Rabu, 28 Desember 2016

KOTOK FADAHAL CIKEN (KFC)

KIntunan Iwan Bagjasalawasna- Banyolan Sunda
Urang Banten ulin ka Jakarta, pas dihiji toko anu aya gambar hayaman manehna nanya
 "Ari eta Toko naon anu aya gambar hayaman?"
"KFC nu eta mah." 
"KFC teh naon?"
"Kentuki Fred ciken"
"Lain tina KOTOK FADAHAL CIKEN?"
#ciki-cikibung bung

SLIMING TII

Kintunan ARIF MULYANA - Banyolan Sunda

Ceuk batur, Si Ohim lain nu utama, tapi mawa pangaruh anu lumayan gedé Manéhna bisa ngajadikeun rumah tangga beuki harmonis, awét teu maké rajét, jeung bisa nyenangkeun indung budak" Kumaha carana...?" Cekeng
" Teu pira, gedéan saeutik "
Babaturan seuri bari ngiceupkeun panon katuhuna
" Heueuh...kumaha carana?" Cekeng teu sabar
" Ku cara tradisional wéh. Murah, gampang, jeung babari".
Geus tilu minggu ngurus Si Ohim, pamajikan teu d béjaan, maksud téh rék méré surprés Ngan rarasaan rada aya nu béda. Unggal geus ti cai sok tumanya
." Bener kitu ieu téh...?" Tapi naha ngadon ngaleutikan!! Léos ka dapur, pamajikan keur nyicikeun cai panas kana téko
" Mam...hampas entéhna tong dipiceun nya !!" Cekeng.
" Muhun mangga.." 
Pamajikan tonggoy. Pangangguran ningali dus cangkang gigireun téko.. Ngagebeg, waktu maca tulisan dina dus " Slimming Tea ".... Tiwaaaassss..



OBAT AWET NGORA

Kintunan : Benno Lawian- Banyolan Sunda
Nini Amah 62 taun sareng Aki Moel Mbibob 81 taun (duanana nami samaran), eta si Nini jeung si aki teh gaduh incu anu nuju sakola di nagri Cina nyokot spesialisasi obat-obatan cina kuno.....
Si nini nyuratan Ka incuna menta dikirim obat nu bisa matak ngora deui...
Ku incuna dikirim 12 kapsul spesial bari omat2an ieu obat teh matih pisan,.. 
tiap kapsul bisa nurunkeun umur 10 taun leuwih ngora. Satengah percaya si nini nyobaan 4 kapsul.
Waktu si incu balik liburan, di buruan imah ninina katempo aya awewe geulis keur nyusuan orok.
Si incu nanya : "punten dupi nini abdi masih linggih didieu ?"
Eta awewe ngora teh ngarontok bari ngomng : "Ya Alloh Ujang ieu teh pan nini.!, Waktu dikirim obat tea, nini nyobaan nginum 4 kapsul !"
Si incu kaget : "Oooh...tapi ari aki aya dimana ?"
"Pan ieu nu keur disusuan.. Ku nini da sesa obat teh kabeh diinum ku
aki maneh..dasar hawek aki maneh mah,
bari ngusapan sirah orok...
Heuheu......😃😃😃🙏🙏🙏

Daftar Isi

Pohon bersarung

  Ini Alasan Kenapa Pepohonan di Bali Diikat Kain Hitam Putih Dipublikasikan oleh  admin  pada 25 Dec 2021 Saat berkunjung ke Pulau Bali kit...