Sabtu, 20 Mei 2017

Saha Nu torek

Nini Kantring keur nyaliksik buukna neangan kuar teuing kutu  dina golodog panto. Pikirannna keur baluweng mikiran minantuna. Enya si Sarkim. 
Ceuk pamikirna na minatu teh sangkilang masih keneh ngora geus siga katerap panyakit torek. Eta we basa kamari balik gawe. si nini teh nanya "geus balik jang........mawa naon eta, biasana mawa martabak karesep ema".
Si Sarkim ngarandeg sakeudeung terus asup ka imah.
"ujang....ujang.... mana martabak teh" sorana rada tarik. tapi si Sarkim teu nembalan.
Tungtungna si Nini nyampeurkeun deui bari ngagorowok 
"ujang mawa teu martabak teh?"
"Emaaa..... geus tilu kali abdi ngawaler teh ieu ayaaaa, nyandak martabak teh"

"Gustiiiii karunya teuing boga minantu teh, keun isukan mah sina dipariksa ku dokter bisi kuma onam"


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...