
Dokumen Myrcvideo.com
NYAWER PANGANTEN ( CEP SONA MANGKU WARIA & AURAT KARSIH
Ku TATANX PHETOT
Saparantos upacara masrahkeun panganten pameget nu di wakilan ku abah amin salaku kokolot ( eh da can kolot nya ??) … salaku ngongora ti pihak kulawarga pameget..
Lajeung diteraskeun kana acara ijab Kabul…
Kulantaran cep son amah tos pangalaman kana urusan pernikahan..
Atuh acara berjalan lancer dan sukses setengah mati !
Malah cep sona sempet protes nalika bapa amil nikah mere catetan nu eusina kalimat jang ijab Kabul !
“ geus apal dewek mah ! teu kudu dipapatahan deui mil ! geus ngolotok diluar hulu ! “
Ceukk cep sona bari muncereng ka amil…
Di sentak ku cep sona, amil ngayekyek reuwas meh mehan ngompol na calana..
Kopeahna ngacleng duka kamana (bakat ku reuwas..)
“ nya sok atuh urang kawitan pami kitumah..” ceuk amil bari diuk na rada ngeser ka tukang.. sieun di sentak deui siganamah…
“ sok dieu mic na ! “ ceuk cep sona bari ngarebut mic tina leungeun pa amil..
“ tes tes.. kurang tarik yeuh ! gedean atuh volumeuna ! “ cep sona muncereng ka mang akung tukang sound system.
“ Sok wan ! mimitian lah ! “ cep sona ngasongkeun mic ka Pa Iwan calon mitohana ( beu eta ka calon mitoha nyebut ngaraan ! dasar sona !!
P’ Iwan : “ Saya nikahkan anak saya Aurat Karsih bin Iwan Bagjasalawasna dengan saudara Sona mangku waria dengan mas kawin seperangkat alat sekolah, dibayar taun hareup .... “
Sona : “ Saperti biasa….saya terima nikahnya Aurat Karsih bin Iwan Bagjasalawasna dengan mas kawin seperti biasa…seperangkat alat sekolah, dibayar seperti biasaa..taun hareup saperti biasaaa…nungguan panen cikur “
Amil : : saksi sah ? “
Saksi – saksi ( kang endin, kang jojo, kang uhe, kang mulyana, kang benno ) ngajawab kompak babarengan : “ saperti biasa…. Saaaaaaahhhhhhhhhh…. “
* Hadirin + tamu undanga , saperti biasaa emprak bari ajrag2an
Tidak ada komentar:
Posting Komentar