Sabtu, 17 Juli 2010

AKI ULIN KA MALL ( bag 2)

Seratan Iwan Rudi setiawan

"Ki hayu urang jalan-jalan ka Mall, ninggali anu baharenol nerkom" Ajak incuna
"Heueuh Cu, ke ganti heula sarung", tembal si Aki bangun anu atoh
.....................................................................................
Nepi ka Mall incuna ngingetkeun si AKi, "Ki kade sarung bisi ngait kana eskalator" "Heueuh keun urang gulungkeun we" tembalna kalem

Di lantey I "Cu, ari di pasar kota mah anu ngajual baju-bajuuuu. we wungkul ngariung"
Sabari leuleumpangan si Aki teu weleh ngaggulung-gulungkeun sarungna.
Naek kana eskalator ka lantey II dina eskalator si aki ngomong deui "Duh Cu ayeuna mah anu ngajarualan calanaaa wungkul" katinggali dina kaca tembok toko anu sabudeureunana di pasangan kaca.

Pas di eskalator deuk ka lantey III " Cu.......cu........ naha geuning loba anu dagang kan...................." Cik atuh aki incu na langsung ngagebes pedah eta gulungan sarung si aki luhur teuing meh bobogaan si aki katinggali

Komentar:

-Achy Neelaa
pantesan asa tarariis,kawas aya nu ngageubeuran.....ceuk si aki teh....,

Pak Iw Deh
eyyyyyy.....achy nooong anu aki

AKI ULIN KA MALL ( bag 1)

Seratan Iwan Rudi Setiawan

"Ki hayu urang jalan-jalan ka Mall, ninggali anu baharenol nerkom" Ajak incuna
"Heueuh Cu, ke ganti heula sarung", tembal si Aki bangun anu atoh.
.......................................................................................
Nepi ka Mall panyawat si aki kambuh nyaeta beser, bari nyenyepeng bobogaanana si aki nanyakeun ka incuna "Cu, ari wc dimana, ieu Aki geus teu kuat hayang kiih"
"Tuh itu tuhh nu aya tulisan Toilet"
"lain, eta mah tempat paranti ngahias,"tembal si aki bari rada teugeug ambek kapegung
"ke atuh deuk kapipir toko we kiihna ari euweuh WC mah"
toko sagede kieu teu bisa nyadiakeun wc-wc acan. gerentes si Aki

Sabtu, 03 Juli 2010

TELAT NGANGKAT

.

Iwan Rudi Setiawan
Poe ieu di kelas 3 smp Rancabayol, jadwal pelajaran geografi, fisika jeung Biologi.
Guru geografi nerangkeun soal cuaca jeung iklim, bada nerangkeun guru ngecek panguasaan pelajaran
Guru geografi : Kunaon popoean anu garing jadi baseuh
Udin : kahujanan Pak .
Guru Geografi : Salah

Guru fisika nerangkeun soal proses ngaduruk anu nimbulkeun carbon mono-oxide dan di-oxide, guru nanya: "Kunaon roti dina oven bisa tutung?"
Odi (murid pinter) ngajawab "Ayana kajadian pamanasan teuing, anu akhirna O2 dina oven ngabeukahan tungtungna particles O2 anu panas nubruk roti anu ngabalukarkeun rotina ngalaman trauma mintul akhirna roti jadi rada bareuh kahideung hideungan...!"
Guru : Saaalllllah

Jam katilu, Guru Biologi asup, Pak Aman, nerangkeun proses asal muasal reuneuh.Geus beres nerangkeun Pak aman ngalakukeun Post tes:
Pak Aman: "Jadi kunaon awewe bisa reuneuh?"
Achy (Murid anu Capetang): "margi ayana zygote pak, nyaeta papanggihna antara sperma jeung sel telur!" Guru: "Salaaahhhhh!"

Mang Uhe Dagang manuk

Arie Jauhar
Dina poe minggu kamari, mang uhe ka papancenan tugas ti si abah, nyaeta kudu pang ngajualkeun manuk beona anu geus capetang ....

kang uhe : “Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana.
Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!"

Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!"

Mangga saha anu bade ngagaleuh!”
Nu rek Meuli : Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu ti tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok
nyarita : ATUH RAG RAG UINGNA GOBLOOOOOGGG...!!!!

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...