Ku : Iwan Rudi Setiawan
Parusahaan roko dina tahun 1986, ngayakeun acara musik ngabuburit anu lumangsung kana taun ka tilu, jadi geus taun ka tilu acara eta diayakeun. Pentas musik eta teh di ayakeun ti jam 10 nepi ka jam 5 sore. Harita kuring oge ngahadiran kana acara eta, atuh puguh pamaenna band anu keur mulai nanjak, kana popularitas.
Sakumaha biasa ieu suku teh sok ararateul lamun lalajo bari jeung teu jojogedan. Atuh der musik teh kuring jeung babaturan maceuh ngajogedan lagu anu dibawakeun ku pamaen band teh, da puguh laguna geus katalar harita mah. Biasa we lagu Van hallen, Genesis jeung scorpion.
Teu karasa geus jam 2 beurang basa ninggali jam tangan merek TITONI teh, Tikoro karasa halabhab, malah para pamaen oge ngarinum ci gelas, beuki we kabita. tungtungna mah kuring kagoda, nyampeurkeun tukang cendol, meuli weh lima gelas jeung babaturan, leguk....leguk cendol teh diinum mani sakilat geus beak deui.
Jam lima sore acara lekasan, Balubar weh balik sewang-sewangan, kitu deui kuring oge balik bareng jeung babaturan.
Peutingna kuring kabagean ngeusi acara KULTUM di masjid, ngawakilan ti kellompok pamuda, harita anu dibawakeun teh temana teh "Gogoda Puasa keur Pamuda". Kulantaran geus biasa biantara, atuh dina ngajelaskeun eta tema teh norolang pisan da dicampuran ku pangalaman.
Beres taraweh sakumaha biasa kuring balik ka imah, kabeneran babaturan keur ngariung di juru gang da puguh tara taraweh,
"ha...ha...ha. ustad gejul kakara balik" Omong salah saurang babaturan
"Wan, tah si Unay ceuceuleuweungan basa maneh keur ceramah di masjid'" Ceuk si Budi
"Naon,Cenah, ceuceuleuweunganana?" Tembal kuring hayang nyaho
"Euuuuuuyyyyyyyyy manehna oge tara puasaaaaaaa"
Gusti kuring era naker mun enya ngadenge teh,,,,,,,,
KOMENTAR
1. Ablo Abdul Wahid
Pasti ayeuna tara deuinya kikituan teh , da tos wareg ,
tapi tara kalangkung atanapi tara ngalakonan deui tah ,
aya CARTIBAG 3 jigana mah , mangga di antosan.
2.Iwan Rudi Setiawan
Nista maja utama , kapooooooooook
3.Ablo Abdul Wahid
Sae , saeeeeeeee pisan ,tapi kela .........kapok liren kitu ,
satadina mah bade di turutan ku abdi
4.Joe Rig Zaryan
Hahahahahah
5.Ibu Ade
Ustad jugaaaa.....manuu...sia............,heuheuheu.....
6. Vitman Muhammad Fahry
Ustadz gejul....
7.Mang Kukna
Kapok so teh d sebut keun d payuneun jalmi seueur tpi mun tos kakamar cai mah cai sa bal oge beak ku sakali uyup ,....uztad et mah hehhehehh
Blog ini mengajak pembacanya untuk melakukan imut kanjut, artinya membuat senyuman yang manis dan menggemaskan
Rabu, 08 September 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Daftar Isi
Jejak Prabu Siliwangi
Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...

-
Makna Dari Semar Badranaya Kyai Lurah Semar Badranaya adalah nama tokoh panakawan paling utama dalam pewayangan Jawa dan Sunda. T...
-
Kintunan ABAH AMIN di BANYOLAN SUNDA 16/01-2017 Ojeg: Ongkos Ngajegang Korsi: Cokor di Sisi ATM : Artos Tina Mesin WC : Wayahna Cingogo ...
-
Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukap...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar