Kamis, 19 Januari 2012

Sami

Kintunan : TOTO HERMANTO


Pak Menteri anu keur sidak di pasar tradisional nanya ka ema-ema  tukang  Kupat tahu
Pak Menteri : " Ibu atos sabaraha lami icalan Kupat? "
Tukang Kupat: " Atos aya 15 tahunan pak "
Pak Menteri : " Dupi putra ibu aya sabaraha, geuning teu aya nu mantuan ibu? "
Tukang Kupat : " Pun anak aya opat pak, tapi sadayana sibuk ku padameulan di Jakarta "
Pak Menteri : " Dimana kitu putra-putra ibu damelna di Jakarta teh? "
Tukang Kupat : " Anu Cikal  di KPK, adina di DPR, anu pangais bungsu  di Kejaksaan, tah anu bungsu mah  di POLDA Metro "
Pak Menteri : " Hebat!. . . ibu ieu teh pantes disebut ibu teladan sanajan Dagang Kupat Tahu oge tapi barudakna  jadi jelema kabeh " (Semangat jeung sumringah pisan pak menteri masihan contoh ka para staf jeung wartawan anu ngiring acara sidak). Tuluy manehna nanya deui. Pak menteri : " Dupi budak ibu teh naon pangkat jeung jabatanna? "
Tukang Kupat : " Sami sapertos abdi bapak, Dagang Kupat !! "

Bapak Menteri olohok bari ngahuleung seepeun pertanyaan . . . 

Selasa, 03 Januari 2012

SMS NYASAR

Kintunan NYI IROH

Aya nu nga sms ka iroh kieu cenah:
Geulis !! ieu mamah. Make nomer anyar. Mamah keur aya masalah di kantor polisi,  menta tulung pang nganterkeun cai sa ember, inget cai saember lain pulsa. Pulsa mah mamah oge loba. Mamah keur ngilu ngising di kantor polisi, caina saat.....burukeun ulah seuri......... mamah can ombeh yeuh..inget geulis, cai sa ember nyak!!.. Lain pulsa!!


Minggu, 01 Januari 2012

Curug Orok- Garut NAKULA (Nafakuran Alam)

Miang ti Bandung jam 10-an, make motor 7 eusina 10 urang, tanggal 27 Desember 2011 tujuan anu dijugjug kacamatan Cikajang Garut dimana ayana anu ngaran CURUG OROK, atawa CURUG kembar. Jarak Garut ka curug orok sakitar 35 Km, arah Bungbulang. Jalan ka curug orok lumayan endah jalanna lega sanajan loba pungkal-pengkol maklum da ngaliwatan bukit-bukit. Cuaca anu mimiti angkeub karasa seger teu panas. Nepi ka lokasi jam 1.30. pas hujan ngagebret Badag, Kuring jeung babaturan ngiuhan heula ditempat ngumpulkeun enteh jang diawa ka Pabrik enteh, ngan teuing Pabrik anu mana, sabab di lokasi eta mah teu aya pabrik enteh, ngan kebonna wungkul.


Sabot ngiuhan muka heula timbel anu dibekel ti Bandung daharna ngariung bari silih tukeuran deungeun sanguna. Beres muka timbel Gugum, Hendi jeung Dian, tarurun heula ninggali lokasi curug orok. Kuring jeung anu sejenna mah nungguan we di tempat eta.


Aya meunang sajam anu nyurpey can keneh emol-emol, nya kukuring disusul make motor da arah ka curug jarakna 300 m. Bari Uyup- ayap jalan atuda kabut turun mani kandel jarak titinggalian ngan aya kana 5 meterna. Pas dihareupeun Plang kadangu aya sora "euyyy........Euy.....Euyyyyy" teuing saha ngan katinggali siga jelema, pas dideukeutan teh sihoreng panjaga karcis. Teu lila torojol anu tiluan.




Tah ieu geuning Orokna bijil ti handapeun pancuran

Ditempat ieu kuring ngiuhan heula bari nungguan rootna hujan.

 Suka Cita nepi ka curug siga naek gunung MontEverest nancebkeun bandera peserta anu aub Askur, Haris, Hendi,Taupik, Gugum, Dian, Iwan dan istri, Entis, Suherman, 


Iyyyyyyyy tiriiiiiiiiisssssss, mani baal caina. Ceuk urang dinya "Abdi mah teu kiat ngeueum dicurug eta mah"
"Wios ah abdi mah da hoyong nyobian, kumaha Tiriiiiiissss na eta cai curug"
 Tah ieu gambar curug orok anu ceuk urang dinya mah curug Indungna. Sabab disebut curug orok teh pedah aya awewe miceun orok di ieu tempat. Ditempat ieu aya sababaraha curug, ngan gambar eta curug anu panggedena, luhurna kurang leuwih 25 meter-an. 


Lokasina teu jauh ti jalan gede, nepi tepas curug teh sakitar 300 m, terus jalan ka curug kurang leuwih 500 m, jalan pudunan. Tempat parkir lalega, malahan tempat panginepan oge aya sababaraha kamar. Ditempat deukeut ka Curug aya kolam pamandiaan, sanajan leutik tapi cukup jang 100 urang mah ngojay di balong eta.


Hujan ngecrek oge terus we dipilampah da hayang geura nepi. barang ninggali curug kacape jadi leungit kagantian ku kabungah



Ngagaya ah


KNALPOT

Kintunan Lurah Rancabanyol
Irfan Arifuddin, Humas Rancabanyol, Shandy Zhigo, hidep kudu jadi lalaki siga RX King, Ulah siga Vespa. Kumaha kitu? enya lamun hideup siga Vespa mah Tanaga gede ngan KNALPOT Pondok.

Daftar Isi

Pohon bersarung

  Ini Alasan Kenapa Pepohonan di Bali Diikat Kain Hitam Putih Dipublikasikan oleh  admin  pada 25 Dec 2021 Saat berkunjung ke Pulau Bali kit...