Sabtu, 24 April 2010

Ulang Taun PAmajikan

Pamajikan teh tepung taunna ping 28 Juni, tanggal keur sakarat jang PNS mah, tapi ari nyugemakaeun pamajikan gede kahayang. Kabeneran aya pita koneng dina wawadahan teh. Ninggali aya pita langsung Yessss.....yessss aku dapat ide. Peuting harita di kamar sare, samemeh sare langsung ngucapkeun Selamat ulang taun, terus pamajikan bari heureuy nanyakeun mana kadona. kuring langsung nyingsatkeun Sarung Eng....ing.....eng. Bobogaan kuring di pitaan ....hi....hi.... mani alus pisan. kumaha tah ceuk pamajikan........................

Dokter Hewan

Keur mah poe pasar, harita kuda mogok, ngan ngedeprek we, teu daek hudang, sangkilang dipecutan oge. akibatna eta jalan jadi macet aya sakilo meterna.
Teu lila aya wanoja nyampeurkeun ka tukang keretek bari nanya"Kunaon cenah kuda teh?"
"Duka atuh, jol ngedeprek weh". tembal kusir keretek
Tuluy si wanoja teh nyampeurkeun ka eta kuda anu keur ngedeprek teh.
Teu lila jol gurubug weh kuda teh hudang, bari lumpat.
"Neng eta dikumahakeun bet tiasa kitu?
"Ah, gampil ngan diusapan etanana".
"Neng punten pang ngusapankeun heula anu abdi, itu bade nyusul keretek!!"

Orsinil

Nyi Mumun anu anyar panganten keur uplek ngobrol jeung Nyi Mimin. "Mun cik kumaha carita peuting mimiti panganten teh". tanya Nyi Mimin.
"Ow kang Tarsa mah bujang tulen, masih orsinil". jawab Nyi Mumun
"Cik...cik kumaha nu disebut bujang tulen teh?"
"Euh....euh.... eta we bobogaanana masih diplastikan keneh".
"belegug mumun sia mah. anu kitu teh Kon....... dom !"

Kancing Tangtara

Neng Icah 10 menit deui deuk dilantik jadi tantara , pas make baju seragam, euleuh geuning aweuh kancing saku an. manehna bingung satengah paeh, neangan kancing cadangan, kudu kamana, ieu teh, jeung jarum katut bolana euweuh deuih. duh gusti abdi bingung. na eta mah manggih akal bari ngagorowok "EUREKA......EUREKA", akalna teh nya eta kapaksa bajuna disoekuen palebah kancingna, supaya siga kancing ceuk pikirna atuh pepentil susuna dijadikeun kancing. Bari ngaca euleuh bener siga kancing euy. Gerentes hatena.
Sora torompet geus disada tandana kudu apel ka lapangan upacara, bari leumpang gagah eh... gagah mah jang lalaki gigih meureun awewe mah manehna muru lapang upacara, baris panghareupna.

Geus biasa komandan mariksa barisan, hiji hiji Pas ka Neng Icah Komandan ngarandeg heula , terus ngome-ngome kancing Neng Icah rada lila. Cik naon nu diomongkeun komandanna ka neng Icih?, jeung kumaha sikep neng Icah waktu di coo kancingna ku komandan

Ngagawean Patugas

RAZIA ..........

SI Ojak karazia , kabenerean manehna teu mawa surat-surat jeung teu boga duit jang sidang ditempat, Akhirna nawaran patugas "ku roko we nya,Pak?" "Nya sok atuh"Tembal Patugas.

Si Ojak muru warung anu deukeut di eta tempat, manehna menta roko dua bungkus, geus dibere kunu dagang manehna ,rada ngagorowok.... "Pak, Roko Ieu? (bari ngacungkeun roko) ......Ke bu bade ngajajapkeun heula roko". Anu sabungkus disakuan sabungkus deui dibikeun kapatugas. geus kitu manehna biur indit.

Tugas razia geus beres patugas rek indit, samemeh Indit eta patugasi di geroan kunu boga warung.
"pa,......pa... punten roko 2 bungkus teu acan dibayar" Ceuk nu boga warung
"pan tadi ku budak itu geus dibayar" jawab patugas
"numawi teu acan?"

patugas ??????????



Ngagawean murid

Diajar Matematik

Guru : Anak-anak ayeuna urang diajar soal carita ngitung. Kieu yeuh soalna. Hiji beus Jurusan jakarta indit ti Leuwi panjang mawa panumpang 27 urang, di lawang panto Tol naekeun 4 urang, nepi ka cianjur turun 2 naek 3. Di Bogor panumpang turun 12 naek 5.
Soalna cik sabaraha jumlah anak supir????

Daftar Isi

Empowerment TRK bagi Guru dan ASN

Oleh Iwan Rudi Setiawan Setiap Guru dan ASN  pasti akan melaksanakan pekerjaannya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya atau biasa disebut...