak: Ari Indung ujang ciri-cirina kumaha?
Jawab Budak: Indung ujang jangkungna 172cm, geulis sareng dadana ge sexy sapertos Angelina Jolie, bodina denok langsing sapertos gitar spanyol, imbitna papanting, kulitna bodas mulus, nganggo rok mini sareng sapatu jangkung sapertos Jenifer lopez pak!
Lalaki olohok bari rada haripeut: "haaaahhhhh...trus..trus..kumaha Jang?
Budak: Dupi garwa bapak kumaha ciri-cirina?
Lalaki: "Ah...tong dipikiran Jang pamajikan bapak mah, nu utamana mah hayu urang panggihkeun INDUNG hidep, kubapa di baturan nepika panggih!hiks.

TINGGALEUN RADIO

Baraya panginten masih aremut gegedug preman anu tos insyaf tur janten muadzin juma'ahan?
Inalillahi, saurna manehna teh tos ngantunkeun minggon kamari.
Mung kumargi manehna teh kawitna jalmi baragajul tukang mabok, sahaok kadua gaplok teu kaop nempo anderok sok cilimit, pasti baraya ge moal ngaduga kana ka anehan nu tos aya di kampungna.
Ayeuna teh nuju gujrud margi dikuburan si preman teh tiap subuh jeung sore sok kadenge sora nu ngaji. sabada dititenan nyaan sorana teh teu salah kaluar ti jero kuburan almarhum preman.
Kulantaran jd kapanasaran kabeh sa lembur, akhirna ketua RT oge RW mutuskeun rek ngagali eta kuburan, sanggeus mupakat akhirna subuh2 waktu ba'da sholat basa sora ngaji kadenge tina jero kubur,masyarakat mimiti ngagali kuburan, nu mana sa-encan nepi ka liang lahat nu ngagali manggihan radio bogana tukang gali tinggaleun waktu ngurug tiheula nguburkeun,eces pisan keur siaran ngaji 2 ayat deui meureun lekasan

IKHLAS



ku Ablo Van Tazik

Masih emut basa masantren kapungkur di manonjaya , da pangangalaman eta teh moal hilap dugi ka ayeuna , maklum ku kolot teh di pasantrenkeun jeung lanceuk kang Benno sureno supaya jadi jalema bener ,
Tapi lanceuk kuring teh tingkahna sok nyeleneh , saperti basa kajadian harita basa mama Saep nuju nerangkeun masalah kaikhlasan , yen saurna Mama teh urang teh ulah pelit ulah disimpen2 upami gaduh rejeki , saparantos nerangkangkeun kitu ari pek teh teu euleum2 kang benno teh , duuuuuuuuut , hitut satakerna , mama saep kacida kagetna ningali tingkah kang benno kitu ,
Ari ceuk mama teh : benno ari ilaing boga kasopanana teu ?
kang Benno : gaduh atuh mama
Mama : naha eta bool maneh kelepna geus dol ??
Kang Benno : tadi kan saurna mama teu kenging pelit ka batur teh , nya ku abdi sadaya di pasihan supaya kabagean .
mama : Benooooooooooo ..... geura omeh sia teh

Bakal Ngimpi


Ku Lurah Rancabanyol


Mang Ojak geus tilu poe tilu peuting teu bisa sare, terus nepungan saurang Dokter, Ceuk dokter tah ieu aya obatna, lamun nginum anu beureum pasti bakal sare bari ngimpi papanggih jeung DIAN SASTRO, ari anu koneng, sare bakal tiibra sarta ngimpi paduduaan jeung DEWI PERSIK, Tah lamun nu ieu anu warna hejo bakal ngimpi nikmat jeung JULIA PERES.
"Dok lamun tilu-tiluna diinum kumaha??" Tanya Mang Ojak.
"Tah lamun diinum tilu-tiluna mah bakal panggih jeung AJI MASAID" Tembal dokter, bari ngabalieus

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...