Rabu, 15 Desember 2010

Hayang ditawaran

Kintunan JAck Bluesman

Hiji poe jang Akung rek balik ka Cicalengka. Manehna indit ti Jakarta make beus jurusan Jakarta-Garut. Kabeneran manehna diuk gigireun hiji wanoja geulis, ngora keneh nu keur mangku orok lalaki. Manehna rek nyusuan eta orok nu titadi runghak renghik wae, duka lapar duka sawan ningali aya jang Akung diuk gigireun indungna..
Wanoja: "Enggal kasep anaking.. sok ieu enggal gera nyusu.. Upami henteu, ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapaliheun mamah..".
Eta orok angger embungeun diwewelan susu indungna, angger keneh runghak renghik.. Aya 2 jamna eta wanoja ngolo bari ngupahan orokna..
Wanoja: "kasep, bageur.. Anaking... Enggal gera eu'eut ieu susu.. Bilih ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapalih.."
Orok angger mumul, kalahkan beuki tarik ngarenghikna.. teu karasa aya kana 4 jamna eta orok rewelna..
Wanoja: "enggal atuh kasep, gera di eu'eut ieu susuna.. Mamah isin kunu sanes upami kedah mukakeun acuk payuneun nu sanes.. Upami alim wae, engke ku mamah dipasihkeun ka Um nu calik disapalih.."
Batan repeh eta orok kalakah beuki motah bari terus ceurik..
Nempo kitu jang Akung katempo keuheul bari tuluy pok nyarita:
Akung: "Bu, punten.. abdi bade tumaros, eta si jalu orok ibu titadi pan alimeun dipasihan susu, hanas abdi ngantos2 titadi aya kana 4 jamna, kedahna tadi abdi turun di Cicalengka, kulantaran abdi ngantosan kaputusan ibu, bade dipasihkeun kasaha eta jantena, abdi janten kacandak ka Garut ayeuna teh.."
Wanoja: ????? (olohok...)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...