Rabu, 08 September 2010

Cartibag (bagian 3 Tamat)

Ku : Iwan Rudi Setiawan

Aduuuuhhhhhhh rada beurat carita ieu mah, sabab nyangkut kana kahormatan jeung harga diri kulawarga. Harita tahun 1991 kakara puasa bareng jeung anu ngarana pamajikan, maklum anyar panganten, bisi teu ka aku ku mitoha, atuh sholat maghrib, ngilu sholat berjamaah, Isya diteruskeun ku sholat taraweh. Saur mah tara katinggaleun sok rada di pang estukeun, shubuh tetep ngamamun sholat berjamaah. Pokokna jadi minantu anu top markotop we lah. Duh lapar sok we teraskeun cariosna, da moal ambek


KOMENTAR

1. Mulyana Ahmad
Ba'da sholat subuh langsung siap-siap angkat damel, margi padamelan teh rada tebih upamiangkat ti bumi mitoha mah. Harita kabeneran padamelan teh rada berat, sagala tugas kaditu kadieu sabari nganggo motor. Tengah poe pisan, karasa haus sareng lapar anu kacida poharana. Daripada badan tambah leuleus, kuring nyimpang wae ka rumah makan padang caket terminal lewi panjang sisi musholah. Aneh, perih beuteung sareng haus teh cageur kaluar ti rumah makan padang mah. Karak ge jrut kaluar, kuring pa amprok jeung mitoha anu karak kaluar ti mushola. Gerentes mitoha: Minantu "Top markotop" teh gening ngan saukur minantu baong, sabari ningalikeun remeh anu nempel keneh dina kumis Pak Iwan. (Moal ngembek ieuh...?)

2.Joe Rig Zaryan
Hayooohh, puasana batal, nya?

3. Iwan Rudi Setiawan
Hoyahhhhhh sakadang minantu katohyang

Cartibag (Bagian 2)

Ku : Iwan Rudi Setiawan

Parusahaan roko dina tahun 1986, ngayakeun acara musik ngabuburit anu lumangsung kana taun ka tilu, jadi geus taun ka tilu acara eta diayakeun. Pentas musik eta teh di ayakeun ti jam 10 nepi ka jam 5 sore. Harita kuring oge ngahadiran kana acara eta, atuh puguh pamaenna band anu keur mulai nanjak, kana popularitas.

Sakumaha biasa ieu suku teh sok ararateul lamun lalajo bari jeung teu jojogedan. Atuh der musik teh kuring jeung babaturan maceuh ngajogedan lagu anu dibawakeun ku pamaen band teh, da puguh laguna geus katalar harita mah. Biasa we lagu Van hallen, Genesis jeung scorpion.

Teu karasa geus jam 2 beurang basa ninggali jam tangan merek TITONI teh, Tikoro karasa halabhab, malah para pamaen oge ngarinum ci gelas, beuki we kabita. tungtungna mah kuring kagoda, nyampeurkeun tukang cendol, meuli weh lima gelas jeung babaturan, leguk....leguk cendol teh diinum mani sakilat geus beak deui.

Jam lima sore acara lekasan, Balubar weh balik sewang-sewangan, kitu deui kuring oge balik bareng jeung babaturan.

Peutingna kuring kabagean ngeusi acara KULTUM di masjid, ngawakilan ti kellompok pamuda, harita anu dibawakeun teh temana teh "Gogoda Puasa keur Pamuda". Kulantaran geus biasa biantara, atuh dina ngajelaskeun eta tema teh norolang pisan da dicampuran ku pangalaman.

Beres taraweh sakumaha biasa kuring balik ka imah, kabeneran babaturan keur ngariung di juru gang da puguh tara taraweh,
"ha...ha...ha. ustad gejul kakara balik" Omong salah saurang babaturan
"Wan, tah si Unay ceuceuleuweungan basa maneh keur ceramah di masjid'" Ceuk si Budi
"Naon,Cenah, ceuceuleuweunganana?" Tembal kuring hayang nyaho
"Euuuuuuyyyyyyyyy manehna oge tara puasaaaaaaa"

Gusti kuring era naker mun enya ngadenge teh,,,,,,,,

KOMENTAR
1. Ablo Abdul Wahid
Pasti ayeuna tara deuinya kikituan teh , da tos wareg ,
tapi tara kalangkung atanapi tara ngalakonan deui tah ,
aya CARTIBAG 3 jigana mah , mangga di antosan.

2.Iwan Rudi Setiawan
Nista maja utama , kapooooooooook

3.Ablo Abdul Wahid
Sae , saeeeeeeee pisan ,tapi kela .........kapok liren kitu ,
satadina mah bade di turutan ku abdi

4.Joe Rig Zaryan
Hahahahahah

5.Ibu Ade
Ustad jugaaaa.....manuu...sia............,heuheuheu.....

6. Vitman Muhammad Fahry
Ustadz gejul....

7.Mang Kukna
Kapok so teh d sebut keun d payuneun jalmi seueur tpi mun tos kakamar cai mah cai sa bal oge beak ku sakali uyup ,....uztad et mah hehhehehh

Cartibag (Bagian 1)

Ku Iwan Rudi Setiawan



Carita ieu asli pangalaman sim kuring dina nuju bulan puasa puluhan taun katukang, maklum keur meumeujeuhna kumincir. Ditulis dina kolom ieu mugia sing janten ngahibur anu pentingna mah sing jadi palajaran anu aya hargaan.

Urang guar baenya carita anu kahiji, geus nincak umur badag mah geuing kolot teh mere omber ka budakna, henteu siga keur budak mani di talingakeun sagala paripolah teh. Tah kuring oge kitu, pura-pura siga anu heuheuh kacapean balik kuliah. Ninggali kuring kitu auh kolot teh meureun karunyaeun " Ari cape mah atuh Buka, we." ceuk kolot. Omongan kolot kitu teh teu dililakeun leguk-leguk nginum cai bari luak lieuk bisi aya lanceuk jeung adi ninggalikeun. Tapi sanajan aya oge geus boga 'Jampe" Bela dirina. Nya eta "Gawe otak leuwih cape batan gawe awak"
Ti mimiti harita puasa kuring mimiti sok bolong-bolong tara pol, ngan biasa ari keur anu diimah mah nyangkana teh puasa we.

Hiji Carita jam 12-an meureun beuteung asa meureut , lapar kacida anu tung-tungna blus weh ka warung sangu "Mang Ena" bari rada era. Atuh timimiti barang blus asup kawarung teh teupati luak lieuk, kedewek kedewek weh meakeun sangu na piring.

Saenggeus beres ngaberesihan sangu na piring sirah kuring cengkat, Na ari pas cengkat hareupeun pisan teh adi keur dahar. Kuring ambek bari ngomong "Ari maneh keur naon didieu? "
"Maneh keur naon?" tembal adi, emhhhh gusti kuring leungit harga diri.

Komentar

1. Joe Rig Zaryan
Hahaha, matak gé, ari tuang téh kedah luak lieuk.

2. Iwan Rudi Setiawan
Nyaeta isin bade luak lieuk teh

3. Irfan Arifuddin
Hihihi.... ari sugan teh Ki Lurah mah teu ngalaman nu model kieu...

4. Joe Rig Zaryan
Maksad téh ngalieuk ka sim kuring, teras nawisan.

5. Ibu Ade
heuheuheuheuheuheu............, teng magrib adi jeung lanceuk ngariung milu buka puasa....teu aya kaera........

6. Vitman Muhammad Fahry
ari sugan teh lurah urang teh jalmi bageur..gkgkgkgkgkk

Boboran siam



Wilujeng boboran siam 1431H neda dihapunten samudaya kalepatan

Senin, 06 September 2010

Pipilih Hayang nu Leuwih


Ku Iwan Rudi setiawan

Geus lain rusiah deui hubungan Icham jeung Achy teh jadi pakusut, anu tungtungna icham mutuskeun hubunganana jeung Achy, harita Achy keur masket-masketna ka Icham teh. Panungtunganana Achy jadi meupeus keuyang, menta bantuan ka Irfan supaya pangneangankeun lalaki anu "leuwih" ti Icham.

Harita Irfan nyanggupan rek pang neangan keun lalaki anu "leuwih" ti Icham. Tungtuna Irfan ngenalkeun hiji lalaki ka achy, Achy mani bungaheun pisan boga kenalan anu bakal jadi bebene na. Eta lalaki diteuteup anteb pisan ku Achy. Kulantaran manehna keur "potong hate" , eta lalaki teh langsung we ditembak ku Achy.

Saminggu ti harita Achy ngadatangan Irfan maksudna mah komplen cenah

'Fan, cik atuh mere lalaki teh anu bener" Omong achy ka Irfan
"Na kitu si eta teu bener?" Tembal Irfan
"Bener, ngan mani kitu kitu teuing"Tempas Achy
"Kitu-kitu teuing Kumaha?"tanya irfan semu teu ngarti
"Enya pek we tinggali dedeganana "leuwih Begeng", "Leuwih Kere', "leuwih purunyus", jeung "Leuwih loba kabogohna" Tembal achy anu teu narima

Sabtu, 04 September 2010

TAJIL NU AMIS

Ku : Jack Bluesman

Di juru cafe "Nyempod", Pa Sekdes keur diuk paduduan jeung hiji wanoja nu parasna manis, nuju asik buka puasa..

Ujug2 tinu lawang panto (da moal mungkin atuh kurunyung tinu jero sumur mah) bu sekdes datang.. Teu anta parah deui jol gantawang eta bu sekdes murka bari pokna:

"Dasar lalaki nurus tunjung! bulan puasa oge masih keneh salingkuh! Dasar lalaki ateul!"
Pa Sekdes ngajawabna tenang jiga nu teu boga dosa, dingin jiga jambu aer dinu kulkas, kieu pok na teh:
" Disunnahkeun kanu buka puasa supaya berbuka dengan yang manis..." bari ngareret mesra ka eta wanoja nu pias alatan soak ningali bu sekdes nu keur ngamuk...

BUKTI SALINGKUH

Ku. Tukang Botol Bekas

Hiji poe mama haji dahdir,, ngahuleng dikamarna,,bari nyekelan peles anu eusina kacang kadele ampir pinuh.. lantaran mikiran umur geus kolot, oge mikiran dosa ka pamajikannana..pikir manehna..:

" emmh umur geus kolot hayang bruk brak jeung pamajikan ,, boga dosa gede,,, ahhh leuwih hade terus terang .. ngarah plong dimana uing paeh teh."

kang haji:nyimass...! nyimas encuum... !
nyimas encum : "kaah..." barbara encum ngajawab,,, aya naon kang haji..?

kang haji : kadieu nyi, akang hayang muka warisan yeuh ngarah jongjon..bisi da umur mah teu nyaho..

encum : aya naon kang,,,?
haji: kieu nyimas, cing pang mawakeun kaleng anu eusina duit rebuan tea jigana geus pinuh, tah..bari nunjuk kana parako.

encum : mangga kang haji..bari ngasongkeun kaleng anu pinuh ku duit receh sarebuan.

hajii : tah ieu rusiah akang nyi... omat ulah ambek ulah aral nya... akang rek muka rusiah anu lila pisan ditutup tutup ku akang ngeunaan receh ieu..

encum : naha kumaha kang haji..? bari kerung.

haji: tah rusiahna ieu receh sarebuan teh nyaeta.......akang teh boga dosa,, ka nyimas ayeuna akang menta hampura... yen eta rebuan teh siloka.. yeu akang tiap geus salingkuh sok ngasupkeun duit sarebu receh... jadi dosa akang ka nyai teh sajumlah rebuan eta... cingitung.. ! bari ngadegdeg sieun dicarekan ku nyimas encum

eta nyimas encum bari ngitung eta duit rebuan bari seuseurian,,, atuh kang haji heran..???

haji,, sabaraha nyi... kabehna..?
nyimas : bari seuserian ngajawab aya 240 rebu kang haji...

haji : tuuh dosa akang ka nyihaji teh 240 kali salingkuh.. ayeuna akang hampura kumaha.. dihampura ku nyai..??

nyimas encum ngabarakatak,, seuri,, atuh si haji ngahuleng dikirana reh dicabok atawa rek dirangsak, kalah ngabarakatak..????

Hajji : naha nyimas bet kalah ngabarakatak... lain bohong ..etateh asli... akang hampura..??

nyimas : kang haji,, akakakakaka abdi ge bade jujur we ka kang haji nya,,, tah keler kadele eta anu dikeupeul ku akang teh siloka oge kang hiji kadele,, simbol yeun nyai salingkuh..... sok ku kang haji etang aya sabara hiji tah kadelena...???

hajii : ..........??????? gustiiii... geuning maneh leuwih loba..?????? .............................................guprak pingsan..

Manfaat Ngaroko

KU Wien Waelah


Poe Minggu kamari kang Unang teh gering, terus dianter ku pamajikanana ka rumah sakit sabab karunyaeun da batukna teu cager-cager. Ari ku dokter teh kang Unang di gelendengan sabab eta teh geus ka opat kalina panyakit kang Unang kumat.
"Ari bapak teu acan ngurangan keneh kana ngarokona?" ceuk dokter.
"Teu acan, dok, sesah bade ngirangan teh, malah jadi lieur"
"Upami kieu wae mah iraha bade cagerna atuh, bisa bisa tambah parah ieu panyakit"
"Bade diusahakeun dok, tapi pami tambih lieur mah sigana moal". ceuk kang Unang bari seuri.
"eh...ari ngaroko mah teu aya mangpaatna pak" ceuk dokter rada kesel.
"saur saha teu aya dok... mangpaatna kacida seueurna, tiasa ngahirupan buruh jeung pagawe di pabrik roko, ngahirupan patani bako, ngahirupan nu dagang roko, ngahirupan nu dagang obat batuk kaasup bisa nambahan panghasilan ka dokter sorangan"
Dokter ngan ukur gogodeug ngadengekeun kang Unang ngomong.
"e...aya hiji deui dok... ku sabab roko resikona bisa jadi impoten jd ku ngaroko bisa ngurangan perselingkuhan" ceuk Unang.
"Upami kitu mah teraskeun waelah ngarokona sugan wae bapa impoten, pan tiasa nambihan penghasilan ka dokter nu sanes"

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...