Kamis, 27 Mei 2010

Lalakon Perang

Mimitina mah teu kudu dicaritakeun da geus aya dina status. Samemeh indit kuring sholat sunnat heula dua rokaat, sangkan ditangtuyan ku ALLah SWT kalayan beres roes teu aya halangan saperti bedil macet, atawa nembakna henteu akurat.

Di Medan pertempuran Kuring ngagunakeun siasat pajuang baheula Gerilya, "Pes.."lampu-lampu nuhurung dipareuman. Samar-samar musuh datang, langsung deku diteruskeun ku tiarap. Angsrod....angsrod kuring ngeteyep, Gep nyepeng granat, samemeh dialungkeun diusapan heula, teu lila gep sumbuna digegel, deuk ditarik, ah sieun ngabeledug dina biwir. tuntungna dileupaskeun deui weh. Gep deui kana granat hiji deui, da aya dua granatna teh, kitu deui siga anu mimiti.

Akhirna turun ka lebak aya rungkun rada pajurawet, ku kuring disingray-singray keun, geus jelas musuhna langsung nyiapkeun bedil, Dor....dor ...dor ditembakeun. aduh eta peluru ngan ditewakan. Kuring hayoh nembakan eh ku musuh hayoh ditewakan wae. tungtuna kuring leuleus bales nembakan itu sarua leuleus bati newakan peluru.

Tungtuna kuring ngajoprak leuleus itu oge sarua leuleus. Atuh perang teh draw euweuh anu eleh jeung euweuh anu meunang

Selasa, 18 Mei 2010

ANTOSAN CARITA SALAJENGNA

1. Resep Awet Duit
2. Koleksi Topi
3. Pr vs Ps
4. Dipasihan PR kudu atoh
5. Joki SNMPTN
6. JAnji Caleg
7. Gelar
8. Reuneuh Tiheula
9. Teu kengin ngajejek jukut

Palsu

Basa ka Ahli Huntu, kang benno kataji pisan ku salah sahiji model huntu palsu , katinggalina leuleus,jeung sigana kuat, pokona nyeples siga huntu nyaan, Kang Benno nanyakeun harga Huntu palsu eta ka Ahli huntu, OPat ratus rebu cenah, Kang benno langsung ngaluarkeun duitna tina dompet song duit opat ratus rebu dibikeun ka ahli huntu. "Na, siah ari maneh kawas kanu bodo ka kuring, deleh ku sia ieu mah duit palsu" Ceuk Tukang Huntu bari molotot bakating ku ambek
"Deleh ku sia ari ieu huntu asli lain, kuring oge nyakola"Tembal Kang Benno teu eleh geleng

Selasa, 11 Mei 2010

Masih Parawan

Masih Parawan
Neng Nunung teh ABG anu nembean beger, kulantaran kayaan krisis ekonomi, akhirna neng nunung deuk dikawinkeun ka Jang Odik. Harita ku Indungna Neng nunung diwawadian yen manehna kudu masih parawan. Neng Nunung bingungkeun kumaha ari parawan teh. Kacaritakeun neng Nunung Ngobrol jeung tukang beca di parapatan
Neng Nunung : Mang ari abdi masih parawan kitu?
Tukang Beca : Atuh Eta mah kedah di tes heula?
Neng Nunung : Sok atuh pangeteskeun, Mang!!!
Tukang Beca : Mangga, yu urang disaung sawah itu anu nenggang!
Akhirna arindit Neng Nunung Kana beca muru saung. Disaung bener di tes ku tukang beca. Sanggeus di tes pok tukang beca nyarita "Aih geuning leres pisan eneng teh Masih parawan, top banget" Bari dadana di busungkeun siga gatot kaca wae.

Akhirna si neng Nunun balik ka imahna terus dicaritakeun ka indungna yen manehna masih parawan. "Emma, emma, alhamdulillah eneng teh masih keneh parawan, da ceuk tukang beca basa disaung dicobian oge enya cenah masih parawan, malahan nyebutkeun top banget"
Emma : ????????????????
23 Maret jam 8:17
Anu Komentar 21

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...