Kamis, 10 Juni 2010

Antara Cawokah Jeung Jorang

Dina dunia humor tulisan atawa lisan topik anu sering dipikaresep teh nyaeta topik anu ngeunaan patula-patalina sareng sex. Dina soal ngukapkeuna aya anu vulgar (diungkap keun sacerewelna) aya oge anu di silibkeun atawa dipindingan. Keur urang sunda bijil istilah cawokah atawa jorang.

Naon atuh ari harti cawokah atawa jorang teh "Cawokah" cek kamus LBSS mah hartina teh jorang, porno, resep nyebut kecap-kecap nu kudu dibalibirkeun jeung nyaritakeun sual nu matak ngahudang birahi. Jadi hartina cawokah teh teu beda jeung jorang, sedengkeun "jorang" cek kamus keneh nyaeta sok resep ngucapkeun kecap-kecap nu kotor bisana sok dibalibirkeun, upamana nyebut rarangan.

Ninggali kana harti eta antara Cawokah jeung jorang teu aya bedana, mung dina realitasna karasa pisan bedana. Cek Gibson di Sunda aya dua istilah aya jorang aya cawokah. Hartina beda. Jorang mah konotasina porno, matak muriang saawak-awak, ari cawokah matak seuri, cawokah konotasina guguyon. Cawokah teh bagian tina porno tapi ngagunakeun basa humor dina eusina, atawa humor nu ngagunakeun objek porno. Eta dua kamungkinan teh sarua kuatna.

Cek Gibson dina carita cawokah teu aya niatan ngungkab nu sifatna pornograpi, murni we heureuy. Sigana ieu teh aya kasang tukang atawa aya aspek kultural nu marengan, malah rada aheng lamun urang Sunda teu resepeun cawokah, lir sapopoe teu resep kana jengkol. Dina cawokah aya pola silib, aya pola sindir, teu satarabasna. Analisis Gibson, cawokah teh sacara psikologis mangrupa alternatif keur ngaleungitkeun pornograpi. Cawokah bisa ngurangan kecenderungan pornograpi. Malah bisa jadi nu cawokah teh anti kana pornograpi. Cawokah aya kelasna, nyaeta gumantung deuheus henteuna jeung nu diajak nyarita. Kukituna dina cawokah aya tatakrama, teu bisa sabeledugna, biasana nu silib atawa malibir, ngan dina malibir biasana imajinasi seksualna leuwih jero Sisi lain, bisa jadi cawokah teh ekspresi erotik, pedah alam lingkungan Tatar Sunda mangrupa pagunungan nu hawa tiis, keur ngahaneutan suasana brasna kana carita cawokah.

Jadi kasimpulanna ceuk pamanggih panulis "Cawokah dongeng porno anu make silib atawa malibir, sedengkeun jorang dongeng anu diungkapkeun satarabasna.


Sumber tulisan :Ngaguar cawokah, Laporan Mamat Sasmita, Rumah Baca Buku Sunda, Blogspot.com

Jumat, 04 Juni 2010

Kabogoh Seus Jackly

Hari ini 4 juni 2010 jam 16:25
Seratan ABAH AMIN

Hiji waktu, aya 4 lalaki nu baheulana batur sakelas, reunian di hiji tempat. Maranehna nyaritakeun hirupna ayeuna masing-masing. Hususna ngeunaan anak lalakina nu geus jarunun.

Lalaki 1: "Kumaha yeuh ayeuna, geus sabaraha hiji budak teh?"

Lalaki 2: "Anak mah geus 2. Nu kahiji lalaki ngaranna Uhe. Manehna pas lulus S2 gawe di perusahaan asing. Nu kadua mah awewe, karek lulus SMA, ayeuna rek nuluykeun kuliah. Tah, nu lalaki mah geus lumayan junun. Geus boga jabatan di kantorna ge. Ngan eta euy ku anehna, bapa make motor bekjul ge, si Jang Uhe mah teu boga pikiran hayang pangmeulikan kendaraan keur bapana. Na ari kabogohna mah, minggu kamari karek pangmeulikeun Mercy anyar."

Lalaki 1: "Beuh kitu nya? Ari anak uing mah lumayan loba aya opat. Nu cikal mah lalaki, si Asec, geus jadi pejabat. Nu 3 mah sarakola keneh. Ngan eta saru peditna euy si Asec mah. Bapa boga HP jadul ge, boro-boro hayang panggantikeun ku nu anyar. Na, ari ka kabogohna.... hayang HP nu harga 9 juta ge jug dipahogian."

Lalaki 3: "Sarua atuh. Kuring ge boga anak tilu. Dua awewe, hiji lalaki. ngaranna Sona. Jang Sona mah boga usaha sorangan. Boga Factory Outlet. Ngan eta, bapa hayang arloji Rolex ge meni teu didenge. Na, ari ka kabogohna kamari ulang taun ge, si Jang Sona mah ngado jam tangan ti Paris nu hargana 34 juta!!"

Lalaki 4: "Ari uing mah, boga anak lalaki hiji-hijina. Dibere ngaran gagah: Jack! Ngan eta ti budak keneh resepna teh ulin anjang-anjangan jeung budak awewe. Atuh geus gede teh ngadon jadi feminin. Nepi ayeuna geus gede boga usaha sorangan. Manehna muka salon dihareupeun imah. Malah, ngaranna oge ganti jadi Jacklyn. Tapi, aya ku bageur budak kuring mah. Teu keked mengkeneng ka bapana! Kabogohna ge loba. Balas ku bageur-bageurna, eta kabogoh-kabogohna nu kamari mahogi: Mercy, jam tangan ti Paris, nepi ka HP harga 9 juta... kabeh eta barang teh dibikeun ka uing.

SATENGAH JUTA

kiriman.Joni Kurnia Disastra

Aki kakara balik ti pasar... kasampak di imah pamajikanana jeung incuna(si odoy) geus ngadaragoan....
Nini. : " Ki dijual sabaraha embe teh ?"
Aki : " Panjang lalakona Ni"
Odoy : "Kumaha kitu Ki ?"
Aki : "Kurang pinter mah jual beli di pasar teh bisa katipu Doy"
Odoy : " Untunglah... Aki tea mantan jawara"..
Aki : " nya heueh atuh... coba weh pikir ku maneh... embe nu sakitu lintuhna ditawar Rp. 700.000,- .. memang aki teh bodo.... eta mah ku Aki di haok lah... "
Odoy : " di kumahakeun ku Aki?"
Aki : " Ku aki teh dicarekan tah jelema nu nawar teh... ceuk aki .. maneh teh ngarekeun bodo ka aing... yeuh tingali embe lintuh kieu di hargai cuma Rp . 700.000,- cing atuh tong nipu ka kolot teh euy... Doraka......!!! terus manehna teh naekeun harga jadi Rp. 800.000,-"
Odoy : "ditarima ku Aki ?"
Aki : "murah atuh doy sakitu mah.... ku aki.teh.. ditarik kerah bajuna..... terus aki nyentak ... pokona mah tong nawar deui siah... bayar iyeu embe SATENGAH JUTA mun teu daek kuaing di gaplok siah..!!!!"
Odoy : " murah atuh Ki... coba paksa SAPARAPAT JUTA kituh...!!!"
Aki :" Karunya doy... eta jelema teh mayar SATENGAH JUTA ge kuat ka ngeleuper.."
Nini : "pantes.... incuna bodo...da akina oge belegug"
Aki : " naha nini... aing di sebut belegug... gede mana Ratus jeung Juta ..???"
Nini : ????????
31 Mei jam 23:02

TEU NYERI

Catetan Kamal Setiadi
kacaritakeun keur upacara kamari, kabeh tentara di kesatuan wajib hadir dina upacara eta. Baris rapih, sigap!
Mimiti komandan ng-check kabeh anggota na nu keur baris. Katinggali aya anggota anu leungeunna teu daek cicing, teu asa-asa deui, habek diteunggeul make pentungan,
"nyeri henteu!"
"Henteu pak, tiap hari abi sok latihan angkat besi!"
Kuriling deui komandan mariksa anak buahna. Katinggali deui aya anu teu bener sigap suku-na, habek deui diteunggeul make pentungan karet.
"Nyeri henteu?"
"Henteu pak, tiap hari abdi sok latihan lari!" ceuk anggotana.

Kuriling deui ka lebah hareup komandana. Katempo pas jajaran hareup aya anu (punten) ngaceng bari dikaluarkeun tina calana bobogaan-na. Geus teu asa-asa deui sigana teh eta komandan. habek diteunggeul bobogaan anu keur ngaceng eta.
"Nyeri henteu!"
"Henteu pak!"
"Kuat pisan maneh, naha latihan naon sangkan kuat kitu!"
"ieu mah sanes nu abdi pak, anu anggota baris dipengker, panjangna dugi kadieu!"

Pas ditinggali teh bener we anggota nu di tukang geus pingsan.....
Rabu pukul 19:14 ·

Kamis, 03 Juni 2010

SIGA OROK

Siga Orok
Dina peuting munggaran, panganten anyar keur ngobrol saencan sapatemon. "Nyi tong kagetnya bobogaan akang mah siga orok""Sawios kang siga orok oge da nyai mah rido di pihukum ku akang" bari ngabayangkeun, emh...... sigana, leutik, pondok jeung can disunatan.
Pas deuk sapatemon panganten lalaki ngudulkeun calana...........ana breh teh enya we bobogaan si eta lalaki teh panjangna 50 cm beuratna 3kg.

@ ide carita (Sabulangbentor 4

MANG OJAK CURLING

EKOLNA MANG OJAK
Geus 3 tahun mang Ojak muka tambal ban, tempatna strategis pisan, euweuh saingan aya oge saingan jauhna 3 KM. Hiji waktu aya jelema nunungtun motor, dileret ban na kempes, alhamdulillah cenah boga rejeki. "kunaon den, Bocor?" "sumuhun mang matak ditungtun ge" "Urang parios,nya" "Sok atuh enggalkeun abdi... rusuh"
--------------------
Pas dikaluarkeun ban jerona "eleuh geuning rajet, kedah digentos, atuh ieu mah?" "Aya kitu ban weuteuh?"Ke...urang pilari" mang ojak kokotengtengan neangan ban weuteuh "Euleuh gening seep, aya oge ban tilas nembe 3 tambalan""Cik sabaraha ban urut?" "Upami anu weuteuhna 25 rebu, ieu tos aya 3 tambalan. wioslah janten 35 rebu, we" Tembalna kalem. Kulantaran perlu pisan nya tungtuna mah deal weh 35 rebu.

*ide carita tina Sabulangbentor 4 kaca 97
Lihat Selengkapnya
29 Mei jam 12:26

Lieurna urang Bandung

asa lalieur urang bandung mah, piraku di daerah cigereleng aya daerah
kembar hiji. Anu ngarana kembar mah apan leuwih ti hiji? Los ulin ka
sekretariat persib beh tukangna aya GURAME MOTOR. Nu kumaha atuh ari
gurame motor teh?
29 Mei jam 23:07

Pangheulana

Dihiji Pasantren mama Sepuh keur ngobrol jeung para santrina. "Yeuh mama mah, sok panghareupna wae dimana jumaahan, ku pajabat oge sarua sok dititah dihareup, lamun dina syukuran euwueh anu wani miheulaan" Bari bangga manehna teh.
Santri : "Dupi maot, Ma?"
Mama : " Tah Maot mah sok di pandeurikeun"
Santri : "Naha Ma?"
Mama... : "Ari Nunalkinan maneh engke maot kusaha , Lamun Mama ti heula"

POL-DA

Mang Ojak : euh pamajikan kang iwan mah hebat gawena ge di POLDA
Mang Otay : wah, maenya, gening tara make pakean dines
Mang Ojak : da pakean dinesna oge bisa make daster, samping anduk, hotpan, jeung sajabana
Mang Otay : POL-DA mana eta teh?
Mang OJAk : POL-DA, Polisi Dapur
Mang Otay : Gehel siah

UTI UTI

Mang Ojak : Kuring boga dongeng ngeunaan raja leuweung anu boga rusiah. Waktu singa nanyakeun rusiah eta raja leuweung nitah ngeletakan heula bujurna. Geus ngaletakan kakara dibere rusiahna. Jol Uti-uti, sarua nanyakeun rusiah, terus siga singa ngaletakan bujur, beres kitu dibere we rusiah.

Mang Oding : Ari Uti-uti teh... naon euy?
Mang Ojak : Hayang Nyaho?
Mang Oding : Heueuh cik bejaan kuring.
Mang Ojak : Sok atuh letakan heula bujur kuring, bari morosotkeun calana

Ide carita Sabulang bentor 4

Daftar Isi

Pohon bersarung

  Ini Alasan Kenapa Pepohonan di Bali Diikat Kain Hitam Putih Dipublikasikan oleh  admin  pada 25 Dec 2021 Saat berkunjung ke Pulau Bali kit...