Deog/pengkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho
Egang/egol = leumpang jiga budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jste.)
Gonjleng = leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki
Ingkud-ingkudan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jste.
Jarigjeug/jumarigijeug = leumpang bari semu rek labuh, biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering.
Jingjet = leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing
Kepoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (kawas aksara X)
Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan dinu bala atawa dinu remet kakayon
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, nembongkeun ulat sieun atawa era
Narabas = leumpang di nu bala atawa din u remet kalawan teu midul cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek)
Nelenden = leumpang budak, anca, pikalucueun
Niliktik = leumpang budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu
Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poek
Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu malire ka nu nyaram
Ngabadaus = leumpang semu gancang, teu luak lieuk
Ngabengbeos/mengpeos = leumpang teu luak lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jste.
Ngabring = leumpang babarengan (lobaan)
Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan
Ngaburudul = kaluar lobaan ti tempat
Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = leumpang kawas nu mabok, kawas nu rek titotolonjong, jarugjag-jarigjeug
Ngadedod = (awewe) nu leumpang anca, sarta biritna ka kenca ka katuhu
Ngadigdig = leumpang gancang sarta segut
Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngalengkah
Ngadudud = leumpang gancang
sumber : www.mippin.com/banyolan-su
Tidak ada komentar:
Posting Komentar