Sabtu, 03 Juli 2010

TELAT NGANGKAT

.

Iwan Rudi Setiawan
Poe ieu di kelas 3 smp Rancabayol, jadwal pelajaran geografi, fisika jeung Biologi.
Guru geografi nerangkeun soal cuaca jeung iklim, bada nerangkeun guru ngecek panguasaan pelajaran
Guru geografi : Kunaon popoean anu garing jadi baseuh
Udin : kahujanan Pak .
Guru Geografi : Salah

Guru fisika nerangkeun soal proses ngaduruk anu nimbulkeun carbon mono-oxide dan di-oxide, guru nanya: "Kunaon roti dina oven bisa tutung?"
Odi (murid pinter) ngajawab "Ayana kajadian pamanasan teuing, anu akhirna O2 dina oven ngabeukahan tungtungna particles O2 anu panas nubruk roti anu ngabalukarkeun rotina ngalaman trauma mintul akhirna roti jadi rada bareuh kahideung hideungan...!"
Guru : Saaalllllah

Jam katilu, Guru Biologi asup, Pak Aman, nerangkeun proses asal muasal reuneuh.Geus beres nerangkeun Pak aman ngalakukeun Post tes:
Pak Aman: "Jadi kunaon awewe bisa reuneuh?"
Achy (Murid anu Capetang): "margi ayana zygote pak, nyaeta papanggihna antara sperma jeung sel telur!" Guru: "Salaaahhhhh!"

1 komentar:

  1. Ablo Abdul Wahid
    Pak Guru kulit abdi oge hideung panginten eta oge telat ngangkat , leres atanapi lepat.

    Egi Agus
    murid teh bararodo.....make saralah wae cing sina di asah tah mastaka teh kana batu asahan........

    Ibu Ade
    euheuheu.....,ieu mah pa guruna rada aneh.....

    BalasHapus

Daftar Isi

Jejak Prabu Siliwangi

 Jejak Langkah Sang Raja Agung: Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi bukan sekadar nama besar dalam sejarah tanah Sunda—beliau adalah simbol keja...